Kamis, 22 Juli 2021

BIANTARA (PIDATO)

 

BIANTARA

1.  Definisi :  kedalan pikeun nepikeun informasi jeung tujuan anu tangtu ka jalma loba.

2. Struktur/sistematika biantara

            a.  Bubuka biantara

            b.  eusi biantara

            c.  Panutup biantara

3.  Rupa – rupa Biantara

a.  Biantara Kanagaraan

b.  biantara pangbagea poe nu tinangtu

c.  biantara dina hiji acara

d. biantara  ngaronjatkeun sumanget.

4.  Tujuan Biantara

            a.  Mangaruhan batur sangkan daek nuturkeun kahayang nu biantara

            b.  Nepikeun informasi ka balarea

            c.  Mere beja ka balarea pikeun mere sumanget jeung ngagumbirakeun

5.  Jenis – jenis Biantara

a. Biantara Bubuka, nya eta biantara anu cindek dilakukeun ku MC atawa pembawa acara

b. Biantara Pangarahan, nya eta biantara anu eusina mere luang dina hiji pasamoan

c.  Biantara pangbagea, nya eta biantara  anu ditepikeun dina acara kagiatan mapag hiji acara.

d.  Biantara Peresmian, nya eta biantara anu dilakukeun ku hiji tokoh dina hiji acara anu tangtu.

e.  Biantara Laporan, nya eta biantara nu ditepikeun ku hiji panitian dina hiji kagiatan

f.  Biantara pertanggungjawaban, nya eta biantara pikeun nepikeun hiji pertanggungjawaban resmi.

6. Teknik/Padika Biantara

a.  Teknik ngapalkeun biantara jadi pidato hapalan

b.  Teknik biantara saujratna/langsung, nya eta teknik biantara  anu saujratna dumasar kana pangalaman jeung wawasan nu biantara

c.  Biantara Naskah, nya eta biantara ku cara maca naskah nu tos disiapkeun dina acara resmi

7. Hal – hal anu kudu dititenan dina Biantara

a.  Sora/vokal kudu bentes tur jelas

b.  Lentong jeung wirahmana kudu merenah

c.  kudu merhatikeun adat sunda

d.  kudu mibanda pangaweruh anu jembar

e.  kudu bisa ngareka basa ngareka basa nu hade, tur laku lampah anu merenah

f.  kudu mibanda laku humoris dina acara biantara anu tinangtu.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar