Rabu, 21 April 2010

Kalangkang Kahirupan


PUISI  PATURAY TINEUNG

Nitis tulis nu mustari ninggang mangsa nu utama,
Sapu nyere pegat simpay, paturay patepang deui,
            Anaking jimat awaking …
            Geura tancebkeun umbul-umbul nawaetu !
            Geura naratas jalan atikan nu rahayu,
            Lir,  katumbiri kuwung-kuwungan.
Anaking jimat awaking… !
Bral … geura miang makalangan !
Sing jadi patandang nu sajati.
Geura seuseup wawangi asih ti Bapa jeung ibu guru.
            Tilu taun mangsa hidep narima kaheman !
            Wawangi atikan ti ibu jeung bapa guru
            Deudeuh anaking … sing jadi papagon kahirupan!
Anaking jimat awaking …!
Bral … geura miang !
Geura beberkeun  layar kaheman.
            Bral … anaking geura ngapung ngawang-ngawang …!
            Bral … anaking geura miang !
            Tancebkeun umbul-umbul nawaetu nu saestu,
            Urang pungkas kalangkang jeung sawangan nu bihari.
            Urang papag mangsa nu baris datang ku salaksa kembang kaheman.
Bral,… anaking geura miang !
Kebo mulih pakandangan.
Sapu nyere pegat simpay,
Paturay patepang deui. 
(tina kakaren paturay tineung siswa kls 3 SMP 2 Ciampea taun 2001, mangsa guru keur paceklik.....ka sono keur  Pa Umri nu ngaku ti baduy)

Ambek  Nyedek Tanaga Midek

Hampura,...anaking,
wayahna poe ieu hawu ema moal ngebul deui,
bongan bapa,...ayeuna mulang kaimah teu beubeunangan,...
ngan saukur mawa kakeuheul jeung rebo ku amarah.
hampura anaking,... nu dikeupeul ku bapa ayeuna ngan ukur cai mata,
ngan sakeclak-keclakna da beak ku harepan nu teu laksana,
                 anaking,...sigana beuteung lapar teh bakal salilana,
                 sabab tanaga bapa ngan saukur dibayar ku carita,
wayahna anaking, poe ieu jeung satuluyna hidep puasa,
kesang jeung tanaga bapa geus jadi papingblok, sarta bangunan sakola,
rasa lapar hidep geus ngajadi ubin nu diamparan ku karpet beureum,.... 
hampura anaking,....
(tina kakaren gempungan guru jeung para gegeden Diknas Kab. bogor di SMP 2 ciampea, mangsa meunang panandasa....kanggo kang ade, kang umri, kang marya, anu sieun balik dipegat jurig )

Tidak ada komentar:

Posting Komentar