NULIS SISINDIRAN
Titenan conto sisindiran di handap!
a. Sisindiran wangun Rarakitan
a). Rarakitan anu eusina Silih asih
Conto:
Sapanjang jalan Soreang
Moal weleh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal weleh diakalan
b). Rarakitan anu eusina piwuruk (nasehat)
Conto:
Sing getol nginum jajamu
Nu guna nguatkeun urat
Sing getol neangan elmu
Nu guna dunya aherat
c). Rarakitan anu eusina sesebred (banyol)
Conto:
Sok hayang nyaba ka Bandung
Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna
b. Sisindiran wangun Paparikan
a). Paparikan anu eusina Silih asih
Conto:
Ti peuting samping geresik
Ti beurang tumpal bandera
Ti peuting pagiling gisik
Ti beurang papanggih era.
Leuleupeutan leuleumeungan
Ngarah kekejoanana
Deudeukeutan reureujeungan
Ngarah tetenjoaanana
b). Paparikan anu eusina piwuruk (nasehat)
Conto:
Baju kutud heureut pola
dikelin teu dijalujur
mun teu cucud ti sakola
arisin balik ka lembur
c). Paparikan anu eusina sesebred (banyol)
Conto:
Ngala jati sisi lembur
Sikina dibawa ngungsi
Ka rahayat nitah jujur
Dirina anu korupsi
Cikur jangkung jahe koneng
Lampuyang pamura beuteung
Rarasaan jangkung koneng
Puguh mah bureuteu hideung.
c. Sisindiran wangun Wawangsalan
Conto:
Teu puguh monyet hideungna
Teu puguh tungtungna
(wangsalna : lutung)
Teu beunang disupa dulang
Teu beunang dibebenjokeun
(wangsalna : kejo/sangu)
2. PEDARAN
a. Wangenan
Sisindiran, nya eta wangun karya sastra puisi klasik anu ngagunakeun rakitan basa anu dibalibirkeun. Dina ngawangun eusi biasana sok make cangkang.
Nurutkeun wangunna, sisindiran teh dibagi jadi tilu rupa, nya eta rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan. Sedengkeun lamun ditingali tina sifatna atawa eusina sisindiran teh dibagi jadi silih asih, piwuruk, jeung sesebred.
b. Ciri-ciri sisindiran
a). Ciri rarakitan
• Diwangun ku opat padalisan
• Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi.
• Ngagunakeun kecap anu sarua; kecap anu aya dina puhu jajaran kahiji dibalikan deui dina puhu jajaran katilu, kecap anu digunakeun dina puhu jajaran kadua dibalikan deui dina puhu jajaran kaopat, atawa kecap anu aya dina puhu jajaran nana sarua.
b). Ciri paparikan
• Diwangun ku opat padalisan
• Padalisan kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung kaopat mangrupa eusi.
• Tungtung sora basana parek/deukeut; kecap anu aya dina tungtung jajaran kahiji sora basana deukeut jeung kecap dina tungtung jajaran katilu, kecap anu digunakeun dina tuntung jajaran kadua sora basana deukeut jeung kecap dina tungtung jajaran kaopa.
c). Ciri wawangsalan
• Diwangun ku dua padalisan
• Padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi.