Sabtu, 02 Oktober 2010

CARPON


SI DENOK

Mani rancucud balik ti sakola teh, teu kuhanteu meh unggal poe hujan ngageder wae, sok sanajan make jas hujan angger wae baseuh da eta jasna geus heubeul teuing. Barang asup ka jero imah kontrakan, kasampak nu boga imah keur kekerod ngaputan kutangna nu dijieun tina kaen, direret ku juru panon, duh mani geus belel oge masih keneh dikaputan, beda meureun ari kolot baheula mah sok apik.
“Geuning tos mulih cep guru?” nu boga imah nyelengkeung, bari ngareret ka kuring. Disebut encep teh karasa irung asa nambahan, awak tiris oge ari disebut encep mah langsung asa haneut deui.
“Matakna ceuk Nini oge geura enggal gaduh bojo geura, ulah nyorangan bae.” Nu boga imah neruskeun cacaritana, kuring ngan ukur ngabelehem, saha atuh jalmana nu teu hayang buru-buru rarabi, hate ngagerentes,
 “Pan aing cicing ngontrak di imah ieu oge keur ngaheroan Si Denok incu nini!” noroweco dina jero hate teu wani kedal, menta incuna rek dipikanyaah, aya bangbaluh nu beurat dina jero dada kaluar ngan ukur rumahuh. Gek diuk dina korsi hoe tengah imah nyanghareupan nu kakaput.
“Mun si Eneng incuna nu keur kakaput teh, iklas rek ngabaturan sok sanajan kudu sapeuting jeput” hate noroweco, nu kedal mah ngan ukur napas nu ngarahuh.
“Neng,...neng,... mawa cai panas ka dieu yeuh keur bujang olot!” si nini nyelengkeung nitah incuna. Hate mani ngaleketey, disebut bujang kolot teh. Asa kacida teuing dasar nini-nini kolopetong. Sok sanajan rumasa umur geus kapala opat ari langsung ditogmolkeun kitu mah teu burung wae hate teh peurih, mangkaning di hareupeun Si Denok, nu keur diheroan. Rumasa Kuring teh euweuh kawani sok sanajan kaimpleng wae beurang peuting, tapi wawanen teu daek teger pikeun ngedalkeun gerentes batin, sok sanajan duriat beuki lila beuki ngentab-ngentab. Ku babaturan sakantor di sakola remen dihatean pikeun buru-buru rumah tangga pajarkeun teh lalaki mah wenang, tapi edas, hate can aya kawani rumasa boga rupa kurang hade, huntu rada nonghol kahareup, awak pendek, beuteung rada bucitreuk. Sakapeung mah sok rada ambek lamun kadenge barudak di kelas sok cing kecewis “aya pa gino....aya pa gino” mimitina mah teu ngarti ari dilenyep-lenyep gino teh hartina gigi nonghol. Dalah dikumaha dasar barudak, sakapeung mah sok ngarasula. Pipikiran  jadi ngacacang ka ditu-ka dieu. Lamunan nu marawudah kagebahkeun ku sora halimpu, nu beurang peuting teu weleh kapicangcam.
“Mangga Pa, cai kopina meungpeung masih panas !”  bari nyarita kitu teh manehna diuk di gigireun ninina, hate mani bungangan komo ningali dilak panonna anu buled, sarta imutna nu kareueut, dipasieup ku kempot pipi sabeulah  lir liang undur-undur. Hate bunganga asa bagja kacida, dipangnyieunkeun kopi ku Si Denok mah. Teuing ku geumpeur, teuing ku atoh atawa kasima ku keletna Nyi Mojang, teu talangke regot kopi teh diuyup disakalikeun, gurubug awak mani ngorejat, biwir genteul asa tutung bakating ku panas, huntu dua nu nonghol rarasaan mah silih sered paheula-heula dina jandela biwir  teu kuateun ku panasna cai kopi, Si Denok mesem nungkupan biwirna. Kuring rampang-reumpeung neangan pamuntangan, teu ku hanteu gap kana kutang Si Nini nu ngalumbuk ledak-ledak pake ngelapan biwir, hieuk bau haseum nu teu pararuguh. Si Denok beuki ngehkey nyengseurikeun kuring nu pakupis.
Ti kajadian harita kuring teu wani deui nyanghareupan Si Denok era ku kalakuan nu teu tarapti. Harepan nu ngagedur antukna ditendeun dina lalangse hate.

Rabu, 28 Juli 2010

Pangdeudeul kanggo pangajaran maca di kelas

CONTO MACA WARTA BASA SUNDA SAMPURASUN………….. WARTA SABUDEUREUN KABUPATEN BOGOR Didugikeun ku sim kuring, Mutiara Windya Mariyam PAMIARSA SADAYANA WILUJEN NGABANDUNGAN Warta Ekonomi, Di kecamatan Tenjolaya kabupaten Bogor, tanggal 17 Mei 2010, tos diayakeun hiji gempungan anu diluluguan ku kelompok Tani Sukasari. Numutkeun ketua kelompok tani bapa Haji Dadang sutisna, ka majalah dinding Sadar, nandeskeun yen para patani di wewengkon Kecamatan Tenjolaya geus sapuk dina ngolah taneuh bade ngagunakeun tanaga munding sarta rek ninggalkeun teknologi traktor. Hal ieu diebrehkeun ku Haji Dadang, yen tenaga traktor teh jaman kiwari mah tetela leuwih ngarugikeun ti batan nguntungkeun. Lianti merlukeun bahan bakar anu mahal, perawatan mesin nu merlukeun biaya nu gede, oge bisa ngaruksak lingkungan tina hasil kotoran sesa oli nu murag kana taneuh. Antukna taneuh sawah jadi teu subur. Haji Dadang leuwih jauh ngebrehkeun yen kelompokna sapuk dina ngolah taneuh ngagunakeun munding teh, sacara ekonomi baris nambahan kana panghasilan para patani. ku sabab lianti teu kudu meuli parabna, kotoranana bisa dipake gemuk, oge harga jual daging munding leuwih mahal tibatan daging sapi. Malah nu leuwih penting ceuk haji Dadang mah munding mah bisa nambahan ku cara anakan, pan ari traktor mah lain nambahan malah beuki lila bakal jadi ruksak nu antukna jadi beusi tua sarta harga jualna dikilo. Nurutkeun haji Dadang, kelompokna kacida pisan miharep pamarentah bisa ngarojong kana program kelompokna, sangkan bisa tereh kahontal dina ngamajukeun ekonomi para patani di kabupaten Bogor. Sakitu warta ekonomi di sabudeureun kabupaten Bogor, Cag,.. urang teundeun dihandeuleum sieum, urang tunda dihanjuang siang. Wilujeng siang.......

Sesebred bari nundutan

Hayang Katingali Gagah Mang Uhe,pasosore rap make baju hansip, dangdak-dengdek dihareupeun kaca, jrut..turun ka luar, tatangga nu keur ngawangkong cing balieur, Koneh : "Uhe...Uhe..nanaon kitu patut !" ceuk nyi koneh pamajikana gogorowokan bari nyingsatkeun samping bakating ku ambek. Mang Uhe rungah ringeuh Uhe : "Aya naon koneh ? siga nu burung gogorowokan ka kami?" Mang Uhe malik nyentak. Nyi Koneh muncereng Koneh : "Eta panakol kohkol teu dituruban?" bari nunjuk ka handapeun bujal mang uhe. Mang Uhe ngagurubug, berebet lumpat ka jero imah bari nuruban sirah ku dua ramona. Salah Harti Mang Uhe seuri koneng jeung pamajikanan, basa tali kolorna dipake ku anakna jang Adoy nalian langlayangan, pajarkeun teh jimat cenah pedah ngarah meunangan diaduna. pedah ngadenge ceuk indungna tali kolor bapana teh kuat jeung liat tara eleh, da meunang ngajampean unggal peuting. Ngadu Huntu Mang Uhe sila mani anekak nyanghareupan sambel belut dina coet. Uhe : "cing Nyi Koneh sangu teh bawa kadieu, sakalian jeung bobokona," barikumetap, Nyi Koneh mawa boboko eusina majalah Barakatak jeung duit 5 ratusan tilu siki. Uhe :."Nanaonan Koneh !....mana kejona?" bari muncereng. Koneh : "Teu kudu ngadahar kejo..pan akang mah ti isuk jedur geus seubeuh ngadahar majalah !" ceuk Nyi Koneh bari manyun, puguh wae atuh hontuna anu tonggar mani balap rabul ka luar pasesedek. Uhe : “Ari ieu duit 1500 keur naon?"..ceuk mang Uhe mani muncereng, teu eleh geleng huntu tonggar nu ngan kari dua siki ngilu rajol nonghol dina jandela biwirna. Koneh : "pikeun nambahan biaya ka rumasakit jiwa kang!" ceuk Nyi Koneh bari ngaleos.

Neuleuman Pangaweruh Kabahasaan Pikeun Kls 7


1.1.    Fonologi
Fonologi nya éta widang elmu  basa anu nalungtik ngenaan fonem. Sacara gurat badag fonologi ngawengku dua widang garapan, nya éta fonetik jeung fonemik.
Fonetik nya éta widang elmu  basa anu nalungtik ngenaan sora-sora basa anu aya dina ucapan (parole). Sedengkeun  ari fonemik nya éta widang fonologi anu nalungtik ngeunaan fonem-fonem.
Fonem nya éta sora basa anu pangleutikna nu ngabedakeun harti. Fonem dina basa Sunda aya dua rupa, nya éta fonem vokal jeung fonem konsonan.

1.1.1. Fonem vokal
            Dina basa Sunada vokal téh aya tujuh, nya éta;  a,  e,  u, o, i,  e’,  jeung  eu . Dina ngawangun kecap vokal téh bisa nempatan posisi di awal, di tengan jeung di tungtung, iwal ti vokal   “ e “ anu ngan bisa nempatan posisi di awal jeung di tengah wungkul.
            Geura urang titenan contona !

Vokal
awal
tengah
tungtung
Katerangan
a
anduk
palay
Nangka

e
imah
pindah
Konci

u
uncal
kusir
Palu

e'
elmu
semah
Sare

o
oray
loba
Kilo

e
engkol
bengal
-
Teu bisa ditungtung
eu
eusi
beunghar
Henteu



1.1.2.      Vokal  ngantet
Vokal ngantet nya éta vokal anu ngantet henteu kaselang kukonsonan. Vokal ngantet  aya dua rupa, nya éta vokal ngantet anu sarua, umpamana : aa, ii,  uu, oo, jeung vokal ngantet anu teu sarua, umpamana: au, ai, au, ea, jeung sajabana.

Geura urang titenan contona ieu di handap !

Vokal ngantet nu sarua
Conto              kecap\ morfem
Vokal ngantet  nu teu sarua
Conto               kecap \ morfem
ii
Tiis
Ia
miang
ee
hees, tees
Ie
rieg
aa
Caang
Iu
hiu
uu
Buuk
Io
lio
oo
Toong
Ieu
rieut


1.1.3.  Fonem Konsonan
Fonem konsonan basa Sunda ngawengku fonem: h, n, c, r, k, d, t, s, w, l, p, j, y, ny, m, g, b, ng.  Conto pamakean fonem konsonan dina kecap, di antarana bisa di titenan di handap ieu !
Konsonan
awal
tengah
tungtung
Katerangan
H
harga
tahu
Murah

N
narik
bantal
Lawon

C
cangkir
gancang
-
Teu aya konsonan tungtung
R
rieut
sirah
Lieur

K
kompor
saksi
Merak

D
daging
kuda
Kurud

T
tangkal
kentang
Petot

S
saderek
usup
Mamas

J
jimat
gajih
-

Ny
nyaba
nyair
-

M
munding
domaba
Ngosom







1.2.  Pola Engang
Pola engan nya éta kombinasai antara vokal jeung konsonan dina ngawangun engang. Jumlah engang (suku kata) dina unggal kecap téh henteu sarua, aya nu ngan saengang, dua engang, tilu engang, aya anu leuwih.  Geura urang titenan conto ieu di handap !
            Kah, tah, tuh, sok,                    :  saengang  ( teu bisa dirucat)
            da-har, nang-ka, sam-peu         :  dua engang
            ma-neh-na, in-dit-na                 :   tilu engang
            ka-ca-ma-ta, bo-bo-go-han       :   opat engang, jeung sajabana.

1.2.1.  Wangun fonem engang basa Sunda asli
            wangun fonem engan dina basa Sunda aya anu manrope sampakan (asli), jeung aya nu mangrupa  serepan tina basa asing, atawa disebut basa kosta. Wangun engang basa Sunda asli di antarana:
            1.  V                          :  a-ya,  i-eu, u-lin, eu-weuh, jsb
            2.  VK                       :  an-cin, in-dung, ang-kat, jsb
            3.  KV                       :  te-ko, re-a, ba-pa, ku-ya,
            4.  KVK                    :  ka-sur, ban-jar, un-cal,
            5.  KKV                    :  ti-bra, pra-ja, pra-muka
            6.  KKVK                 :  ra-cleng,  ra-jleng,- tu-bruk, jsb.                    

1.1.2.      Wangun fonem engang basa Sunda tina basa asing
Conto kecap anu mibanda pola engang tina basa asing, ngawengku:
            1. VKK                     :  eks-trim, eks-por,
            2.  KKKV                 :  stra-te-gi,
            3.  KKKVK              :  struk-tur,
            4.  KKVKK              :  trans-por-ta-si, kom-pleks


Sabtu, 24 April 2010

Gaya Basa sunda pikeun pangdeudeul materi pangajaran


GAYA BASA SUNDA
 3.1.  Gaya  Basa
            Gaya basa atawa majas nya éta ungkara basa anu susunanana geus matok sarta ngandung harti injeuman. Majas  manrope cara makena kecap kiasan/injeuman anu sifatna ngabandingkeun, ngagambarkeun, jeung negaskeun.
3.1.1.   Majas  Personifikasi (mijalma)
        Majas personifikasi, nys éta majas anu mapandekeun/ngaibaratkeun hiji barang  mibanda kalakuan kawas manusa.
Conto :
            a.  Cihcir keur ngawih tengah peuting.
b.  Daun kalapa cing arulang ngagupayan anu rek mulang.
a.       Sora suling ngabangingik keur ceurik  tengah peuting.
            b.      Angin gunung ngusapan buuk anu keur ngiuhan.
3.1.2.       Majas  Metafora (babandingan langsung)
        Majas metafora, nya éta majas anu ngabandingkeun hiji barang jeung barang sejen sacara langsung, anu ngabogaan sifat anu sarua jeung barang asalna.
Conto :
           a.  Raja angkasa keur ngabombardir kota Bagdad. (kapal udara)
           b.  Sirung – sirung Pajajaran  geus mimiti hudang di Kota Bogor. (masarakat Sunda)
           c.  Si Ratu Ngebor, keur ngahibur nu lalajo di Bogor.
           d.  Kabeh oge kasima basa Si Raja Leuweung  gagauran  neangan mangsa.
3.1.3.       Majas  Asosiasi  (ngumpamakeun)
        Majas asosiasi, nya éta majas anu ngumpamakeun kana barang  anu ngabogaan ciri anu sarua jeung barang anu diumpamakeunana. 
Conto :
            a.  Tanteu Jois mah ari angkat téh siga toko maju.  (sagala dipake,emas, jsb)
            b.  Budak téh siga careuh bulan. (diwedak anu cemedok)
            c.   Bi Mumun beungeutna pias kawas mayit, sabab geuring ripuh.
            d.   Budak téh siga bueuk meunang mabuk, basa dicarekan ku bapana.
 3.1.4.       Majas  Litotes (ngasor)
         Majas litotes nya éta majas anu digunakeun pikeun ngahandapkeun kaayaan diri nu  nyarita (ngasor), pikeun ngahormat ka jalma anu diajak nyarita. 
Conto : 
            a. Linggih atuh pa, ka saung butut. (nu dimaksud imah alus)
            b. Tuang téh teu aya nanaon ngan saukur jeung uyah. (nu dimaksud mewah)
            c.  Abdi mah jalmi bodo teuterang huruf bingkeng-bingkeng acan.
 3.1.5.      Majas Hiperbola  ( rarahulan)
         Majas hiperbola, nya éta majas anu ngagunakeun kecep anu kaleuleuwihi atawa pamohalan.
Conto : 
             a.  Aceh kiwari banjir getih.
b.  Jakarta ayeuna geus jadi kota demontrans.,
             c.  Bakating kusieun, bulu punduk racung kawas kawat.
             d.  Manehna  ngajerit maratan langit basa indungna ka tabrak a
3.1.6.      Majas Pleonasme (kadalon)
Majas kadalon, nya éta majas anu ngagunakeun kecap tambahan katerangan anu sabenerna mah teu perlu, sabab geus tetela.
Conto :
            a. Budak téh naek ka luhur  ngala jambu.
            b. Mobil mogok téh didorong ka hareup.
            c. Pundurkeun ka tukang tah mobil téh  tong ngahalangan jalan.
3.1.7.      Majas  Metonimia  (lalandian)
Majas metonimia, nya éta majas anu ngagunakeun kecap lalandian pikeun ngaganti barang anu dimaksud.
Conto :
            a.  Maung Bandung jadi juara liga Danhill.
            b.  Budak téh keur numpak Honda.
            c.   Si Ujang Gembrot lumpatna mani ngagegag.
           d.   Pa Otto Iskandardinata katelah Si Jalak Harupat.            
 3.1.8.   Majas Euphimisme (rautan)
            Majas anu ngagunakeun kecap anu lembut/lemes, supaya kadengena leuwih sopan. Conto :
            a.  Punten Bu, abdi bade kapengker heula ! ( ka WC )
            b.  Pun Aki mah tos kirang ngadangu. (torek)
            c.  Si Ibro tuangna mani ponyo. (gembul)
            d.  Juragan Somad tos ngantunkeun poe kamari. (maot)
 3.1.9.   Majas  Sinekdok  (raguman)
            Majas raguman di bagi dua, nya éta  Pars Pro Toto (sabagian pikeun sakabehna) jeung Totem Pro  Parte (sakabehna pikeun sabagian).
 3.1.9.1.  Majas Pras Pro Toto
            Majas pras pro toto, nya éta majas anu ngagunakeun kecap dina kalimah nyebutkeun sabagian, padahal anu dimaksud sagemblengna atawa sakabehna.
Conto :
             a. Budak téh geus lila teu katingali tarang-tarangna acan. (nu dimaksud mah sakabehna lain tarangna wungkul)
            b. Pagawean loba leungeun mah sok tara bener. (nu dimaksud lain leungeun    wungkul)
c. Domba téh sabaraha perhuluna ? (nu dimaksud lain huluna wungkul, tapi    sakabehna)
             d. Pucuk Enteh  keur digiling di pabrik. ( nu dimmaksud lain salambar pucuk    tapi  sakabehna)
 3.1.9.2.  Majas Totem Pro Parte
            Majas totem pro parte nya éta majas  anu ngagunakeunkecap dina kalima anu nyebutkeun  sakabehna pikeun sabagian
Conto :
            a.  Indonesia jadi juara Badminton dina olimpiade di Los Angeles. ( nu dimaksud ngan sa tiem lain sakabeh masarakat Indonesia)
            b.   Di Bandung kungsi diayakeun konfrensi Asia-Afrika. (nu dimaksud di gedung Asia-Afrika, lain di sakabeh wewengkon Bandung)
            c. Siswa SLTP N I Dramaga pinunjul kahiji pasanggiri biantara sa        kabupaten Bogor. (nu dimaksud ngan saurang lain sakabeh siswa)
3.1.10.   Majas  Ironi  (sindiran anu lemes)
            Majas anu ngagunakeun kecap sabalikana anu tujuanana pikeun nyindir sindir sacara lemes pikeun nu diajak nyarita. 
Conto :
             a.   “Aduh,… jang ampir weh kabeurangan!” (nu dimaksud sabalikna)
b.  “ Wah,  maneh mah pinter, nilai rapotna oge mani caang kieu!”
a.       Si Eneng mah tulisan téh mani sae kieu, Bapa mah mani teu bisa macana!”
b.      “Hidep mah abongna geus jadi propesor, ngitung anu kieu wae mani teu bisa!”

Evaluasi
Jawab patalekan ieu di handap !
1.  Lamun hidep  ulin ka imah babaturan, kaparengan akina babaturan hidep téh     panonna geus lolong. Kumaha pibasaeun hidep lamun ngagunakeun majas eufeumisme !
      a. “Bapa silaing mah geus teu neuleu nya ?”
      b. ” Tuang aki téh titingalianana tos kaganggu kitu?”
      c.  ” Wah, aki maneh mah geus lolong!”
      d.  “Pun aki mah titingalianana tos kirang awas!”
2.   “Bagong kajajaden téh ahirna guyang getih dicacag ku urang lembur”. Kalimah  kasebut ngagunakeun majas….
      a. litotes,          b. personifikasi,            c. hiperbola,            d. metapora.
 3.   Pilih ungkara basa di handap ieu anu ngagunakeun majas litotes!
      a.  “Rorompok abdi mah didamelna tina saung tos butu deui!”
      b.  “Tuh imah dewek mah anu tilu tingkat!”
      c.  ”Allhamdulillah, nilai ujian téh awon, ngan ukur kengeng izajah tamat, sanes      lulus.”
      d.  ”Lumayan sok sanaos kirang nyugemakeunana oge, pun anak mah kamari janten juara kahiji lomba maca dongeng  di Kabupaten Bogor !”
 Tengetan paguneman di handap ieu !
1).  Adun            : “ Mod, kasewelasan mana anu maen ayeuna?”
2).  Komod         : “ Juve, malah kiperna oge pan sigegep!”
3).  Sanif             : “Wah, hebat euy,  bakal hujan gol geura ari Juventus maen mah.”
4).  Adun            : “ Is,… puguh wae, tong boro jalma hayang lalajo, bulan oge bakal                                   ngintip hayangeun nyaksian.”
4.  Dina paguneman di luhur, kalimah anu ngagunakeun majas hiperbola, aya dina  kalimah nomer….
       a. no. 1                       no. 2                         c. no. 3                         d. no. 4
5.   Majas asosiasi dina paguneman di luhur, aya dina kalimah nomer….
       a. no. 1                       no. 2                         c. no. 3                         d. no. 4
 6.  Dina paguneman di luhuir, aya ungkara “bulan oge bakal ngintip  hayangeun nyaksian.”  Ungkara kasebut, ngagunakeun majas naon….
       a.  hiperbola,            b. asosiasi,               c. metafora,          d. personifikasi.
 Titenan ungkara basa ieu di handap !
            Ti kajuhan keneh Gunung Salak geus katempo keur ngajogo diharudum ku halimun. Barudak anu ngilu hiking, terus wae ngeureuyeuh naek ka luhur. Sawareh mah katingali beungeutna mani sepa, napasna oge meh ampir beak waktu nyorang tanjakan anu kacida netekna. Palebah anu mengkol jeung paroek ku tatangkalan barudak téh ngan katingali sirahna wungkul cing arungkug.                                        
             “Pa, liren heula sakedap, abdi tos teu kiat hoyong kapengker ! ceuk Imas bari nyusutan kesang.
             “Euh,… dasar Si Gembrot, keur dileuweung kieu oge beser dih!” Ceuk Dodo bari  nyaritana kitu téh manehna bari heuay.
             ” Urang eureun heula wae sakeudeung tuh diditu deukeut mata air!”  ceuk  Pa Ganjar. Manehna téh guru pramuka anu kacida pisan resepeunana mawa barudak ulin ka gunung.
            “Ari Imas tos datang teu acan Tin ?” ceuk Pa Ganjar ka Titin anu keur jongjon diuk bari mencetan bitisna. Keur kitu anu diomongkeun norojol datang bari ulungah-elengeh.
            “Mani gancang-gancang teuing Mas, ka cai téh mani hampir sajam nungguan!”  ceuk Si Uhe bari rada manyun.
 7. Dina paragraf ka-1 wacana di luhur, majas pras pra toto aya dina kalimah kasabaraha ?
      a.  kalimah ka-1        b. kalimah ka-2         c. kalimah ka-3       d. kalimah ka-4
8.   Majas metonimia, dina ungkara basa di luhur aya dina paragraf….
      a. paragraf ka-1        b. paragraf ka-2        c. paragraf ka-3      d. paragraf ka-4
 9. “Barudak anu ngilu hiking , terus wae ngeureuyeuh naek kaluhur.” Kalimah diluhur ngagunakeun majas….
       a. metafora,             b. personifikasi,          c. ironi,           d. pleonasme.
 10.  Majas ironi dina ungkara basa kasebut aya dina paragraf kasabaraha?
        a. ka-1                     b. ka-3                  c. ka-5                   d. ka-6