Sabtu, 04 Agustus 2012

Carpon "Hayang Asup Tipi"


HAYANG ASUP TIPI

Lalajo bewara dina tipi yen aya budak rumaja anu diculik keur maen FB, si Nini ngadadak jajantungna ratug inget ka si Aki, geus meh ampir sareupna can keneh mulang ka imah. Bari rawah-riwih manehna menta dianteur ka incuna jang Adoy pikeun laporan ka kator polisi.
”Hayu siah sujang, Nini anteur ka kantor polisi, si Aki can balik bisi aya nu nyulik” ceuk si Nini hinghing ceurik,
 ”Maenya atuh Nini, si Aki make jeung aya nu nyulik  sagala? Moal aya nu daekeun, kulitna oge mun dijual moal aya nu nawar-nawar acan, pan si Aki mah geus pareot, moal laku dijieun dorokdok?” manehna bari nyengir nyeungseurikeun Ninina.
”Ulah kitu siah, sujang, kitu-kitu oge si Aki mah bageur lumayan keur batur Nini purah nyingsieunan beurit di dapur, hayu urang lapor ka polisi!”
            Bral duaan leumpang muru kantor polisi nu teu pati jauh ti imahna. Barang datang ka kantor polisi, sarta sanggeusna ditarima ku anu piket, derekdek si Nini ngabejakeun pamaksudanana. Rada haroreameun patugas oge ngetik laporana si Nini teh.
            ”Cing pok bejakeun kumaha tah caritana, Ni, pangna si Aki disangka leungit teh?” ceuk patugas polisi bari rada nyengir.
            ”Ah, teu kukumaha, pokona mah si Aki leungit, pan kamari oge aya budak gadis leungit cenah di jero FB diculik, sigana si Aki oge kitu tah cep pulisi!” si Nini yakin pisan.
            ”Memang si Aki maen FB kitu Nini? Dugi ka aya nu nyulik sagala? Naha keur naonnya? Atawa bakal dipake naon pangna si Aki diculik teh” ceuk pulisi bari rada teu ngarti.
            ”Lain cep pulisi, mana atuh kamera tipina? Ke....ke...ke..heula ulah diteruskeun nanyana, Nini senter heula supaya asup kana tipi, ieu lebar buuk meunang ngadikrel ka salon, ”ceuk si Nini bari muka gelung jucung, buukna mani rabul lalumpatan ngaler-ngidul, teu poho manehna memener kutang nu ngaleleke, ku siwel ngaluarkeun lipenstip tina palebah cangkengna nu digulung ku samping kebat, meunang nyokot susulumputan ti kamar incuna, ledak-ledak diulaskeun kana biwir, mani beureum rada geuneuk. Leuwih teuing ngulasna, huntu nu ngan hiji-hjina awir-awiran kabeureuman. Polisi nu araya teu burung sing elengeh, nu saurang mah kaluar heula muru lawang panto bari nungkupan biwirna bakating teu kuat nahan pikaseurieun. Si Adoy incuna mani ngabalieur ningalikeun kalakuan Ninina kitu teh.
            ”sok atuh mana cep pulisi kamera tipina? Ieu Nini tos siap hayang diwawancara Nini mah, tah...ieu poto si Akina tos dibawa,..Nini rek pura-pura sedih,...” bari nembongkeun poto si Aki.
            ”Nu mana Nini? Geuning ieu mah seuseueurna siga poto keur dinu hajatan? Nu mana si Akina?” ceuk patugas bari mikeun deui poto ka si Nini.
            ”Tah geuning ieu katingali yeuh leungeun katuhuna, nu kahalangan ku tonggong mang Juman?” ceuk si Nini nuduhkeun poto si Aki nu ngan katingali leungeuna wungkul.
            ”kumaha atuh Nini, neanganana oge? Ari potona teu jelas kieu mah? Sigana si Aki mah teu leungit panginten yu urang teang deui wae ka bumi Nini boa si Aki tos aya!” ceuk polisi bari ngagaroan sirahna.
            ”Ceuk Nini oge si Aki leungit. Ceuk Nini leungit,...leungit.  Moal balik Nini mah lamun can asup kana tipi, rugi ieu buuk geus dikrel ” bari muncereng ka pulisi.
            ”Muhun, diwawancarana urang di bumi Nini, ngarah leuwih rame! Tuh wartawanna geus arindit rek ka imah Nini” polisi nu diuk di juru nyelengkeung, bari jung nangtung sarta menerkeun calanana nu meh ampir morosot, teu bisa ngawadahan beuteung nu rada bucitreuk.
            ”Tah, daek lamun kitu mah nu penting Nini, asup heula kana tipi, keun wae engke si Aki mah diteanganana!” si Nini bari jung nangtung, haripeut pisan indit  ka luar.
            Teu kacaturkeun di jalanna. Rombongan nu ti kantor polisi teh geus anjog ka imah si Nini. Barang datang oge kabeh ngajarenghok ningali nu ngadungkuk diharudum ku sarung dina luhureun golodog.
            ”Gening,..Aki ieu teh? Kunaon teu tulus diculikna? Naha bet sakeudeung teuing leungitna?” ceuk si Nini mani hariweusweus bangun nu kacida pisan hanjeluna.
            ”Dasar, atah adol,..Nini-Nini teu uyahan ! make jeung ngadoakeun kami diculik sagala? Ti tatadi kami nungguan di luar teu bisa asup ka jero, kunaon imah make dikoncian sagala? Uluh-uluh dasar si uriwih make jeung biwir dibeureuman sagala? Dasar Nini-Nini siga embe beger, make hayang juta-jete ?” si Aki malik ngawak-wak, nyarekan pamajikanana, biwirna nu rada jeding mani manyun-manyun wae siga surili nu keur ngageroan babaturanana.
            ”Ehhh,...dasar Aki-Aki gumasep, make jeung nyarekan ka kami! Mun deuk ge kami nu kudu ambek mah gara-gara Aki teu tulus leungitna kami jadi bolay asup kana tipi, mangkaning geus dangdan sataker kebek!” si Nini malik nyentak, teu eleh geleng ku salakina. Huntu hiji nu awir-awiran ngilu endag-endagan kawas kipas kaca mobil, ngilu ngabobotohan dununganana nyarekan si Aki.
            ”Tos ulah parasea  kitu. isin tuh ku tatangga nu rajeg ningalikeun nu sing porongos !” ceuk polisi ngahuit nu keur parearea omong. Nahatena mah kukulutus kudu nyaksian pintonan doger monyet.
            ”Sanes tadi teh Aki kamana mani sapoe jeput, nepika si Nini nyangka Aki leungit aya nu nyulik?” ceuk polisi ka si Aki.
            ”Hampura Aki cep polisi, tos ngariweuhkeun kasadayana. Tadi Aki teh kasarean di kandang domba!” ceuk si Aki bari rada ngabelehem.
            ”Baruk,...kasarean di kandang domba, nya, nu kasep siga bujur embe teh? Abong-abong Aki-Aki porenges, kawas teu gableg imah wae make sare di kandang sagala !” si Nini mani ngagantawang. Manehna masih neuteuli pedah si Aki teu jadi leungitna, ngarasa rugi teu tulus diwawancara ku wartawan tipi.
            ”Na,....ari nyarita teh Nini, eta biwir mani teu dikemot kitu, kawas boga beungeut siga artis wae? ” si Aki mani jamotrot, embung disalahkeun.
            ”Kunaon atuh nepika kasarean di kandang domba sagala, ari Aki? Cing pok caritakeun kunaon bet kitu?” si Nini rada leuleuy bangun nu panasaran.
            ”Kieu caritana, tadi teh Aki ningali si Jeni, domba danten nu kamari anakan keur nyusuan anakna, ...disidik-sidik bangun nu kacida pisan ngeunahna eta nyusuanana teh. Aki mani kumetap,..ah,...lalaunan hayang nyobaan pajarkeun teh susu domba ceuk batur alus keur kasehatan. Nyot,...wae Aki ngilu ngenyot sabelah sewang,...duhhhh, Ni, bener,...sarua nikmat,...nepika Aki seubeuh, teu karasa sigana nundutan nepika sarena. Hudang-hudang pedah tarang Aki kadagor ku suku si Jeni,...direret gening aya keneh dikandang,..tah Aki....!” nyaritana kapegat ku sora si Nini mani nyoroscos siga pepetasan nyarekan ka si Aki.
            ”bangkar warah, siah Aki,...teu suka kami mah Aki nyusu ka si Jeni,...yeuh Ki,...nu Nini oge .....masih keneh....” kapegat ku sora tatanggana anu nyelengkeung dipipir imahna.
            ”lanyed,.....!” sora tatanggana nyelengkeung rada katahan. Hawar-hawar sora nu cingcikikik, rada katahan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar