Jumat, 08 Oktober 2010

BURONAN


BURONAN

            Sadatangna ka Bandung, Kuring ditempatkeun di hiji asrama tenaga kerja. Angkeuhan mah hayang geura-geura balik ka imah, geus sono kapamajikan meh ampir tilu taun ditinggalkeun, meureun ayeuna tos teu sabar ngarep-ngarep kuring balik.
            Salila di asrama pagawean teh ngan Catur, jeung kalan-kalan Gapleh. Eta oge tambah kesel narawang mangsa katukang di perkebunan kalapa Sawit di Malasya. 
            Jejeg sabulan Kuring jeung nu lianna kakara diidinan mulang ka kulawarga masing-masing. Sajung-jungeun rek indit pisan, malah rangsel nu dieusian ku pakean ge geus disolendangkeun, tina kaca jandela katingali di luar aya nu leumpang muru kamar Kuring. Sidik nu datang teh sobat dalit, ma’lum mawuh ti keur masih keneh pendidikan tenaga kerja pikeun luar negri.
            ”Rek terus balik ayeuna Ilaing teh?” ceuk manehna bari ngajak sasalaman.
            ”Nya heueuh atuh, pikaru rek cicing wae didieu!...hoream tiris euy, di asrama mah”. Kuring nembalan bari seuri.
            ”Enya Dewek ge ngarti !” walon Maryono daria naker. Manehna teh asalna ti tegal, ngan digedekeun di Bandung ngilu jeung lanceukna. Sanggeusna ngilu pendidikan tanaga kerja, manehna mah terus cicing di asrama jadi tenaga administrasi, nepika kiwari. Sok sanajan geus boga pacabakan jeung panghasilan nu matuh, manehna mah tetep wae bubujangan.
            ”Kieu yeuh Jaka, pangna Dewek ngahaja datang ka silaing oge, rek ngabadamikeun pamajikan maneh”. Deg hate asa aya nu ngaganjel, ngadadak cing seredet siga aya kila-kila nu teu hade. Aneh hate jadi teu pararuguh. Kakara ayeuna Maryono nyaritakeun pamajikan Kuring bet asa beda.
            ”Naha kunaon pamajikan Kuring teh geuring? Atawa manggih kacilakaan salila Kuring di Malasya?” Kuring rusuh nanya ka manehna.
            ”Lain.” tembalna.
            ”Lain ?...na aya naon atuh?”kuring nanya beuki panasaran.
            ”Hade ku Dewek diterangkeun ! tapi saencana Dewek menta dihampura geus ilubiung kana rumahtangga Ilaing”. Walonna diselang heula ku ngagesek-gesekeun kuntung roko  kana asbak. Kuring ngawaskeun bari tetep diuk ngadago naon nu rek dicaritakeunana.
            ”Silaing ge nyaho yen Dewek teu kapapancenan pikeun indit ka Malasya, Dewek dibere pancen pikeun ngalatih tenaga kerja lianna nu baris diiangkeun ka ditu.”. Maryono ngamimitian nyarita deui.
            ”Tapi sok sanajan riweuh ku pagawean, Dewek sok ngahajakeun nitenan pamajikan Ilaing bisi komaonam. Maksud teh bisi gering”.
            ”Nuhun atuh ari Silaing merhatikeun kulawarga Dewek mah”. Walon Kuring nganuhunkeun.
            ”Sanggeus dititenan Ku Dewek, sihoreng teh pamajikan Ilaing ngayakeun deui hubungan jeung urut kabogohna bareto.” Mani asa kapupul bayu ngadenge caritaan kitu ti sobat dalit teh. Kuring ngaheruk, asa percaya asa henteu.
            ”Jaka,...! Dewek lain rek ngabaruntakeun rumah tangga Ilaing, tapi kanyataanana memang kitu ! eta mah Silaing rek percaya, rek henteu, ngan Dewek salaku sobat Silaing geus ngabejaan”.
            Beungeut karasa beureum. Harepan endah anu geus dirarancang ti bulan kamari keneh ngadadak buyar, diganti ku rasa amarah nu ngagedur dina jeroeun  dada.
            ”Jaka,...Dewek ngabejaan kitu teh bakat teuing ku nyaah ka Anjeun, geus asa jeung dulur sapakuhinis. Dewek oge lamun ngagugu napsu mah hayang mateni ka eta lalakina teh, euy !” Kuring tetep diuk teu ngajawab sakemek-kemek acan. Dada karasa panas. Leungeun tipepereket meureup nahan napsu. Gebro,...Kuring nonjok meja satakerna. Maryono ngarenjag, reuwas sigana mah.
            ”Nuhun, Mar !.... Kuring  jangji moal waka balik ka imah pamajikan, tapi rek disilidik heula, lamun caritaan Silain bener, eta lalakina ku Dewek rek dipateni ! Kuring sanggup modaran jalma !” Nyarita satengah ngagorowok. Kep, kana peso Balati nu nogel dina cangkeng. Ret ka Maryono. Peso ditimang-timang dina dampal leungeun. Peso anu ngabaturan Kuring ngumbara di lemah cai deungeun, peso anu pernah rek dipake niruk jantung urang  asing ku sabab ngahina pagawe Indonesia. Maryono nu tadi diuk gigireun Kuring nangtung, sarta mundur salengkah. Kuring tipepereket nyekelan peso, awak ngadegdeg, dada pinuh ku amarah. Gajleng,...! luncat kaburuan. Belesat peso dibaledogkeun ka hayam anu keur ngoreh di sisi pager. Crebb,...! niruk kana dadana. Kusek,..hayam sapada harita paeh kekerejetan ngaleupaskeun nyawa. Ciak-ciak,...anak hayam teh cing cariak nenjo indungna paeh katiruk ku peso. Cakakak,...Kuring seuri ngalenggak.
            ”Lamun bener pamajikan Dewek nyeleweng, lalakina bakal sanasib jeung hayam! Si Imas ku Dewek baris digorok tikorona !” Kuring susumbar.  Maryono ka luar, nyabut peso Kuring dina dada hayam.
***
            ”Enjingna di bumi Saderek di jalan Sukajadi aya raja pati. Anjeun nu mergasan?” ceuk Kapten Arman ti polisi  reserseu nu mariksa Kuring, manehna neuteup seukeut. Kuring seuri ngagakgak ngeunah pisan. Nyengseurikeun kapten intel nu ceuk pangrasa mah kacida bodona.
            ”Oh,...Muhun-muhun,...pangna Sim Kuring ditahan di ieu Sel oge nya?” Walon teh bari seuri sinis.
            ”Saderek Jaka lepat sangki ! kitu deui Saderek Maryono. Eta pamuda anu amengan ka tuang istri teh saleresna wargina keneh”. Kapten Arman neruskeun deui omonganana. Kuring ngan saukur unggeuk. Poe ieu mangrupa poe nu katilu Kuring dipenjara jeung diinterogasi, ngeunaan raja pati di imah Kuring.
            ”Sok caritakeun deui naon-naon nu kalaman ku Anjeun ! terangkeun cing langkung jentre !” Kapten Arman nitah deui Kuring nerangkeun kumaha Kuring mateni eta pamuda.
            ”Naha Kapten yakin Kuring nu mergasa eta pamuda?” kuring malik nanya.
            ”Silaing bisa ngabela diri, jeung bisa mungkir. Tapi bukti geus kuat yen Silaing nu matenina !”
            ”Cing mana buktina yen Kuring nu mateni eta pamuda teh?” walon teh rada nyeneu. Angkeuhan samemeh dipenjara hayang ngabela diri heula.
            ”Hahahaha...! naha Anjeun siga nu bodo tur teu eling? Na teu rumasa sataun ayeuna geus jadi buronan? ” Kapten Arman seuri ngagakgak bari jeung ngalenggak. Asa lucu meureun ningali Kuring siga nu balelo. Kapten Arman neruskeun deui omonganana,
            ”Hade,...ku Kuring dijelaskeun, bisi Anjeun panasaran mah. Ti ngawitan saderek balik ti asrama, enjingna di bumi saderek aya raja pati. Hiji pamuda nu namina Subandi ditiruk dadana ku peso balati nepika perlayana. Saatosna disidik eta peso teh aya sidik jari Anjeun, sarta aya saksi nu ngayakinkeun kapolisian, yen eta peso teh milik saderek Jaka”.
Kapten Arman eureun heula nyaritana,  song ngasongkeun peso nu dibungkus ku palastik. Ku Kuring ditampanan. Leungeun ngadadak ngadegdeg. Bener ieu peso teh milik Kuring nu dipake mateni Subandi tea.
”Ti harita saderek ngiles taya laratanan. ku polisi diuber-uber meh ampir sataun. Ti harita saderek jadi buronan”. Kuring seuri disebut jadi buronan teh. Kapten Arman neruskeun deui omonganana bari neuteup seukeut siga hayang nyaho reaksi Kuring narima carita ti manehna.
”Sanggeus polisi nyaho yen eta teh peso saderek, teg wae yen nu mateni Subandi teh saderek Jaka. Komo deui aya katerangan ti Maryono yen Anjeun, Jaka pernah ngancam rek maehan eta pamuda.” Kapten Arman eureun heula nyaritana, neuteup seukeut, aya rasa seber nu ngancik dina diri.
”Kuring ngainterogasi istri saderek. Anjeuna nganken nalika Subandi nuju calik dipatengahan jeung manehna, aya nu asup hiji lalaki ditaregos, langsung nusukeun peso kana dada Subandi”.
”Teras kumaha Kapten?” kuring nanya panasaran.
”Polisi naroskeun naha panto tos di konci? Istri saderek  ngangken ponto tos dikonci., sarta mere katerangan nu nyekel konci teh ngan duaan, manehna nya eta istri saderek jeung saderek ku Anjeun . kuring ngan ukur mesem ngadenge kitu teh.
”Tah ayeuna bukti-bukti tos kuat tur jelas, saderek Jaka nu maehanna! Naha saderek rek tetep keneh mungkir?” Kapten Arman eureun heula bari neuteup seukeut.
Jung Kuring nangtung, porosot ngalaan beubeur, terus digolerkeun dina meja. Kapten Arman ngawaskeun kalakuan nu dilakukeun ku Kuring harita. Paromanna kacida heran tur panasaraneunana, naon nu baris dilampahkeun ku Kuring satuluyna.
”Kapten !... Kuring lain nu maehan eta pamuda.” harita Kuring ngamimitian muka carita.
            ”Nalika ti asrama, mulang teh ngahaja tos peuting. Angkeuhan mah hayang ngabuktikeun omongan Maryono, naha bener atawa ngan saukur akon-akon. Dugi ka rorompok,  Kuring teu terus asup ka imah, tapi langsung nyempod dina sisi pager Kibeling. Ti belah Kaler katingali aya hiji lalaki asup ka pakarangan imah. Hate jadi ratug!...teg wae ieu meureun lalakina nu ngaheureuyan pamajikan Aing teh”. Di selang ku neureuy ciduh, asa beurat rek ngedalkeun bangbaluh nu tos ampir sataun disidem dibuni-buni.
            ”Barang  si lalaki nepi ka hareupeun panto, katingali pamajikan Kuring anu mukakeun pantona oge. Katojo ku cahaya listrik, katingali beungeut pamajikan Kuring mani marahmay, bangun nu kacida atohna”.
            ”Teras,...naon nu dipilampah ku saderek harita?” Kapten Arman motong kalimah.
            ”Angkeuhan mah Kuring teh hayang asup ka jero,  tapi Kuring ngadadak ngabatalkeun pamaksudan, sabab aya deui nu asup ka buruan imah, katingali nu ieu mah rada culang-cileung, siga sieun katohyan manehna aya di dinya. Gebeg,..Kuring reuwas, sabab eta lalaki nu anyar datang teh taya lian ti Maryono”. Kuring nyelang heula eureun narik napas sababaraha kali. Katingali Kapten rada kerung.
            ”Naha aya naon manehna bet ka dieu? Harita Kuring beuki panasaran”. Ceuk kuring siga nu ditujukeun Kapten Arman.
            ”Salajengna naon nu kapendak ku saderek?” Kapten Arman terus nalek bangun nu kacida panasaraneunana.
            ”Di jero imah kakuping aya nu parasea  suanten lalaki. Teu lami aya nu ngajerit suanten istri nu katahan”. 
            ”Cobi teraskeun deui cing langkung tandes!” Kapten nitah deui ka Kuring. Manehna menerkeun tipe nu dipake ngarekam omongan, sarta ngisedkeun korsi jadi leuwih deukeut.
            ”selang sababaraha menit di lebet aya nu ka luar, sihoreng teh Maryono gura giru naker. Enjingna kapendak aya raja pati, sarta Sim Kuring nu dituduh nu maehanana”.
            ”Ari ieu peso saha nu nanceb dina dada korban? ” ceuk Kapten Arman bari rada kerung, halisna meh ampir tepung.
”Duh,...kudu ngabongkar deui fakta nu aya?” ceuk Kapten Arman. Sorot panonna aya rasa nuleah.
            Song kuring ngasongkeun surat, nu kapanggih di imah kontrakan Subandi. Lalaunan ku Kapten Arman dibuka, paromanna katingali marahmay, panonna neuteup anteb ka Kuring.

            ”Tah, palebah dinya Kuring gaduh jawabanana, tapi mangga ayeuna mah ku kapolisian wae kedah dibongkar.” ceuk kuring, rada tatag. Aya rasa nu ngemplong, aya harepan nu mimiti ngalangkang. Harepan bisa leupas tina sarigsig beusi geus nembongan.

Tenjolaya, Bogor, 10 Oktober 2010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar