Hate Maman kacida
pisan atohna, basa Nunuyngajakan
nganteur manehna ka imah dosenna di Cimbuleuit, sok sanajan kitu teu wudu Maman
siga nu pura-pura embung basa diajak teh,
“Duh, kumaha nya Nuy,
sanes akang alim nganteur, ngan ieu teu aya persiapan, naha bet kedah
wengi-wengi kieu ka bumi bu Tuti na?” Maman nyarita bangun nu waregah pisan.
“kunaon, Kang Maman alim
nganteur Nunuy? Sing karunya atuh Kang! Kumaha lamun Nunuy uihna kawengian? “
Nunuy nyarita bangun nu ngahelas hayang dipikarunya. Bari narik napas panjang
Maman neruskeun deui omonganana, leungeun nu sabeulah rumpu-rampa kana saku
calana.
“Duh,...kumahanya? Akang
teh tadi hil...”omonganana kaburu ditempas ku Nunuy, bari ngadilakan bangun nu
ogo pisan.
“Oh,...Nunuy ngartos,
Akang teu gaduh kanggo ngongkosan Nunuy, nya?” Maman ngan ukur ngabetem, gep,
leungeun Maman dicekel,
“Yu,..ah urang angkat
bilih telat engke Bu Tuti alim ngabahas skripsi Nunuy deui geura. Masalah
ongkos mah keun da Nunuy oge gaduh nu penting mah Akang kersa ngajajap Nunuy!”
bari nungtun Maman, maranehna leumpang ngajugjug Delman nu geus nagog di sisi
jalan. Kalacat duanana naek.
“Mang ka Cimbuleuit, nya !
teu kedah ngetem, keun engke dibayar penuh ku Abdi, rada ngebut kudana, nya,
Mang!” ceuk Nunuy mani murubut siga komandan keur mere intruksi ka bawahanana.
Maman hatena mani guligah,
keur mah ti anggalna hayang indit paduduaan jeung Nunuy teh asa mobok manggih gorowong, katambah
naek Delman ngan paduduaan dibaturan ku kusir, keun bae ceuk pikirna da kusir
mah panonna angger ka hareup. Asa dunya teh milik duaan, siga gegeden naek
Delman duaan mah.
Angin peuting mani
nyelecep kacida tirisna, kawantu da Delman mah teu aya aling-aling nu
ngahalangan, sabatae angin teh nebakan buuk si mojang nu galing muntang.
Pikiran kumalayang kanu teu pararuguh, hate Maman ngocoblaksorangan,
“Geulis, Nunuy teh,
seugnya mun jadi bebene! Nepika iraha atuh urang duaan teh sosobatan,...pok
atuh Man, silaing nyarita, bogoh kitu ka Nunuy teh, ah...sieun, teu wani sieun
ditampik. Kumahanya lamun ditampik atah-atah? Moal bisa deudeukeutan deui atuh,
pasti hate bakal nyeri mun ditolakmah!” hate Maman gunem catur sorangan,
batinna perang sabil. Lamunanna kagebahkeun, Maman ngagurubug basa cangkengna
diciwit ku Nunuy,
“Aduh...nyeri Nuy.!” Maman
api-api muringis siga nu nyeri, kitu soteh pura-pura da dina hatena mah kacida
atohna.
“Aduh,...nyeri Kang” Nunuy
nyarita bari ngalendotan siga nu sieun Maman kumaha onam.
“Puguh wae atuh Nuy, tuh
kulit Akang bisa dewol geura,! Kunaon teu pupuguh make sareng nyiwit sagala?”
ceuk Maman bari neteup beungeut Nunuy nu ngadaun seureuh, dipasieup ku halis nu
ngajiripit amis caueun.
“Bongan atuh, ti tatadi
bet ngalamun wae, siga teu iklas nganteur Nunuy teh Kang Maman mah! Sing berag
atuh engke diciwit deui geura” bari nyarita kitu teh manehna ngarakepkeun dua
ramona pikeun nyiwit Maman.
“Sanes ngalamun, Nuy, tapi
akang teh isin teu..” nyaritana kitu teh teu kebat bahamna kaburu ditungkup ku
Nunuy.
“Teu gaduh artos kanggo
ongkos,nya. Awas lamun dicarioskeun deui Nunuy mah teu resep ah,!” bari nyarita
kitu teh Nunuy ngagelehekeun sirahna kana taktak Maman.
“Kusir teh siga nu surti
sok sanajan Delman dititah ngebut ku anu tumpakna, tetep wae alon, sora talapok
kuda mani tak-tik-tuk, marengan ratugna dua hate.
Lamunan Maman beuki
kumalayang kanu jauh, geus sabaraha kali manehna lamun diajak jalan-jalan,
atawa pelesiran ku Nunuy sok keur teu boga duit. Sigana teuing sabaraha kali
nyarita dompet tinggaleun di kamar ku sabab rusuh indit nyampeur Nunuy. Teuing
sabaraha kali Nunuy kapaksa ngajual perhiasanana pikeun waragad ulin duaan,
kusabab ditengah jalan Maman nyarita dompetna tinggaleun. Teuing sabaraha kali
Nunuy kapaksa kudu ngabohongan nu jadi kolotna yen emasna leungit di cai.
Maman ngarahuh mani
panjang, ngaluarkeun bangbaluh hate anu beurat. Kahayangna gede leuwih gede ti
batan gunung Manglayang hayang ngebrehkeun rasa kasukana ka Nunuy, tapi letahna
katalian ku kaayaan dirina nu teu bisa nandingan kaayaan Nunuy.
“Kang Nunuy mah tiris,
angin teh dina Delman mah ageung, nya?” Nunuy ngaharewos beungeutna tanggah meh
ampir adek. Maman ngan ukur ngabetem, basa leungeun Nunuy meulit kana
cangkengna.
Bahasa pertama
muncul dari bentuk yang primitif, merupakan hasil dari ekspresi emosi saja.
b.Dingdong Theory( Max Muller; 1823 – 1900 )
Bahasa lahir
secara alamiah. Manusia memiliki insting yang istimewa untuk mengeluarkan
ujaran bagi setiap kesan dari luar.
c.Yo – he – hoTheory
Bahasa pertama
lahir dari kegiatan sosial.
d.Bow – wow Theory
Bahasa pertama
lahir dari hasil tiruan bunyi.
e.Gesture Theory
Bahasa lahir
dari isyarat, dan ujaran mengikutinya.
B. Ciri-ciri pendekatan Tata bahasa
Tradisional
a. Tidak ada pengenalan antara
bahasa ujaran dan bahasa tulisan
a). A grammar of language is a book written about
it.
Tata bahasa suatu bahasa adalah buku yang
ditulis dari bahasa itu sendiri.
b).The
grammar of language is found only in the written language spoken language have
no grammar or at least fluctuate so much that they are only partially
grammatical.
Tata
bahasa suatu bahasa hanya ditentukan dalam bahasa tulisan. Bahasan ucapan tidak
memiliki tata bahasa atau setidaknya begitu banyak campur aduk hingga sebagaian
saja yang memiliki tata bahasa.
c).Some
languages have grammar, other do not.
Beberapa
bahasa pada umumnya memiliki tata bahasa, tetapi ada beberapa yang tidak
memiliki tata bahasa.
b.Tata bahasa
tradisional selalu menghakimi penggunaan bahasa dengan vonis benar salah.
Dalam tata bahasa
tradisional diberlakukan hukum-hukum normatif ( prescriptive grammar)
berdasarkan selera dari tatabahasawan tradisional.
c.Tata bahasa
tradisional lebih mengutamakan penggunaan logika dalam memutuskan masalah
kebahasaan.
d.Tata bahasa
tradisional cendrung lebih mempertahankan penemuan-penemuan terdahulu.
e.Tata bahasa
tradisional lebih menyukai pengkajian bahasa dari bahasa tertulis yaitu bahasa
baku.
f.Tata bahasa
tradisional banyak melahirkan definisi-definisi yang mengaburkan.
Bapa
guru anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya anu ku sim kuring
dipikameumeut.
Langkung tipayun mangga urang
panjatkeun puja sinareng puji ka dzat Illahi Robbi, anu parantos nakdirkeun
urang sadaya, tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu waktos anu sakieu mulyana. Mudah-mudahan
Allah SWT tetep masihkeun pitulung sareng taufik-Na ka urang sadaya, dugi ka
urang tiasa nyuprih hikmah, padilah sinareng manfaat, tina ieu acara sareng
pamaksadan.
Hadirin anu mulya, Alllah parantos
ngagelarkeun makhlukna, tegesna umat manusa, kalayan rupi-rupi ras, bangsa,
suku, sinareng golongan. Masing-masing ras, bangsa, sareng suku teh aya
dipirang-pirang tempat sareng wilayah anu beda, ngagaduhan adat, budaya, bahasa
sareng kabiasaan sewang-sewangan. Didawuhkeun dina kitab-Na, sadaya eta teh
sangkan tiap-tiap bangsa, ras sareng suku teh silih kenal, silih hormat, jeung
silih ajenan.
Litaarofu,
kitu didawuhkeun dina Al-Qur’an!
Hadirin anu mulya, budaya anu tumuwuh
di masing-masing bangsa sareng suku bangsa bangsa teh ngajenggelek jeung
ngawujudna nyaeta dina basa, kasenian, pakean sareng adat kebiasaan sanesna.
Sajaba ti eta, aya budaya anu langkung linuhung nyaeta budaya anu ngajenggelek
dina wujud elmu pangaweruh, teknologi sareng anu sanesna.
Urang
sadaya salaku warga hiji suku bangsa, nyaeta suku sunda, kawaris ku para
karuhun, hiji budaya nyaeta budaya Sunda. Kakoncara budaya anu linuhung, anu
rembeuy ku seni anu luhur ajenna, waditra anu dipikawanoh ku sakumna jalma
saperti angklung, kacapi, sareng sajabina. Seni sora anu kakocap ka manca
nagasa saperti seni degung, kawih sareng cianjuran, diwuwuh ku alam anu endah,
hejo lembok sugih mukti, subur tutuwuhan, beunghar pepelakan, eta sadayana
anugrah ti Allah SWT kanggeurang sadaya, seuweu siwi pajajaran.
Hadirin
anu mulya, nya kawajiban urang sadaya ayeuna, nyaeta ngamumule, miara, ngajaga
ngariksa sakumaha budaya warisan karuhun tea. Patarosanana kumaha carana urang
ngajaga sinareng ngariksa budaya urang sunda?. Pamendak sim kuring mah, kahiji
urang sadayasing rajin diajar, khususna tina rupi-rupi materi anu aya patalina
sareng budaya sunda. Urang sing wanoh, sing kenal kana budaya sunda. Kadua,
urang sing heman, sing nyaah kana budaya urang, kana basa sunda umpamana, urang
kudu rancingeus bisi aya batur anu ngaruksak kana basa sunda, anu nyarita ku
basa sunda tapi teu puguh alang ujurna, sunda lain malayu lain. Urangna
sorangan deuih ulah mirucaan nyarita basa sunda bari teu kantenan undak usukna.
Pon kitu deui kana kasenian asli sunda, aya paribasa jati kasilih ku junti.
Degung, kawih kahihilapkeun da moho teuing kana dangdut elektunan.
Mudah-mudahan,
ti ayeuna kapayun aya kereteg dina manah urang sadaya, hoyong ngamumule,
ngajaga sinareng ngariksa budaya sunda, budaya urang sadaya, Amiin.
Sakitu
anu ka sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina
sadaya kakirangan sareng kalepatan.
Tata makna
manrupa widang elmu basa anu maluruh
ngenaan harti kecap jeung parobahan harti kecap. Harti kecap ngawengku; (1) harti
leksikal, (2) harti gramatikal,
(3) harti denotatif, (4) harti konotatif, (5) harti sinonim, (6) harti antonim,
(7) harti homonim, (8) harti hiponim, (9) harti poli semi.
Sedengkeun parobahan hati kecap ngawengku; (a) harti nu ngalegaan
(generalisasi, (b) harti nu ngaheureutan (sfesipikasi), (c) harti nu ngaluhuran
(ameliorasi), (d) harti nu ngahandapan
(peyorasi), (e) harti nu matukeurkeun
(sinestesia), jeung (f) harti kecap an
ngumpamakeun (asosiasi).
2.1. Harti Kecap
2.1.1.Harti
Leksikal
Harti leksikal
nya éta harti kecap an sarua jeung harti an aya dina kamus. Harti leksikal bisa
oge disebut harti kecap an can make rarangken (imbuhan). Conto:
-hujan =
cai an turun ti langit (harti
kamus)
-payung = alat pikeun nahan panas panon poe atawa cai
hujan
-buku = alat pikeun nulis atawa maca an
dibendel
conto kalimah:
a.Mang Somad keur nandean cai hujan.
b.Mang Udin keur ngomean payung.
2.1.2. Harti Gramatikal
Harti
gramatikal nya éta harti kecap an geus make rarangken. Conto:
-
kahujanan = hatina kakeunaan ku cai hujan
-
papayung = pejabat atawa an nyekel jabatan
-
payungan = make payung
Conto kalimah:
a.Si Ibro keur ngiuhan dina tangkal waru, kusabab sieun
kahujanan.
b.Pa Ewon tos jadi papayung di kecamatan .
2.1.3. Harti Denotatif
Harti
denotataif nya éta harti kecap anu sabenerna. Conto:
- meja - korsi -
baju
- dahar - hujan - leungeun
2.1.4. Harti
Konotatif
Harti
konotatif nya éta harti kecap injeuman
(kias), atawa harti an teu sabenerna.
Conto: - hujan cimata - panjang leungeun - meja hejo
Conto kalimah:
a.Neng Sinta hujan
cimata basal indungna tilar dunya.
b.Si Bogel mmah budakna panjang leungeun
c. Koruptor
teh diadili dina meja hejo.
2.1.5.Harti
Sinonim
Harti sinonim,
nya éta kecap anu ngabogaan harti sarua jeung kecap sejen.
Conto: - baju = acuk - gede = badag -
beunghar = jegud
Conto dina paguneman:
Aki :
“Nini, ari ieu baju saha
mani alus kieu ?"
Nini :
“Oh… éta mah acuk pa Lurah
!"
Aki :
“beda nya Nini, ari raksukan
anu beunghar mah mani sae kieu !"
2.1.6. Harti antonim
Harti
antonim nya éta kecap anu hartina
lalawanan jeung kecap sejen. Conto :
- jangkung
x pendek - pinter x
bodo - hade
x goreng
conto kalimah:
a.Lanceukna mah pinter, ari adina mah bodo.
b.Pa Ubed mah jalma beunghar, ari Si Ibro mah jalma
sangsara.
2.1.7. Harti
homonim
Harti homonim,
nya éta kecap anu tulisan jeung sora basana
(bunyi) sarua, tapi hartina teu sarua. Harti homonim dibagi dua, nya éta
harti homograf jeung harti homofon.
2.1.7.1. Harti
homograf
Harti
homograf, nya éta kecap anu tulisanana sarua, tapi hartina beda. Conto:
-
kaca =
kaca -
koneng = koneng - buku =buku
kaca = hartina lembaran tina buku (halaman)
kaca =
hartina barang anu pecah belah
Conto kalimah:
a. Pa Lurah nuju maca buku kaca
13
. b. Sinta
keur ngelapan kaca jandela .
koneng = anu hartina warna
koneng = anu
hartina mangrupa
Conto kalimah:
a. Budak téh make baju koneng.
b. Bi Ijah keur ngarendos koneng dina coet.
2.1.7.2. Harti homofon
Harti
homofon nya éta kecap anu sora basana sarua tapi hartina beda. Conto:
- bang x
bank - rok x
rock - sangsi x
sanksi
Conto kalimah:
a. Bang Mandra pamaen
sinetron.
b.
Juragan Badrun angkat ka bank BNI
2.1.8. Harti hifonim
Harti
hiponim, nya éta kecap anu ngabogaan
harti umum jeung harti husus.
a.Harti umum, nya
éta harti kecap anu ngawengku harti sejen
b.Hart husus, nya éta harti kecap anu kawengku ku harti
umum, atawa bagian
tina harti umum.
No.
Harti umum
Harti husus
1.
Sayuran
Tomat, kentang, kangkung,
2.
Lauk
Gurame, lele, bandeng, nila,
3.
Bangunan
Saung, gedong, hotel, villa,
4.
Kembang
Melati, ros, mawar, sedap malam
Conto kalimah: 1).
a. Mang Somad keur mawa sayuran ka pasar. (harti
umum)
b. Ceu Sari
keur metikan kangkung di dapur. (harti husus)
2). a. Jakarta loba bangunan
anu jujul ka langit. (harti umum)
b. “ Mangga
atuh linggih heula kasaung butut pa!”(harti husus)
2.1.9. Harti polisemi
Harti
polisemi, nya éta harti kecap anu leuwih
ti hiji, atawa harti kecap anu ngaragum harti kecap sejen. Conto:
Awewe = - istri
- parawan
- bikang
Conto kalimah: a. IstriPa
Lurah nuju rapat di bale desa.
b. Hayam bikang Mang
Usup geus ngendog.
Evaluasi
Jawab patalekan ieu di handap !
1. Aki
= “ Kunaon nini nyekelan wae beuteung?”
Nini
= “ Ieu, padaharan nini nyeri!”
Dumasar kana paguneman diluhur, kecap anu
ngabogaan harti leksikal nya éta:
a. nyekelan b. padaharan c. kunaon d. beuteung
2. Kecap dina paguneman di luhur anu ngabogaan
harti gramatikal, nya éta:
a. padaharan, b. nini, c. aki, d. beuteung.
”Barang anjog ka
Taman Topi, Si Ibro ngahuleng bari luak lieuk susuganan
aya anu wawuh. Manehna bingung teu nyaho jalan pibalikeun. Ari budak anu kurung
batok mah karek sakalieun ulin ka kota
oge bet ngarasa katalimeng…”
3. Kecap anu ngabogaan harti konotatif dina ungkara di luhur, nya éta:
a. barang anjog , taman topi b. jalan pibalikeun, kurung
batok
c. katalimeng, ngahuleng d. taman topi, kurung batok
4. “Prasasti Ciaruteun mangrupa titinggal raja Purnawarman.”
Kecap
Prasasti Ciaruteun ngabogaan harti :
a.
konotatif, b. homonim, c. denotatif, d. polisemi.
5. “Budak téh jongjon wae tuang , teu ningalieun sangu anu
dihuapkeunana maruragan dilodokan ku
entog.”
Kecap
dilodokan, dina kalimah di luhur, ngabogaan harti sinonim nya
éta:
a. tuang, b. neda, c. dahar, d. nyatu.
6. “Si Juned mah kawentar jalma
malarat.” Kecap antonim tina kecap malarat
nya eta :
a. sangsara, b. beunghar, c.
miskin, d. teu
boga
7. Pilih kalimah
ieu di handap anu ngabogan harti homofon !
Bang Kasman bandar hayam.
Bi Sumi keur
ngarendos koneng , pikeun
nyangu koneng.
Kuring mah
sangsi budak anu bolos dibere
sanksi ku kapala sakola.
Bang Miun keur ngelapan kaca.
“ (1)
Mangga wae gera tuang heula Pa ! (2) Abdi mah parantos neda. (3) Upami
teu kaabotan abdi mah bade neda piduana ti Bapa! (4) Ah, bapa mah moal dahar, keur teu
ngarareunah padaharan…”
8. Ungkara di luhur, anu kecapna ngabogaan
harti homograf, nya éta
a. kalimah ka-1 jeung ka-2 b. kalimah ka-2
jeung ka –3
c.
kalimah ka –3 jeung ka-4
d. kalimah a-4 jeungka-1
9. Pilih kecap ieu di handap anu mangrupa kecap umum !
a. melati, b. ros, c. lele, d.
tatangkalan.
10. Isuk-isuk keneh jalma-jalma
geus minuhan sisi Situ Gede, aya anu
mawa ayakan,
sirib, heurap, kecrik jeung alat sejena anu bisa pake ngala lauk.
Beunteur, sepat,
bogo, lele jeung sajabana. Kecap husus dina ungkara kasebut, nya éta:
a. lauk, b. Situ Gede, c.
mawa, d. heurap.
2.2. Parobahan Harti Kecap
2.2.1. Harti kecap anu Ngalegaan (generalisassi)
Harti
kecap anu ngalegaan nya éta harti kecap anu dipake kiwari ambahanana leuwih
lega tibatan harti kecap anu dipake ayeuna.
Conto :
- bapa
= kecap bapa bareto mah
dipake pikeun sesebutan anak ka kolot
lalakina ayeuna mah dipake pikan
kasakumna jalma anu dipikahormat. Misalna , bapa lurah, bapa presiden, bapa RT,
jsb.
- ibu = kecap ibu bareto mah
dipake pikeun sesebutan ti hiji anak ka
indungna, tapi ayeuna dipake sesebutan pikeun unggal jalma awewe anu dipika
hormat. Misalna; ibu RT, ibu guru, ibu PKK, ibu lurah, jsb.
- saderek
= kecap saderek baheula mah dipake pikeun sesebutan kanu jadi
dulur, ayeuna dipake sesebutan pikeun kasakabeh jalma anu dipihormat.
Misalna saderek RT,
conto kecap sejena
nu hartina ngalegaan nya éta; teteh,aa, jsb.
Conto kalimah: 1) a. Bapa Si Ewon
bandar hayam. (harti heubeul)
b. “Ari bapa
lurah aya?” ceuk pa RT (harti nu
ngalegaan)
2) a. Pun Biang
mah saderekna urang Bandung.
(harti heubeul)
b. “Saderek
téh bade kasaha? (harti generalisasi)
2.2.2. Harti Kecap anu Ngaheureutan
(spesifikasi)
Harti
kecap anu ngaheureutan nyak éta harti kecap anu dipake ayeuna leuwih heureut
ambahanana tibatan harti kecap anu dipakae baheula. Conto :
- sarjana = kecap
sarjana baheula mah dipake sesbutan pikeun sakabeh jalma anu pinter/
ngabogaan kaahlian leuwih ti jalma sejen disebut sarjana, tapi ayeuna
mah kecap sarjana téh ngan dipake sesebutan pikeun ka jalma anu lulus ti
perguruan tinggi. Misalna sarjana
ekonomi, sarjana pertanian, jsb.
- guru =
kecap guru baheula mah dipake pikeun sakabeh jalma anu ngajarkeun elm ka
anu sejen, disebut guru. Kecap guru ayeuna mah ngan dipake pikeun jalma anu
ngajar di sakola wungkul. Misalna guru basa Sunda, guru matematika, guru SD,
guru olah raga, jsb.
Conto kecap anu ngaheureutan
sejenna di antarana; kitab, siswa, murid, ulama, santri, ustad, pesantren,
madrasah, kiai, gelas, jsb.
Conto kalimah: 1) a. Si Joni Uhe sarjana ekonomi lulusan
b. Pa Maman guru basa Indonesia.
2.2.3. Harti Kecap anu Ngaluhuran (ameliorasi)
Harti kecap anu ngaluhuran nya éta harti kecap anu
dipake ayeuna ajenna (nilai rasana) leuwih luhur tibatan harti kecap anu dipake
baheula. Conto :
- tenteu,
= ajenna leuwih luhur tibatan kecap bibi
- om
= ajenna leuwih luhur ti
batan kecap mamang
- istri = ajenna leuwih luhur ti batan kecap pamajikan
Conto kalimah: a. Tanteu Rina
nuju balanja di supermaket.
(ameliorasi)
b. “ Bibi
cing pang nyandakeun cai ieu aya tamu” ceuk dununganana. (harti peyorasi)
c. Bibi Si Jantuk imahna di Jakarta. (harti asal)
2.2.4. Harti Kecap anu Ngahandapan ( peyorasi)
Harti
kecap anu ngahandapan, nya éta harti kecap anu dipake ayeuna ajenna atawa nilai
rasana leuwih handap ti batan baheula. Conto :
- kecap bibi
= baheula mah dipake sesebutan pikeun ka adi bapa/indung anu
awewe, ayeuna mah kecap bibi téh dipake sesebutan pikeun ka babu
(pembentu) atawa anu status sosialna handap; bibi sayur, bibi jamu , jsb.
- mamang =
kecap mamang baheula mah dipake sesebutan pikeun ka adi
lalaki bapa/ indung, ayeuna mah kecap mamang téh dipake sesebutan pikeun anu setatus sosialna handao. Misalna;
mamang beca, mamang baso, jsb.
Conto kecap sejenna anu nilai rasana nganhandapan, di antarana;
bikang, parawan, propokator, gelandangan, lolong, budeg, jsb.
Conto kalimah: a. Si Bibi
tukang bala-bala anu disuhun ka tabrak beca. (peyorasi)
b. Pun Bibi mah didamelna di Bank
BNI. (harti nu sabenerna)
2.2.5. Harti Kecap anu Ngumpamakeun (asosiasi)
Harti
kecap anu ngumpamakeun , nya éta harti kecap anu diumpamakeun jeung harti kecap
anu ngabogaan sifat anu saraua jeung hiji barang. Conto:
-
amplop
= duit sogokan
-
korsi baseuh
= pagawean anu genah , jsb.
Conto kalimah: a. Jang Eman ari
make amplop mah teu burung wae lulus ujian.
b. Persib Maung Bandung jadi juara liga Danhill.
c. Ari make sabun
mah teu burung jadi pegawe negeri.
2.2.6. Harti Kecap anu Matukeurkeun (sinestesia)
Harti
kecap peyorasi nya éta harti kecap anu muncul balukar patukeurna panca indra. Umpamana indra
pangdenge jadi indra pangrasa. Conto:
1.a. Neng Sinta mah ari dangdos téh mani manis.
(sinestesia)
b. Rambutan
aceh mah rasana mani manis. (harti sabenerna)
2.a. Juragan Ubed
nyariosna mani teuas, basa nyarekan bujangna. (sinestesia}
b.Tangkal tiwu téh mani teuas
ari geus kolot mah. (harti sabenerna)
EVALUASI
Jawab patalekan ieu di handap !
1. Pilih kalimah di handap ieu anu hartina ngalegaan!
a. “Pa, ari ibu kamana ?” Ceuk Sinta nanyakeun
indungna
b. ”Geura tuang
heula atuh bapa!” ceuk Raras ka bapana.
c. “Ari Bapa Camat nyondong kitu Neng ?” ceuk Mang Udin.
d. Pun bapa mah nuju angkat ka Jakarta
Titenan paguneman ieu di handap !
1). Aki
: “Ulah gutak gitek wae nini,
diuk téh teu sopan, era ku pa guru!”
2). Nini
: “ih… ari si aki sok bawel!”
3). Sinta
: “jep, atuh jempe isin tuh ku
Tanteu Susi, ningali wae ka dieu!”
4). Guru
: “ Keun bae atuh, “ (tembalna,
sarta pok nyarita deui)
“ Bi
Ijah…nyandak cai yeuh kadieu, aya tamu geura suguhan!”
2. Dumasar
kana ungkara di luhur, kalimah anu kecapna ngandung harti peyorasi, nyaeta :
a. no. 1 b. no. 2 c. no. 3 d. no. 4
3. Kalimah anu kecapna ngabogaan harti spesifikasi dina
paguneman di luhur, nyaeta:
a. no.
1 b. no. 2 c. no. 3 d. no. 4
4. Kecap anu hartina ngaluhuran dina paguneman di luhur,
di antarana:
a. Bi Ijah, b.
Tanteu, c.
guru, d. nini.
Tengetan ungkara basa ieu di handap!
“Gunung Salak ari wanci isuk-isuk mah ngajogo diharudum ku halimun, estu
ku matak waas. Hal kitu téh komo deu lamun disawangna ti kadeukeutan bruhbreh
pamandangan mani endah. Angin gunung ngahiliwir kacida pisan ngeunahna.
Sakapeung mah dipirig ku sora manuk mani hipu jeung manis pisan kadengena…”
5. Kecap dina paragraf di luhur, anu ngandung harti
sinestesia, aya dina kalimah …
a. ka-1
jeung ka-2 b. ka-2 jeung
ka-3
c. ka-3 jeung
ka-4
d. ka-1 jeung ka-4
6. Kecap dina paragraf di luhur anu ngabogaan harti
sinestesia, di antarana:
a. diharudum ku
halimun, b. pamandangan mani endah
c. angin gunung
ngahiliwir,
c.sora manuk mani hipu jeung manis.
7. “Para anggota DPR keur nembongkeun sihungna dina
sidang paripurna.” Kecap sihung dina kalimah di luhur, ngabogaan harti, nya
éta:
a. huntu anu seukeut, b. duit, c. kakawasaan d. senjata.
8. “Ari make amplop mah teu burung budak téh
lulus ujianana!” kecap amplop ngandung harti;
a. sinestesia, b. asosiasi, c. peyorasi, d. ameliorasi.
9. “Robet Uhe jadi asisten pelatih sepak bola kesebelasan Italia.” Kecap asisten
ngabogaan harti : a. asosiasi, b.
spesifikasi, c. peyorasi, d. ameliorasi.
10. Pilih kalimah di handap ieu anu hartina ngalegaan!
a. Tanteu Erna tukang bala-bala
keliling ka tabrak beca.
b. Pun Bibi mah kawitna ti Bogor.
c. Para santri keur ngaji di pasantren Kiai Adullah Mustofa.
d.
“Punten bade tumaros, ari anu bade nikah téh Teteh kitu?” ceuk pa lebe