Rabu, 21 April 2010

Urang Sunda teh saha?

KAMEKARAN MASARAKAT SUNDA
SALAKU SAWANGAN DESKRIPTIF
BUBUKA

                Lamun urang nyarita ngenaan masarakat Sunda, pasti pipikiran teh bakal nyawang kana hiji masarakat anu nyicingan hiji wewengkon di wilayah Priangan. Pamadegan kitu teh kacida pisan samporetna. Sabab nurutkeun pamanggih anu aya dina topografi The Hammond Word Atlas anu dipidangkeun ku Time (United States Of America) taun 1980 dina kaca 82 ditulis SUNDA ISLANDS ngagunakeun huruf kapital pikeun sesebutan sakabeh kapulaan nu aya di Nusantara. Hal kasebut teh luyu jeung peta anu dijieun ku Portugis jeung Belanda anu ngabagi wewengkon Nusantara jadi dua gugusan kapulauan, nya eta Kapulauan Sunda Besar jeung Kapulauan Sunda Kecil.
            Nurutkeun pamanggih di luhur, wewengkon Sunda teh kacida pisan legana. Hal kasebut teh aya patalina jeung pangaruh sarta kamekaran hubungan karajaan Sunda jaman baheula.
            Nurutkeun carita sil-silah karajaan Sunda dina naskah kuno carita Wangsakerta, bisa dipaluruh yen wewengkon Sunda teh lamun ayeuna di petakeun di antarana ngawengku wilayah: 1). dataran Banten wewengkon selat Sunda jeung Sumatra Selatan, 2). Dataran Jakarta ngawengku wewengkon Serang, Rangkasbitung, Sunda Kelapa, nepi ka Cirebon (kerajaan Indraprahasta), 3). Dataran Bogor ngawengku wewengkon Jasinga, nepi ka alur walungan Cipamali, Bumi Ayu, di Jawa Tengah sarta wewengkon Pagunungan Sangga Buana, Bukit Tunggul, Tampomas, jeung Ciremay, 4). Dataran Bandung ngawengku wewengkon alur Palabuhan Ratu, ngaliwatan sempalan Cimandiri, Bandung, Garut, nepi ka Sagara Anakan, 5). Dataran Pegunungan Pakidulan ngawengku wewengkon alur Palabuhan Ratu nepi ka Nusa Kambangan.

              Dumasar kana pedaran di luhur, aya sababaraha patalekan anu kudu diebrehkeun, di antarana: 1). Saha ari Urang Sunda teh ? jeung 2). Kumaha system sosial jeung adat Sunda teh ?
               Ku Kituna dina pedaran saterusna baris diebrehkeun (a) Asal muasal urang Sunda, (b) kamaekaran basa Sunda, (c) Sistem sosial jeung adat Istiadat Sunda.

NYUKCRUK GALUR MAPAY LARATAN KI SUNDA
 A. Asal Muasal Kecap Sunda
            Kecap Sunda teh asalna tina basa Hindu (G.P. Roffaer: Encyclopaedie van Ned-Indie). Nurutkeun pamadegan ti para ahli, kecap Sunda the ngabogaan harti, di antarana wae:
1. A Sangkrit – English Dictionary (Monier Williams)
      Sund Hartina moncorong, caang
2. Sangkrit in Indonesia (Gonda, 1952: Nagpur)
     Sunda asalna tina kecap cuddha anu hartina bodas, nya eta rupa gunung Sunda anu katingali ti kajauhan rupana bodas kalimpudan ku lebu bituna gunung.
3. A Dictionary of the Sunda Language of Java ( Jonathan Rigg)
    a. Sunda -----sa – unda < …. Satunda = tina sa (saha)=ngabogaan (having the property of)
        Sunda = panundaan ( a place of defosit) gudang (an entrepot)
    b. Sunda hartina alus,punjul, senang, nyenangkeun, sugema, panuju.
    c. Sunda asalna tina kecap sundara (sangsekerta) hartina kasep, geulis, tegep, alus, punjul.

II. ASPEK SOSIAL MASARAKAT SUNDA
                Dumasar kana pedaran di luhur, neangan identitas atawa jati diri Ki Sunda teh kacida pisan hesena. Esensi jeung eksistensi jati diri Ki Sunda, kacida pisan pentingna lamun ditalungtik, diteleman atawa diulik deui. Saha jeung kumaha ari Ki Sunda teh ?
              Dina pedaran di luhur, geus disabit-sabit jati diri Ki Sunda teh sok sanajan ngan ukur sakolebatan. Pikeun naratas jalan dina nyieun kacindekan ngeunaan Jiwa Ki Sunda, urang sawang wae dumasar kana aspek sosio-linguistik masarakat Sunda. Hal ieu teh nyoko kana teori relativitas basa nurutkeun KW Von Humboldt, nyebutkeun yen “basa teh pernyataan luar tina jiwa rakyat”. Kukituna bisa dijadikeun tatapakan yen basa Sunda teh lir ibarat kalangkang atawa ethosna Ki Sunda. Patalekan Saha jeung kumaha kaayaan masarakat Sunda teh urang sawang wae tina jihad basa,katut tatakramana.
 (cag,...urang tunda di hanjuang siang,  urang teundeun di handeuleum sieum... cag,.. urang daranan heula, urang pedar deui mangsa nu baris datang)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar