Jumat, 10 September 2021

Tiori Novel

 NOVEL

Definisi: mangrupa wangun karya sastra prosa imajinatif anu disusun ku sababaraha efisode/bagian

·         Hasil karya sastra novel anu di hasilkeun mangrupa hasil tina olah pikiran mangrupa pangalaman            batin ti pangarangna,

Imajinatif maksudna: - mangrupa pangalaman batin,

Mangrupa wangun fiksi

 Efisode maksudna:      - eusi caritana diwangun ku sababaraha efisode

                                    - eusi caritana  nyaritakeun sababaraha puseur paniten

 Unsur-unsur Novel

1. Tema : poko pikiran utama

2. plot : Runtuyan jalana carita

            a. plot maju/ merele: runtuyan carita anu dimimitian ti awal nepikeun ka tungtung.

b. plot kilas balik: runtuyan carita nu dimimitian ti tungtung terus ka awal nepikeun ka rengse.

c. plot jalan tengah/ mobok tengah: plot anu dimimitian carita di tengah, terus ka awal nepikeun ka tungtung

3. seeting : waktu jeung tempat lumangsungna hiji kajadian

4. Karakter: pasifatan tokoh carita

            a. karakter protagonis nya eta pasifatan tokoh carita anu dipikaresep ku nu maca.

b. karakter antagonis, nya eta karakter anu diciptakeun ku pangarang supaya teu dipikaresep ku anu maca

            c. karakter tritagonis,  nya eta karakter penyeimbang biasana tokoh piguran.

5. point of viewe: teknik pangarang dina medar jalanna carita

            a. pangarang salaku jalma ka hiji/tokoh utama

            b. pangarang salaku jalma ka tilu/penyeimbang

            c. pangarang salaku pencerita/dalang

6.  jenis-jenis novel

a. Novel liris

b. Novel komedi

c.  Novel tragedi

d.  Novel tragedi jeung komedi

7.  Karya sastra Novel Jeung Pangarangna

a.  Baruang Kanu Ngarora, karya DK Ardiwinata

b.  Mantri Jero,  Munjung,  Ngawadalkeun Nyawa,  Burak Siluman,  Pusaka Ratu Teluh, Karya  Moh. Ambri

c.  Carios Eulis Acih,  Carios Agan Permas, Mugiri,  karya Joehana

d.  Laleur Bodas, Karya Samsu (sambas jeung  Susangka)

e.  Nu Kaul Lagu Kaleon, Pipisahan, Bentang Lapang, Karya RAF ( Rahmatulloh Ading Affandi)


Senin, 16 Agustus 2021

Teori Drama

 DRAMA

1.     Definisi: kahirupan anu dipintonkeun ngaliwatan gerak di luhureun panggung.

2.     Unsur-unsur  anatomi drama

a.     Prolog, nya eta: panganteur jalanna carita

b.     Babak/efisode, nya eta: bagian tina drama anu eusina ngandung hiji puseur kajadian

c.      Adegan: bagian tina babak nu ditandaan ku asup jeung kaluarna tokoh carita.

d.     Efilog: panutup jalanna carita

e.     Dialog: obrolan nu dilakukeun ku dua urang atawa leuwih

f.       Monolog: paguneman diri (ngomong sorangan)

-         Solilukui: monolog anu ditujukeun ka dirina sorangan

-         Aside: monolog anu ditujukeun ka penonton

g.     Setting: tempat jeung waktu kajadian

h.     Karakter:

a.     Protagonis: pasifatan tokoh paluku nu dipikaresep ku nu lalajo

b.     Antagonis: pasifatan tokoh carita anu teu dipikaresep ku nu lalajo

c.      Tritagonis: pasipatan tokoh carita nu jadi panyaimbang tokoh antagonis jeung protagonis

i.        Dekorasi : tata panggung

j.       Tata suara: sora musik atawa karawitan nu digunakeun pikeun mirig carita

          k.   Tata busana : pakean nu dipake ku tokoh carita.

Kamis, 22 Juli 2021

CONTO BIANTARA

 TEKS  BIANTARA BASA SUNDA

 

 

            Assalamu’alaikum  Wr. Wb.

 

            Langkung ti payun   ngahaturkeun nuhun ka Panata Acara anu parantos masihan lolongkrang ka simkuring kanggo biantara dina ieu pasanggiri.

           

Kapihatur, Ka Kwarcab Kab. Bogor, salaku Pangjejer Pramuka  anu  Ku Simkuring dipihormat, 

           

Kapihatur, Pupuhu Panitia LT III Kab. Bogor miwah rengrenganana anu Ku Simkuring dipihormat,

 

Kapihatur, Rengrengan Kaka Pembina anu Ku Simkuring dipihormat,

 

           

            Waktos nampi bewara yen Kwarcab Kab. Bogor bade ngayakeun biantara dina        LT III, Simkuring ngaraos pisan reueus, wirehna para inohong Pramuka anu aya di Bogor henteu aya kasuda dina  ngamumule titinggal karuhun Sunda. Apan Bogor teh tos kawentar mangrupa wewengkon karajaan Pajajaran, anu masarakatna danget harita mangrupa masarakat anu pinunjul.

            Nyoko kana tema anu didugikeun ku rengrengan Calagara, Simkuring bade nyobian medar ngenaan Pramuka jeung lingkungan hidup atawa numutkeun basa Sunda mah lingkungan pakumbuhan.

            Para Pamilon Pasanggiri Basa Sunda, anu ku Simkuring dipihormat,

Milarian identitas atawa jati diri Pramuka nu aya di Bogor teh kacida pisan sesahna. Esensi jeung eksistensi jati diri Pramuka, kacida pisan pentingna lamun ditalungtik, diteuleuman atawa diulik deui. Saha jeung kumaha ari Pramuka dina ngokolakeun lingkungan hirupna teh ?

            Geura urang sasarengan naratas jeung nyawang mangsa katukang, urang nyukcruk galur mapay raratan Pramuka.

            Gerakan pramuka salaku wadah organisasi kacida pisan pentingna pikeun ngabeungkeut jeung ngaronjatkeun kreativitas para nonoman, boh putra atanapi putrina. Lian ti eta, gerakan pramuka teh ti kapungkur keneh tos jadi jejer dina ngarawat katut ngariksa kaayaan alam Indonesia, utamana nu aya di wewengkon Bogor. Tos teu bireuk deui anggota pramuka mah  sok ngiring ancrub dina ngamumule lingkungan, boh nu mangrupa melakan leuweung anu ruksak atawa ngilu ancrub dina ngaberesihan lingkungan sosial masarakat anu kurang merenah.

            Pikeun tetep nanjeurkeun eksistensi pramuka dina ngariksa jeung ngamumule lingkungan hirup anu hade, di antarana:

1.      Kudu jadi Pramuka Sajati,.Para Pangaping Pramuka kedah ngabina jeung ngatik murangkalih dina kahirupan di sakola. Lamun tiasa mah gerakan pramuka teh kudu janten ekstrakurikuler nu utama.

2.      Pikeun ngahontal karaharjaan bangsa, Para nonoman Pramuka kudu parigel  boh ku elmu pangaweruh, boh  ku kabinangkitan sejenna.. Tos waktuna urang salaku anggota pramuka mangsa kiwari ngilu ancrub kana widang pangwangunan bangsa.

3.      Nu kacida pisan pentingna dipibanda ku para anggota salaku kader Pramuka, pikeun ngahontal karaharjaan Bangsa, yen pramuka teh kudu  mibanda jati diri, nya eta kudu cageur, bageur,bener, pinter,  singer, wanter, teger, tur cangker.  sarta kudu diwuwuhan ku hade gogog hade tagog. Anu hartina anggota pramuka teh kudu mibanda basa jeung laku lampah anu hade.

            Dumasar kana wincikan tadi, tos tetela yen pramuka teh mibanda kalungguhan anu kacida pisan pentingna dina ngamumule lingkungan pakumbuhan sarta ngawujudkan kapribadian bangsa.

Mung sakieu wae biantara ti Simkuring, neda hapunten bilih seueur kalepatan. Hapunten bilih langkung saur,bahe carek, dina nyusun basa anu didugikeun kirang entep seureuhna.

Cag!

Urang teundeun di handeuleum sieum,

Urang tunda di hanjuan siang,

Paranti nyokot ninggalkeun.

 

Wabillahi taufiq wallhidayah,  Wassalamu’alaikum  Wr. Wb.

 

 

                                                                                    Priyatna Windya Giri

                                                                                    Pangkalan SMP N 1 Dramaga

BIANTARA (PIDATO)

 

BIANTARA

1.  Definisi :  kedalan pikeun nepikeun informasi jeung tujuan anu tangtu ka jalma loba.

2. Struktur/sistematika biantara

            a.  Bubuka biantara

            b.  eusi biantara

            c.  Panutup biantara

3.  Rupa – rupa Biantara

a.  Biantara Kanagaraan

b.  biantara pangbagea poe nu tinangtu

c.  biantara dina hiji acara

d. biantara  ngaronjatkeun sumanget.

4.  Tujuan Biantara

            a.  Mangaruhan batur sangkan daek nuturkeun kahayang nu biantara

            b.  Nepikeun informasi ka balarea

            c.  Mere beja ka balarea pikeun mere sumanget jeung ngagumbirakeun

5.  Jenis – jenis Biantara

a. Biantara Bubuka, nya eta biantara anu cindek dilakukeun ku MC atawa pembawa acara

b. Biantara Pangarahan, nya eta biantara anu eusina mere luang dina hiji pasamoan

c.  Biantara pangbagea, nya eta biantara  anu ditepikeun dina acara kagiatan mapag hiji acara.

d.  Biantara Peresmian, nya eta biantara anu dilakukeun ku hiji tokoh dina hiji acara anu tangtu.

e.  Biantara Laporan, nya eta biantara nu ditepikeun ku hiji panitian dina hiji kagiatan

f.  Biantara pertanggungjawaban, nya eta biantara pikeun nepikeun hiji pertanggungjawaban resmi.

6. Teknik/Padika Biantara

a.  Teknik ngapalkeun biantara jadi pidato hapalan

b.  Teknik biantara saujratna/langsung, nya eta teknik biantara  anu saujratna dumasar kana pangalaman jeung wawasan nu biantara

c.  Biantara Naskah, nya eta biantara ku cara maca naskah nu tos disiapkeun dina acara resmi

7. Hal – hal anu kudu dititenan dina Biantara

a.  Sora/vokal kudu bentes tur jelas

b.  Lentong jeung wirahmana kudu merenah

c.  kudu merhatikeun adat sunda

d.  kudu mibanda pangaweruh anu jembar

e.  kudu bisa ngareka basa ngareka basa nu hade, tur laku lampah anu merenah

f.  kudu mibanda laku humoris dina acara biantara anu tinangtu.

Sabtu, 27 Februari 2021

Struktur fonem basa Sunda

  STUKTUR

 

1.1.    Fonologi

Fonologi nya éta widang elmu  basa anu nalungtik ngenaan fonem. Sacara gurat badag fonologi ngawengku dua widang garapan, nya éta fonetik jeung fonemik.

Fonetik nya éta widang elmu  basa anu nalungtik ngenaan sora-sora basa anu aya dina ucapan (parole). Sedengkeun  ari fonemik nya éta widang fonologi anu nalungtik ngeunaan fonem-fonem.

Fonem nya éta sora basa anu pangleutikna nu ngabedakeun harti. Fonem dina basa Sunda aya dua rupa, nya éta fonem vokal jeung fonem konsonan.

 

 1.1.1. Fonem vokal

            Dina basa Sunda vokal téh aya tujuh, nya éta;  a,  e,  u, o, i,  e’,  jeung  eu . Dina ngawangun kecap vokal téh bisa nempatan posisi di awal, di tengan jeung di tungtung, iwal ti vokal   “ e “ anu ngan bisa nempatan posisi di awal jeung di tengah wungkul.

            Geura urang titenan contona !

 

Vokal

awal

tengah

tungtung

Katerangan

A

anduk

palay

Nangka

 

I

imah

pindah

Konci

 

U

uncal

kusir

Palu

 

e'

elmu

semah

Sare

 

O

oray

loba

Kilo

 

E

engkol

bengal

-

Teu bisa ditungtung

Eu

eusi

beunghar

Henteu

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

1.1.2.      Vokal  ngantet

Vokal ngantet nya éta vokal anu ngantet henteu kaselang kukonsonan. Vokal ngantet  aya dua rupa, nya éta vokal ngantet anu sarua, umpamana : aa, ii,  uu, oo, jeung vokal ngantet anu teu sarua, umpamana: au, ai, au, ea, jeung sajabana.

 

Geura urang titenan contona ieu di handap !

 

Vokal ngantet nu sarua

Conto              kecap\ morfem

Vokal ngantet  nu teu sarua

Conto               kecap \ morfem

Ii

Tiis

Ia

Miang

Ee

hees, tees

Ie

Rieg

Aa

Caang

Iu

Hiu

Uu

Buuk

Io

Lio

Oo

Toong

Ieu

Rieut

 

1.1.3.  Fonem Konsonan

Fonem konsonan basa Sunda ngawengku fonem: h, n, c, r, k, d, t, s, w, l, p, j, y, ny, m, g, b, ng.  Conto pamakean fonem konsonan dina kecap, di antarana bisa di titenan di handap ieu !

Konsonan

Awal

tengah

tungtung

Katerangan

H

Harga

tahu

Murah

 

N

Narik

bantal

Lawon

 

C

cangkir

gancang

-

Teu aya konsonan tungtung

R

Rieut

sirah

Lieur

 

K

kompor

saksi

Merak

 

D

daging

kuda

Kurud

 

T

tangkal

kentang

Petot

 

S

saderek

usup

Mamas

 

J

Jimat

gajih

-

 

Ny

Nyaba

nyair

-

 

M

munding

domaba

Ngosom

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

1.2.  Pola Engang

Pola engan nya éta kombinasai antara vokal jeung konsonan dina ngawangun engang. Jumlah engang (suku kata) dina unggal kecap téh henteu sarua, aya nu ngan saengang, dua engang, tilu engang, aya anu leuwih.  Geura urang titenan conto ieu di handap !

            Kah, tah, tuh, sok,                    :  saengang  ( teu bisa dirucat)

            da-har, nang-ka, sam-peu         :  dua engang

            ma-neh-na, in-dit-na                 :   tilu engang

            ka-ca-ma-ta, bo-bo-go-han       :   opat engang, jeung sajabana.

 

1.2.1.  Wangun fonem engang basa Sunda asli

            wangun fonem engang dina basa Sunda aya anu manrope sampakan (asli), jeung aya nu mangrupa  serepan tina basa asing, atawa disebut basa kosta. Wangun engang basa Sunda asli di antarana:

            1.  V                          :  a-ya,  i-eu, u-lin, eu-weuh, jsb

            2.  VK                       :  an-cin, in-dung, ang-kat, jsb

            3.  KV                       :  te-ko, re-a, ba-pa, ku-ya,

            4.  KVK                    :  ka-sur, ban-jar, un-cal,

            5.  KKV                    :  ti-bra, pra-ja, pra-muka

            6.  KKVK                 :  ra-cleng,  ra-jleng,- tu-bruk, jsb.                    

 

1.1.3.      Wangun fonem engang basa Sunda tina basa asing

Conto kecap anu mibanda pola engang tina basa asing, ngawengku:

            1. VKK                     :  eks-trim, eks-por,

            2.  KKKV                 :  stra-te-gi,

            3.  KKKVK              :  struk-tur,

            4.  KKVKK              :  trans-por-ta-si, kom-pleks