Sabtu, 24 April 2010

Materi Pangajaran Konsep Kabahasaan Basa Sunda


TATA MAKNA

 

Pengertian

Tata makna manrupa widang elmu basa anu maluruh   ngenaan harti kecap jeung parobahan harti kecap.  Harti kecap ngawengku;  (1) harti  leksikal,  (2) harti gramatikal, (3) harti denotatif, (4) harti konotatif, (5) harti sinonim, (6) harti antonim, (7) harti homonim, (8) harti hiponim, (9) harti poli semi.
Sedengkeun  parobahan hati kecap  ngawengku; (a) harti nu ngalegaan (generalisasi, (b) harti nu ngaheureutan (sfesipikasi), (c) harti nu ngaluhuran (ameliorasi), (d) harti  nu ngahandapan (peyorasi),  (e) harti nu matukeurkeun (sinestesia), jeung  (f) harti kecap an ngumpamakeun (asosiasi).
2.1. Harti Kecap
2.1.1.      Harti  Leksikal
Harti leksikal nya éta harti kecap an sarua jeung harti an aya dina kamus. Harti leksikal bisa oge disebut harti kecap an can make rarangken (imbuhan).  Conto:
            -hujan     =  cai an turun ti langit  (harti kamus)
-payung  = alat pikeun nahan panas panon poe atawa cai hujan
            -buku      = alat pikeun nulis atawa maca an dibendel
            conto kalimah:
a.       Mang Somad keur nandean cai hujan.
b.      Mang Udin keur ngomean payung.           
2.1.2.  Harti  Gramatikal
Harti gramatikal nya éta harti kecap an geus make rarangken.  Conto:
- kahujanan    =  hatina kakeunaan ku cai hujan
- papayung    =   pejabat atawa an nyekel jabatan
- payungan     =  make payung
Conto kalimah:
a.       Si Ibro keur ngiuhan dina tangkal waru, kusabab sieun kahujanan.
b.      Pa Ewon tos jadi papayung di kecamatan .
2.1.3.   Harti Denotatif
Harti denotataif nya éta harti kecap anu sabenerna. Conto:
-  meja               - korsi             -  baju
-  dahar              - hujan             - leungeun
2.1.4.   Harti  Konotatif
Harti konotatif  nya éta harti kecap injeuman (kias), atawa harti an teu sabenerna.
Conto:  - hujan cimata           - panjang leungeun             - meja hejo     
Conto  kalimah:
a.       Neng  Sinta hujan cimata basal indungna tilar dunya.
b.      Si Bogel mmah budakna panjang leungeun
c.        Koruptor teh  diadili dina meja hejo.
2.1.5.        Harti Sinonim
Harti sinonim, nya éta kecap anu ngabogaan harti sarua jeung kecap sejen.
Conto:           - baju = acuk                   - gede = badag                - beunghar = jegud
Conto dina paguneman:
            Aki       :  “Nini, ari ieu  baju  saha  mani alus kieu ?"
            Nini      :  “Oh… éta mah acuk  pa Lurah !"
            Aki       :  “beda  nya Nini, ari raksukan anu beunghar mah  mani sae kieu !"
2.1.6.   Harti antonim
Harti antonim  nya éta kecap anu hartina lalawanan jeung kecap sejen. Conto :
            -  jangkung  x   pendek -  pinter   x  bodo         -  hade  x  goreng
            conto  kalimah:      
a.       Lanceukna mah pinter, ari adina mah bodo.
b.      Pa Ubed mah jalma beunghar, ari Si Ibro mah jalma sangsara.
2.1.7.  Harti  homonim
Harti homonim, nya éta kecap anu tulisan jeung sora basana  (bunyi) sarua, tapi hartina teu sarua. Harti homonim dibagi dua, nya éta harti homograf jeung harti homofon.
2.1.7.1.  Harti  homograf
            Harti homograf, nya éta kecap anu tulisanana sarua, tapi hartina beda. Conto:
            - kaca   =  kaca                   - koneng   =  koneng            - buku  =buku
            kaca   = hartina lembaran tina buku (halaman)
            kaca    = hartina  barang anu pecah belah
            Conto kalimah:   a.  Pa Lurah nuju maca buku kaca 13
.                                       b. Sinta keur ngelapan kaca jandela .
            koneng    = anu hartina warna
            koneng   = anu hartina mangrupa 
            Conto  kalimah:    a.  Budak téh make baju koneng.
                                          b.  Bi Ijah keur ngarendos koneng dina coet.                      
2.1.7.2.  Harti homofon
            Harti homofon nya éta kecap anu sora basana sarua tapi hartina beda. Conto:
            - bang   x   bank               - rok   x   rock          - sangsi   x   sanksi
            Conto  kalimah:       a.  Bang Mandra pamaen sinetron.
                                             b. Juragan  Badrun angkat ka bank BNI
2.1.8.    Harti hifonim
            Harti hiponim, nya éta kecap anu  ngabogaan harti umum jeung harti husus.
a.       Harti umum,  nya éta harti kecap anu ngawengku harti sejen
b.      Hart husus, nya éta harti kecap anu kawengku ku harti umum, atawa bagian 
tina  harti umum.
                                                                              
  No.
                  Harti  umum
Harti   husus               

   1.     
  Sayuran                                                   
  Tomat, kentang, kangkung,
   2.     
   Lauk
   Gurame, lele, bandeng, nila,
   3.  
   Bangunan
    Saung, gedong, hotel, villa,
 4.        
   Kembang                                             
  Melati, ros, mawar, sedap malam
Conto kalimah:   1).  a.  Mang Somad  keur mawa sayuran ka pasar. (harti umum)
                                  b. Ceu Sari keur metikan kangkung di dapur. (harti husus)
                           2).   a.  Jakarta loba bangunan anu jujul ka langit. (harti umum)
                                   b. “ Mangga atuh linggih heula kasaung butut pa!”(harti husus)    
2.1.9.   Harti polisemi
            Harti polisemi, nya éta  harti kecap anu leuwih ti hiji, atawa harti kecap anu ngaragum harti kecap sejen.  Conto:
            Awewe   = - istri               
                               - parawan
                               - bikang            
Conto kalimah:   a. Istri  Pa Lurah nuju rapat di bale desa.
                            b. Hayam  bikang  Mang  Usup geus ngendog.

Evaluasi

Jawab  patalekan ieu di handap !
1.  Aki       = “ Kunaon nini nyekelan wae beuteung?”
     Nini      = “ Ieu, padaharan nini nyeri!”
     Dumasar kana paguneman diluhur, kecap anu ngabogaan harti leksikal nya éta:
      a. nyekelan        b. padaharan              c. kunaon              d. beuteung
2.  Kecap dina paguneman di luhur anu ngabogaan harti gramatikal, nya éta:
a. padaharan,         b. nini,           c. aki,          d. beuteung.
               ”Barang anjog ka Taman Topi, Si Ibro ngahuleng  bari luak lieuk susuganan aya anu wawuh. Manehna bingung teu nyaho jalan pibalikeun. Ari budak anu kurung batok mah karek sakalieun ulin ka kota oge bet ngarasa katalimeng…”
3.   Kecap anu ngabogaan harti konotatif  dina ungkara di luhur, nya éta:
      a. barang anjog , taman topi                  b. jalan pibalikeun, kurung batok
      c. katalimeng, ngahuleng                       d. taman topi, kurung batok
4.   “Prasasti Ciaruteun mangrupa  titinggal raja Purnawarman.”
Kecap Prasasti Ciaruteun  ngabogaan harti :
a. konotatif,        b. homonim,        c. denotatif,           d. polisemi.
5. “Budak téh jongjon wae tuang , teu ningalieun sangu anu dihuapkeunana maruragan  dilodokan ku entog.”
      Kecap  dilodokan, dina kalimah di luhur, ngabogaan harti sinonim nya éta:
      a. tuang,          b. neda,                c. dahar,            d. nyatu.
6.  “Si Juned mah kawentar jalma malarat.” Kecap  antonim tina kecap malarat nya eta :
      a. sangsara,       b. beunghar,        c.  miskin,          d.  teu  boga
7.   Pilih kalimah ieu di handap anu ngabogan harti homofon !
  1. Bang Kasman bandar hayam.
  2. Bi Sumi keur  ngarendos koneng ,  pikeun nyangu koneng.
  3. Kuring  mah sangsi  budak anu bolos dibere sanksi ku kapala sakola.
  4. Bang Miun keur ngelapan kaca.
   “  (1) Mangga wae  gera tuang heula Pa !  (2) Abdi mah parantos neda. (3) Upami teu kaabotan  abdi mah bade neda   piduana ti Bapa!  (4) Ah, bapa mah moal dahar, keur teu ngarareunah padaharan…”
8.   Ungkara di luhur, anu kecapna ngabogaan harti homograf, nya éta
  a.  kalimah ka-1 jeung ka-2              b. kalimah ka-2 jeung ka –3
  c. kalimah ka –3 jeung ka-4             d. kalimah a-4 jeungka-1                                                         
9.    Pilih kecap ieu di handap anu mangrupa  kecap umum !
        a. melati,        b. ros,         c. lele,         d.  tatangkalan. 
10. Isuk-isuk keneh jalma-jalma geus minuhan  sisi Situ Gede, aya anu mawa ayakan,
       sirib, heurap, kecrik  jeung alat sejena anu bisa pake ngala lauk. Beunteur, sepat,  
       bogo, lele jeung sajabana.  Kecap husus dina ungkara kasebut, nya éta:
       a. lauk,     b. Situ Gede,  c.  mawa,     d. heurap.

2.2.   Parobahan Harti Kecap

2.2.1.   Harti kecap anu Ngalegaan (generalisassi)
            Harti kecap anu ngalegaan nya éta harti kecap anu dipake kiwari ambahanana leuwih lega tibatan harti kecap anu dipake ayeuna.  Conto :
             -  bapa    = kecap bapa  bareto mah dipake pikeun sesebutan anak ka kolot     lalakina  ayeuna mah dipake pikan kasakumna jalma anu dipikahormat. Misalna , bapa lurah, bapa presiden, bapa RT, jsb.
            -   ibu         = kecap ibu bareto mah dipake pikeun sesebutan  ti hiji anak ka indungna, tapi ayeuna dipake sesebutan pikeun unggal jalma awewe anu dipika hormat. Misalna; ibu RT, ibu guru, ibu PKK, ibu lurah, jsb.     
           -   saderek  = kecap saderek baheula mah dipake pikeun sesebutan kanu jadi dulur, ayeuna dipake sesebutan pikeun kasakabeh jalma anu dipihormat. Misalna  saderek RT,
conto kecap sejena  nu hartina ngalegaan nya éta; teteh,aa,  jsb.
Conto kalimah: 1) a. Bapa Si Ewon bandar hayam. (harti heubeul)
                              b. “Ari bapa lurah aya?” ceuk pa RT   (harti nu ngalegaan)
                          2) a. Pun Biang mah saderekna urang Bandung. (harti heubeul)
                              b. “Saderek téh bade kasaha?  (harti generalisasi)
  2.2.2.   Harti Kecap anu Ngaheureutan (spesifikasi)
            Harti kecap anu ngaheureutan nyak éta harti kecap anu dipake ayeuna leuwih heureut ambahanana tibatan harti kecap anu dipakae baheula. Conto :
-  sarjana      =  kecap sarjana baheula mah dipake sesbutan pikeun sakabeh jalma anu pinter/ ngabogaan kaahlian leuwih ti jalma sejen disebut sarjana, tapi ayeuna mah kecap sarjana téh ngan dipake sesebutan pikeun ka jalma anu lulus ti perguruan tinggi. Misalna  sarjana ekonomi, sarjana pertanian, jsb.
-  guru            =  kecap guru baheula mah dipake pikeun sakabeh jalma anu ngajarkeun  elm  ka anu sejen, disebut guru. Kecap guru ayeuna mah ngan dipake pikeun jalma anu ngajar di sakola wungkul. Misalna guru basa Sunda, guru matematika, guru SD, guru olah raga, jsb.  
Conto kecap anu ngaheureutan sejenna di antarana; kitab, siswa, murid, ulama, santri, ustad, pesantren, madrasah, kiai, gelas,  jsb.
Conto kalimah:  1) a. Si Joni Uhe sarjana ekonomi lulusan
                               b. Pa Maman guru basa Indonesia.
2.2.3.   Harti Kecap anu  Ngaluhuran (ameliorasi)
Harti kecap anu ngaluhuran nya éta harti kecap anu dipake ayeuna ajenna (nilai rasana) leuwih luhur tibatan harti kecap anu dipake baheula. Conto :
- tenteu,  = ajenna leuwih luhur tibatan kecap bibi
- om       =  ajenna leuwih luhur ti batan kecap  mamang    
- istri      =  ajenna leuwih luhur ti batan kecap  pamajikan
            Conto kecap  anu ngaluhuran sejenna, di antarana;
            - opah   > aki                  -  omah > nini              - bujang   >  jajaka/pamuda
            - parawan  >  gadis         -  wanoja  >  bikang     - asisten  >  pembantu
            - tuna wisma  > gelandangan                               - karyawan  >  kuli
Conto kalimah:    a.  Tanteu  Rina  nuju balanja di supermaket.  (ameliorasi)
                       b. “ Bibi cing pang nyandakeun cai ieu aya tamu” ceuk dununganana.                              (harti  peyorasi)
c.  Bibi Si Jantuk  imahna di Jakarta. (harti asal)                                                            
2.2.4.   Harti Kecap anu Ngahandapan  ( peyorasi)
            Harti kecap anu ngahandapan, nya éta harti kecap anu dipake ayeuna ajenna atawa nilai rasana leuwih handap ti batan baheula. Conto :
- kecap  bibi   = baheula mah dipake sesebutan pikeun ka adi bapa/indung anu        
                                      awewe, ayeuna mah kecap bibi téh dipake sesebutan pikeun ka babu (pembentu) atawa anu status sosialna handap; bibi sayur, bibi jamu , jsb.
- mamang       =  kecap mamang baheula mah dipake sesebutan pikeun ka adi  
                                    lalaki bapa/ indung, ayeuna mah kecap mamang téh dipake sesebutan  pikeun anu setatus sosialna handao. Misalna; mamang beca, mamang baso, jsb.
Conto kecap sejenna anu nilai rasana nganhandapan, di antarana; bikang, parawan, propokator, gelandangan, lolong, budeg, jsb.
Conto kalimah: a.  Si Bibi tukang bala-bala anu disuhun ka tabrak beca. (peyorasi)
                          b.  Pun Bibi mah didamelna di Bank BNI. (harti nu sabenerna)
2.2.5.   Harti Kecap anu Ngumpamakeun (asosiasi)
            Harti kecap anu ngumpamakeun , nya éta harti kecap anu diumpamakeun jeung harti kecap anu ngabogaan sifat anu saraua jeung hiji barang.  Conto:
            -  amplop                             = duit sogokan
            -  korsi baseuh                      = pagawean anu genah , jsb.
Conto kalimah: a. Jang Eman ari make amplop mah teu burung wae lulus ujian.
                          b. Persib Maung Bandung jadi juara liga Danhill.
                          c. Ari make sabun mah teu burung jadi pegawe negeri.
2.2.6.   Harti Kecap anu Matukeurkeun (sinestesia)
            Harti kecap peyorasi nya éta harti kecap anu muncul balukar  patukeurna panca indra. Umpamana indra pangdenge jadi indra pangrasa. Conto:
1.      a. Neng Sinta mah ari dangdos téh mani manis. (sinestesia)
b. Rambutan aceh mah rasana mani manis. (harti sabenerna)
2.      a.  Juragan Ubed nyariosna mani teuas, basa nyarekan bujangna. (sinestesia}
b.Tangkal tiwu téh mani teuas ari geus kolot mah. (harti sabenerna)
EVALUASI
Jawab patalekan ieu di handap !
1. Pilih kalimah di handap ieu anu hartina ngalegaan!
    a.  “Pa, ari ibu kamana ?” Ceuk Sinta nanyakeun indungna
    b. ”Geura tuang heula atuh bapa!” ceuk Raras ka bapana.
    c.  “Ari Bapa Camat nyondong kitu  Neng ?” ceuk Mang Udin.
    d.  Pun bapa mah nuju angkat ka Jakarta
 Titenan  paguneman ieu di handap !
      1).  Aki           :  “Ulah gutak gitek wae nini, diuk téh teu sopan, era ku pa guru!”
      2).  Nini          :  “ih… ari si aki sok bawel!”
      3).   Sinta        :   “jep, atuh jempe isin tuh ku Tanteu Susi, ningali wae ka dieu!”
      4).  Guru         :   “ Keun bae atuh, “ (tembalna, sarta pok nyarita deui)
                                  “ Bi Ijah…nyandak cai yeuh kadieu, aya tamu geura suguhan!”
2. Dumasar kana ungkara di luhur, kalimah anu kecapna ngandung harti peyorasi, nyaeta :
      a. no. 1                       b. no. 2                            c. no. 3                             d. no. 4
3. Kalimah anu kecapna ngabogaan harti spesifikasi dina paguneman di luhur, nyaeta:
     a. no. 1                        b. no. 2                            c. no. 3                             d. no. 4
4. Kecap anu hartina ngaluhuran dina paguneman di luhur, di antarana:
    a. Bi Ijah,             b.  Tanteu,                c. guru,           d. nini.
Tengetan ungkara basa ieu di handap!
                 “Gunung Salak ari wanci isuk-isuk mah ngajogo diharudum ku halimun, estu ku matak waas. Hal kitu téh komo deu lamun disawangna ti kadeukeutan bruhbreh pamandangan mani endah. Angin gunung ngahiliwir kacida pisan ngeunahna. Sakapeung  mah dipirig ku sora manuk  mani hipu jeung manis pisan kadengena…”
5. Kecap dina paragraf di luhur, anu ngandung harti sinestesia, aya dina kalimah …
     a. ka-1 jeung ka-2                                     b. ka-2 jeung ka-3
     c. ka-3 jeung ka-4                                     d. ka-1 jeung ka-4
6. Kecap dina paragraf di luhur anu ngabogaan harti sinestesia, di antarana:
    a. diharudum ku halimun,                            b. pamandangan mani endah
    c. angin gunung ngahiliwir,                          c.sora manuk mani hipu jeung manis.
7. “Para anggota DPR keur nembongkeun sihungna dina sidang paripurna.” Kecap    sihung  dina kalimah di luhur, ngabogaan harti, nya éta:
     a. huntu anu seukeut,             b. duit,          c. kakawasaan        d. senjata.
8.  “Ari make amplop mah teu burung budak téh lulus ujianana!” kecap amplop ngandung harti;  a. sinestesia,      b. asosiasi,       c. peyorasi,     d. ameliorasi.
9.  “Robet Uhe jadi asisten pelatih  sepak bola kesebelasan Italia.” Kecap asisten ngabogaan harti : a. asosiasi,       b. spesifikasi,     c. peyorasi,    d. ameliorasi.
10. Pilih kalimah di handap ieu anu hartina ngalegaan!
      a. Tanteu Erna tukang bala-bala keliling ka tabrak beca.
      b. Pun Bibi mah kawitna ti Bogor.         
      c.  Para santri keur ngaji di pasantren Kiai  Adullah Mustofa.
      d.  “Punten bade tumaros, ari anu bade nikah téh Teteh kitu?”  ceuk pa lebe

Tidak ada komentar:

Posting Komentar