Senin, 16 Agustus 2021

Teori Drama

 DRAMA

1.     Definisi: kahirupan anu dipintonkeun ngaliwatan gerak di luhureun panggung.

2.     Unsur-unsur  anatomi drama

a.     Prolog, nya eta: panganteur jalanna carita

b.     Babak/efisode, nya eta: bagian tina drama anu eusina ngandung hiji puseur kajadian

c.      Adegan: bagian tina babak nu ditandaan ku asup jeung kaluarna tokoh carita.

d.     Efilog: panutup jalanna carita

e.     Dialog: obrolan nu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih

f.       Monolog: paguneman diri (ngomong sorangan)

-         Solilukui: monolog anu ditujukeun ka dirina sorangan

-         Aside: monolog anu ditujukeun ka penonton

g.     Setting: tempat jeung waktu kajadian

h.     Karakter:

a.     Protagonis: pasifatan tokoh paluku nu dipikaresep ku nu lalajo

b.     Antagonis: pasifatan tokoh carita anu teu dipikaresep ku nu lalajo

c.      Tritagonis: pasipatan tokoh carita nu jadi panyaimbang tokoh antagonis jeung protagonis

i.        Dekorasi : tata panggung

j.       Tata suara: sora musik atawa karawitan nu digunakeun pikeun mirig carita

          k.   Tata busana : pakean nu dipake ku tokoh carita.