Sabtu, 04 Agustus 2012

Carpon "Hariring Peuting"


HARIRING PEUTING

            Hate Maman kacida pisan atohna, basa Nunuy  ngajakan nganteur manehna ka imah dosenna di Cimbuleuit, sok sanajan kitu teu wudu Maman siga nu pura-pura embung basa diajak teh,
            “Duh, kumaha nya Nuy, sanes akang alim nganteur, ngan ieu teu aya persiapan, naha bet kedah wengi-wengi kieu ka bumi bu Tuti na?” Maman nyarita bangun nu waregah pisan.
            “kunaon, Kang Maman alim nganteur Nunuy? Sing karunya atuh Kang! Kumaha lamun Nunuy uihna kawengian? “ Nunuy nyarita bangun nu ngahelas hayang dipikarunya. Bari narik napas panjang Maman neruskeun deui omonganana, leungeun nu sabeulah rumpu-rampa kana saku calana.
            “Duh,...kumahanya? Akang teh tadi hil...”omonganana kaburu ditempas ku Nunuy, bari ngadilakan bangun nu ogo pisan.
            “Oh,...Nunuy ngartos, Akang teu gaduh kanggo ngongkosan Nunuy, nya?” Maman ngan ukur ngabetem, gep, leungeun Maman dicekel,
            “Yu,..ah urang angkat bilih telat engke Bu Tuti alim ngabahas skripsi Nunuy deui geura. Masalah ongkos mah keun da Nunuy oge gaduh nu penting mah Akang kersa ngajajap Nunuy!” bari nungtun Maman, maranehna leumpang ngajugjug Delman nu geus nagog di sisi jalan. Kalacat duanana naek.
            “Mang ka Cimbuleuit, nya ! teu kedah ngetem, keun engke dibayar penuh ku Abdi, rada ngebut kudana, nya, Mang!” ceuk Nunuy mani murubut siga komandan keur mere intruksi ka bawahanana.
            Maman hatena mani guligah, keur mah ti anggalna hayang indit paduduaan jeung Nunuy teh asa mobok manggih gorowong, katambah naek Delman ngan paduduaan dibaturan ku kusir, keun bae ceuk pikirna da kusir mah panonna angger ka hareup. Asa dunya teh milik duaan, siga gegeden naek Delman duaan mah.
            Angin peuting mani nyelecep kacida tirisna, kawantu da Delman mah teu aya aling-aling nu ngahalangan, sabatae angin teh nebakan buuk si mojang nu galing muntang. Pikiran kumalayang kanu teu pararuguh, hate Maman ngocoblak  sorangan,
            “Geulis, Nunuy teh, seugnya mun jadi bebene! Nepika iraha atuh urang duaan teh sosobatan,...pok atuh Man, silaing nyarita, bogoh kitu ka Nunuy teh, ah...sieun, teu wani sieun ditampik. Kumahanya lamun ditampik atah-atah? Moal bisa deudeukeutan deui atuh, pasti hate bakal nyeri mun ditolakmah!” hate Maman gunem catur sorangan, batinna perang sabil. Lamunanna kagebahkeun, Maman ngagurubug basa cangkengna diciwit ku Nunuy,
            “Aduh...nyeri Nuy.!” Maman api-api muringis siga nu nyeri, kitu soteh pura-pura da dina hatena mah kacida atohna.
            “Aduh,...nyeri Kang” Nunuy nyarita bari ngalendotan siga nu sieun Maman kumaha onam.
            “Puguh wae atuh Nuy, tuh kulit Akang bisa dewol geura,! Kunaon teu pupuguh make sareng nyiwit sagala?” ceuk Maman bari neteup beungeut Nunuy nu ngadaun seureuh, dipasieup ku halis nu ngajiripit amis caueun.
            “Bongan atuh, ti tatadi bet ngalamun wae, siga teu iklas nganteur Nunuy teh Kang Maman mah! Sing berag atuh engke diciwit deui geura” bari nyarita kitu teh manehna ngarakepkeun dua ramona pikeun nyiwit Maman.
            “Sanes ngalamun, Nuy, tapi akang teh isin teu..” nyaritana kitu teh teu kebat bahamna kaburu ditungkup ku Nunuy.
            “Teu gaduh artos kanggo ongkos,nya. Awas lamun dicarioskeun deui Nunuy mah teu resep ah,!” bari nyarita kitu teh Nunuy ngagelehekeun sirahna kana taktak Maman.
            “Kusir teh siga nu surti sok sanajan Delman dititah ngebut ku anu tumpakna, tetep wae alon, sora talapok kuda mani tak-tik-tuk, marengan ratugna dua hate.
            Lamunan Maman beuki kumalayang kanu jauh, geus sabaraha kali manehna lamun diajak jalan-jalan, atawa pelesiran ku Nunuy sok keur teu boga duit. Sigana teuing sabaraha kali nyarita dompet tinggaleun di kamar ku sabab rusuh indit nyampeur Nunuy. Teuing sabaraha kali Nunuy kapaksa ngajual perhiasanana pikeun waragad ulin duaan, kusabab ditengah jalan Maman nyarita dompetna tinggaleun. Teuing sabaraha kali Nunuy kapaksa kudu ngabohongan nu jadi kolotna yen emasna leungit di cai.
            Maman ngarahuh mani panjang, ngaluarkeun bangbaluh hate anu beurat. Kahayangna gede leuwih gede ti batan gunung Manglayang hayang ngebrehkeun rasa kasukana ka Nunuy, tapi letahna katalian ku kaayaan dirina nu teu bisa nandingan kaayaan Nunuy.
            “Kang Nunuy mah tiris, angin teh dina Delman mah ageung, nya?” Nunuy ngaharewos beungeutna tanggah meh ampir adek. Maman ngan ukur ngabetem, basa leungeun Nunuy meulit kana cangkengna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar