Kamis, 22 Juli 2021

CONTO BIANTARA

 TEKS  BIANTARA BASA SUNDA

 

 

            Assalamu’alaikum  Wr. Wb.

 

            Langkung ti payun   ngahaturkeun nuhun ka Panata Acara anu parantos masihan lolongkrang ka simkuring kanggo biantara dina ieu pasanggiri.

           

Kapihatur, Ka Kwarcab Kab. Bogor, salaku Pangjejer Pramuka  anu  Ku Simkuring dipihormat, 

           

Kapihatur, Pupuhu Panitia LT III Kab. Bogor miwah rengrenganana anu Ku Simkuring dipihormat,

 

Kapihatur, Rengrengan Kaka Pembina anu Ku Simkuring dipihormat,

 

           

            Waktos nampi bewara yen Kwarcab Kab. Bogor bade ngayakeun biantara dina        LT III, Simkuring ngaraos pisan reueus, wirehna para inohong Pramuka anu aya di Bogor henteu aya kasuda dina  ngamumule titinggal karuhun Sunda. Apan Bogor teh tos kawentar mangrupa wewengkon karajaan Pajajaran, anu masarakatna danget harita mangrupa masarakat anu pinunjul.

            Nyoko kana tema anu didugikeun ku rengrengan Calagara, Simkuring bade nyobian medar ngenaan Pramuka jeung lingkungan hidup atawa numutkeun basa Sunda mah lingkungan pakumbuhan.

            Para Pamilon Pasanggiri Basa Sunda, anu ku Simkuring dipihormat,

Milarian identitas atawa jati diri Pramuka nu aya di Bogor teh kacida pisan sesahna. Esensi jeung eksistensi jati diri Pramuka, kacida pisan pentingna lamun ditalungtik, diteuleuman atawa diulik deui. Saha jeung kumaha ari Pramuka dina ngokolakeun lingkungan hirupna teh ?

            Geura urang sasarengan naratas jeung nyawang mangsa katukang, urang nyukcruk galur mapay raratan Pramuka.

            Gerakan pramuka salaku wadah organisasi kacida pisan pentingna pikeun ngabeungkeut jeung ngaronjatkeun kreativitas para nonoman, boh putra atanapi putrina. Lian ti eta, gerakan pramuka teh ti kapungkur keneh tos jadi jejer dina ngarawat katut ngariksa kaayaan alam Indonesia, utamana nu aya di wewengkon Bogor. Tos teu bireuk deui anggota pramuka mah  sok ngiring ancrub dina ngamumule lingkungan, boh nu mangrupa melakan leuweung anu ruksak atawa ngilu ancrub dina ngaberesihan lingkungan sosial masarakat anu kurang merenah.

            Pikeun tetep nanjeurkeun eksistensi pramuka dina ngariksa jeung ngamumule lingkungan hirup anu hade, di antarana:

1.      Kudu jadi Pramuka Sajati,.Para Pangaping Pramuka kedah ngabina jeung ngatik murangkalih dina kahirupan di sakola. Lamun tiasa mah gerakan pramuka teh kudu janten ekstrakurikuler nu utama.

2.      Pikeun ngahontal karaharjaan bangsa, Para nonoman Pramuka kudu parigel  boh ku elmu pangaweruh, boh  ku kabinangkitan sejenna.. Tos waktuna urang salaku anggota pramuka mangsa kiwari ngilu ancrub kana widang pangwangunan bangsa.

3.      Nu kacida pisan pentingna dipibanda ku para anggota salaku kader Pramuka, pikeun ngahontal karaharjaan Bangsa, yen pramuka teh kudu  mibanda jati diri, nya eta kudu cageur, bageur,bener, pinter,  singer, wanter, teger, tur cangker.  sarta kudu diwuwuhan ku hade gogog hade tagog. Anu hartina anggota pramuka teh kudu mibanda basa jeung laku lampah anu hade.

            Dumasar kana wincikan tadi, tos tetela yen pramuka teh mibanda kalungguhan anu kacida pisan pentingna dina ngamumule lingkungan pakumbuhan sarta ngawujudkan kapribadian bangsa.

Mung sakieu wae biantara ti Simkuring, neda hapunten bilih seueur kalepatan. Hapunten bilih langkung saur,bahe carek, dina nyusun basa anu didugikeun kirang entep seureuhna.

Cag!

Urang teundeun di handeuleum sieum,

Urang tunda di hanjuan siang,

Paranti nyokot ninggalkeun.

 

Wabillahi taufiq wallhidayah,  Wassalamu’alaikum  Wr. Wb.

 

 

                                                                                    Priyatna Windya Giri

                                                                                    Pangkalan SMP N 1 Dramaga

Tidak ada komentar:

Posting Komentar