Tampilkan postingan dengan label Si Denok. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Si Denok. Tampilkan semua postingan

Sabtu, 02 Oktober 2010

CARPON


SI DENOK

Mani rancucud balik ti sakola teh, teu kuhanteu meh unggal poe hujan ngageder wae, sok sanajan make jas hujan angger wae baseuh da eta jasna geus heubeul teuing. Barang asup ka jero imah kontrakan, kasampak nu boga imah keur kekerod ngaputan kutangna nu dijieun tina kaen, direret ku juru panon, duh mani geus belel oge masih keneh dikaputan, beda meureun ari kolot baheula mah sok apik.
“Geuning tos mulih cep guru?” nu boga imah nyelengkeung, bari ngareret ka kuring. Disebut encep teh karasa irung asa nambahan, awak tiris oge ari disebut encep mah langsung asa haneut deui.
“Matakna ceuk Nini oge geura enggal gaduh bojo geura, ulah nyorangan bae.” Nu boga imah neruskeun cacaritana, kuring ngan ukur ngabelehem, saha atuh jalmana nu teu hayang buru-buru rarabi, hate ngagerentes,
 “Pan aing cicing ngontrak di imah ieu oge keur ngaheroan Si Denok incu nini!” noroweco dina jero hate teu wani kedal, menta incuna rek dipikanyaah, aya bangbaluh nu beurat dina jero dada kaluar ngan ukur rumahuh. Gek diuk dina korsi hoe tengah imah nyanghareupan nu kakaput.
“Mun si Eneng incuna nu keur kakaput teh, iklas rek ngabaturan sok sanajan kudu sapeuting jeput” hate noroweco, nu kedal mah ngan ukur napas nu ngarahuh.
“Neng,...neng,... mawa cai panas ka dieu yeuh keur bujang olot!” si nini nyelengkeung nitah incuna. Hate mani ngaleketey, disebut bujang kolot teh. Asa kacida teuing dasar nini-nini kolopetong. Sok sanajan rumasa umur geus kapala opat ari langsung ditogmolkeun kitu mah teu burung wae hate teh peurih, mangkaning di hareupeun Si Denok, nu keur diheroan. Rumasa Kuring teh euweuh kawani sok sanajan kaimpleng wae beurang peuting, tapi wawanen teu daek teger pikeun ngedalkeun gerentes batin, sok sanajan duriat beuki lila beuki ngentab-ngentab. Ku babaturan sakantor di sakola remen dihatean pikeun buru-buru rumah tangga pajarkeun teh lalaki mah wenang, tapi edas, hate can aya kawani rumasa boga rupa kurang hade, huntu rada nonghol kahareup, awak pendek, beuteung rada bucitreuk. Sakapeung mah sok rada ambek lamun kadenge barudak di kelas sok cing kecewis “aya pa gino....aya pa gino” mimitina mah teu ngarti ari dilenyep-lenyep gino teh hartina gigi nonghol. Dalah dikumaha dasar barudak, sakapeung mah sok ngarasula. Pipikiran  jadi ngacacang ka ditu-ka dieu. Lamunan nu marawudah kagebahkeun ku sora halimpu, nu beurang peuting teu weleh kapicangcam.
“Mangga Pa, cai kopina meungpeung masih panas !”  bari nyarita kitu teh manehna diuk di gigireun ninina, hate mani bungangan komo ningali dilak panonna anu buled, sarta imutna nu kareueut, dipasieup ku kempot pipi sabeulah  lir liang undur-undur. Hate bunganga asa bagja kacida, dipangnyieunkeun kopi ku Si Denok mah. Teuing ku geumpeur, teuing ku atoh atawa kasima ku keletna Nyi Mojang, teu talangke regot kopi teh diuyup disakalikeun, gurubug awak mani ngorejat, biwir genteul asa tutung bakating ku panas, huntu dua nu nonghol rarasaan mah silih sered paheula-heula dina jandela biwir  teu kuateun ku panasna cai kopi, Si Denok mesem nungkupan biwirna. Kuring rampang-reumpeung neangan pamuntangan, teu ku hanteu gap kana kutang Si Nini nu ngalumbuk ledak-ledak pake ngelapan biwir, hieuk bau haseum nu teu pararuguh. Si Denok beuki ngehkey nyengseurikeun kuring nu pakupis.
Ti kajadian harita kuring teu wani deui nyanghareupan Si Denok era ku kalakuan nu teu tarapti. Harepan nu ngagedur antukna ditendeun dina lalangse hate.