Jumat, 19 Februari 2021

Jenis-jenis Kalimah

 

2.5.   Tata kalimah  (sintaksis)

 

2.5.1.      Warna kalimah dumasar kana unsur pangwangunna.

 

Warna kalimah dumasar kana unsur pangwangunna, kalimah téh aya nu disebut  kalimah sampurna, jeung lalimah teu sampurna. Sangkan leuwih jelas urang pedara wae di handap ieu!

 

2.5.1.1.   Kalimah sampurna

            Kalimah sampurna  nya éta kalimah anu diwangun ku hiji jejer (subjek) jeung hiji caritaan (predikat)  atawa leuwih, boh make katerangan, panglengkep, boh henteu.  Conto:

 

            a.   Rudi   keur  leumpang.

                   S                    p

 

            b.   Rina   keur  masak   sayur  haseum  di dapur  jeung Bi Ijah.

                    S                p                     o                 ket.                Pel.

 

 

2.5.1.2  Kalimah  teu  sampurna

Kalimah teu sampurna nya éta kalimah anu diwangun ku hiji klausa kauger (terikat), nu teu mibanda jejer.  Kalimah teu sampurna  biasana mangrupa  kalimah langsung, boh ti panyatur basa, boh ti paregep (penyimak).

Geura urang titenan contona!

a.   Ubed         :  “ Jang Uhe keur naon cicing di dinya ?” (sampurna)

      Uhe           :  “ Ngalamun”  (kalimah teu sampurna) 

      Ubed         :  “ Euleuh…” (kalimah teu sampurna)

 

b.  Aki             :  “Ieu téh bau naon?”  (teu sampurna)

     Nini            :  “Hitut….!”  (teu sampurna)

 

2.5.2.   Warna Kalimah Dumasar kana Frase Predikatna

            Jenis kalimah  dumasar kana kecap atawa frase predikatna ngawengku, kalimah barang, kalimah pagawean, kalimah sifat, jeung kalimah bilangan. Dina diktat ieu anu baris dipedar téh nya éta jenis kalimah pagawean.

 

 

2.5.2.1. Kalimah pagawean

Kalimah pagawean ngawengku;  (a) kalimah aktif,  (b)  kalimah pasif,  (c) kalimah reflektif, jeung  (d) kalimah resiprokatif.

            Kalimah pagawean, nya éta kalimah anu predikatna mangrupa  kecap atawa frase pagawean. Contona:

            a.  Budak téh   ngala  jambu. (predikatna kecap pagawean)

                        s              p         o

            b.  Si Benhur  keur  geuring ripuh .  (predikatna frase pagawean)

                        s                       p                 

 

 

 

 

1. Kalimah Aktif

            Kalimah pagawean aktif, ngawengku kalimah aktif transitif jeung kalimah pagawean aktif intransitif.

 

1).  Kalimah aktif transif

            Kalimah aktif  transitif, nya éta kalimah aktif anu predikatna  merlukeun objek. Contona:

            a.  Sinta keur ngundeur  daun sampeu.

                    S              p                    o

            b.  Mang Udin  Keur ngomean  Motor  Bebek

                          s                    p                     o

            c.  Budak teh keur maca

                  S            p

 

2). Kalimah aktif  intrasitif 

Kalimah aktif intransitif, nya éta kalimah  anu predikatna teu merlukeun objek. Conto:

 

a.  Budak téh sarena mani tibra.

        s               p           pel.

 

b.  Budak téh keur ceurik mani eueuriheun.

              S              p                   pel

 

b.  Neng Sinta  keur  seuseurian  sorangan.

          s               p                    pel.

2.  Kalimah pagawean  pasif 

 

Kalimah pagawean pasif nya éta kalimah pagawean anu predikatna mangrupa  kecap atawa frase pagawean pasif, sarta  subjekna/ jejerna kakeunaan ku pagawean. Kalimah pasif, biasana kecap pagaweanana make rarangken   hareup   di-  atawa rarangken hareup  ka-.

Contona:

a.       Cau ambon keur dipanggul  Bah Toha.

b.      Hayam jago  keur diparaban  Mang  Ibro.

c.       Tanteu  Susi katabrak beca.

3.  Kalimah pagawean reflektif

Kalimah pagawean reflektif, nya éta kalimah pagawean anu subjekna ngalakukeun pagawean keur kadirina sorangan.  Contona :

a.       Si Udin keur sibeungeut di pancuran.

b.      Ririn keur nyisiran bari dangdak-dengdek.

c.       Manaehna keur ngelapan kesang ku anduk leutik.

 

4.  Kalimah pagawean resifrokatif

 

Kalimah pagawean resiprokatif, nya éta kalimah pagawean anu subjekna ngalakukeun pagawean anu pabales-bales. Contona:

a.       Anjing jeung ucing silih udag.

b.      Si Japra jeung Si Jantuk patenggor-tenggor  di jero kelas.

 

 

 

2.5.2.2.  Kalimah Barang

            Kalimah barang nya éta kalimah anu predikatna mangrupa  kecap barang atawa frase barang. Conto:

            a.  Pa Maman  guru ngaji di Kampung Laladon.

                        S                 p                  ket.

            b.  Juragan Komar   bandar   hayam.

                           J                     p          O

            c.  Bu Tuti  dokter  di Puskesmas Gunung Salak

                      J             p                      Ket.

 

2.5.2.3.  Kalimah Sifat 

            Kalimah sifat, nya éta kalimah anu predikatna/caritaanana mangrupa kecap sifat atawa frase sifat. Conto:

            a.  Budak téh  mani pinter.

                       J                  C

            b.  Neng  Dewi   panggeulisna  di kampung Cinangka mah.

            J                     C                    Ket.

 

2.5.2.4.  Kalimah  Bilangan

       Kalimah bilangan nya éta kalimah anu predikatna/caritaanana mangrupa kecap bilangan atawa frase bilangan.

            a.   Nunung  rengking kahiji  di kelasna

                       J                   C                     Ket.

            b.  Buku Novel téh aya lima judul di perpustakaan.

                              J                    C     pel.            Ket.

 

2.5.3.   Warna Kalimah Dumasar kana Fungsina

            Warna atawa jenis kalimah dumasar kana fungsina, dibagi jadi tilu bagian, nya éta;  (1) kalimah wawaran,  (2) kalimah pananya,  (3) kalimah parentah.

 

1. Kalimah  Wawaran

            Kalimah wawaran nya éta kalimah anu fungsina pikeun mere beja atawa ngawawarkeun ka batur tanpa miharep jawaban anu tangtu. Conto :

            a. Barudak keur ucing-ucingan di buruan.

            b. Mang udin keur maraban hayam.

           

Ciri-ciri kalimah wawaran:

a.       nepikeun informasi kanu lian.

b.      Teu merlukeun jawaban anu langsung.

c.       Kalimahna ditungtungan ku tanda baca titik.

 

2. Kalimah Pananya

Kalimah pananya, nya eta kalimah anu fungsina pikeun nanyakeun hiji informasi, kalawan miharep respon atawa jawaban anu langsung. Conto:

a.       Saha Jang budak anu katabrak beca teh?

b.      Iraha Ma Ikem indit ka Jakartana?

Ciri-ciri kalimah Tanya:

a.  Nepikeun informasi, sarta miharep jawaban anu langsung.

b.  kalimahna ditungtungan  ku tanda baca pananya.

 

3.  Kalimah Parentah

            Kalimah parentah, nya eta kalimah anu fungsina pikeun nitah atawa marentah, anu merelukeun tindakan sacara langsung. Conto:

a.       “Cing pangnyandakeun kapur !”

b.      “ Ulah cicing di lawang panto, hareurin!”

 

Ciri-ciri kalimah parentah.

a.       Nepikeun parentah, sarta miharep tindakan anu langsung.

b.      Kalimahna make tanda kekenteng (tanda kutif).

            c.   Tungtung kalimahna make tanda baca panyeluk.

Pangaweruh ngeunaan Reklame

 

REKLAME / IKLAN

A.  Definisi

Reklame atau disebut oge iklan asalna tina basa spanyol tina kecap “re” - “clamo”.

 “Re” artina balikan deui terus-terusan, (berulang), sedengkeun “clamo” artina bewara/pangajak. Kecap Reklameu sacara umum ngabogaan harti, nya eta  mangrupa bewara atawa pangajak anu dilakukan teterusan sababaraha kali pikeun nawarkeun hiji barang atawa jasa.

Dumasar kana etimologina Reklameu atawa iklan, ngabogaan pengertian/definisi nya eta: hiji informasi anu eusina mangrupa pangajak pikeun ngirut minat jalma lian, supaya kapincut ku hiji barang atawa jasa anu ditawarkeun ka konsumen.

 

B. Tujuan Reklameu/Iklan

Reklameu atawa iklan mibanda tujuan, diantarana:

a.    Pikeun ngapromosikeun hiji produk.

b.    Ngirut minat konsumen pikeun meuli atawa ngarasakeun barang jeung jasa nu ditawarkeun ku produsen.

c.    Ngagampangkeun hiji produk dipikawanoh ku konsumen ngaliwatan media televisi, radio, media sosial, majalah, pamplet, spanduk, poster, jsb (jeung sajabana).

 

C.  Ciri-ciri reklameu atawa iklan

a.    Eusi iklan kudu jelas, hartina  Iklan anu hade dipidangkeun eusina singket, jujur, objektif, ngirut minat, sarta teu ngaruksak produk nu sejen.

b.    Informatif, hartina iklan anu dipidangkeun nepikeun informasi anu jelas ngeunaan hiji produk atawa jasa anu ditawarkeun.

c.    Basa nu digunakeun hartina babari dipikaharti, hartina supaya produk anu diiklankeun ngirut minat konsumen pikeun nyobaan produk anu diiklankeun.

d.    Iklan anu dikemas, kudu bisa ngirut minat anu maca atawa nu nonton, hartina supaya konsumen mikahayang nyobaan produk anu diiklankeun.

e.    Mibanda sifat pangajak, hartina ngirut minat kuantitas konsumen anu loba  pikeun nyobaan jeung ngagunakeun produk nu diiklankeun.

D.  Jenis-jenis Reklameu / Iklan

1. Jenis reklame/iklan dumasar kana Tujuanana

a. Reklame Komersial

Reklame komersial, nya eta: reklame anu tujuanana pikeun nawarkeun hiji produk sacara bisnis pikeun ngahontal jeung meunangkeun kauntungan dina produk anu diiklankeun.

Conto: poster, spanduk, baliho, iklan radio, iklan televisi, jsb.

b. Reklame Non-Komersial/ Sosial

Reklame Non-Komersial, nya eta: reklame pikeun kaperluan umum atawa sosial, anu tujuanana pikeun mere bewara, ngajak kana kaperluan sosial, informasi sosial,jsb.

Conto: - reklame donor darah

 - reklame pajak

- reklame tertib lalulintas,

- reklame bahaya covid-19, jsb

 

2. Jenis Reklame/iklan dumasar kana Sifatna

a. Reklame Pangawas/Peringatan

reklame pangawas nya eta: reklame anu sifatna ngingetan atawa pangajak ka masarakat supaya bisa ngalakukeun hiji hal nu tangtu atawa ngajauhan hiji kalakuan nu tangtu.

Conto: iklan/reklame covid-19, reklame tatatertib lalulintas

b. Reklame Penerangan

reklame penerangan nya eta: reklame anu sifatna mere informasi ka masarakat .

conto: reklame pemilu, reklame hirup bersih, jsb

c.  Reklame ajakan/pamenta

reklame ajakan nya eta reklame anu sifatna pangajak atawa pamenta ka masarakat.

Conto: reklame bantuan bencana alam, reklame donor darah, jsb.

 

 

 

 

3.  Jenis Reklame/iklan dumasar kana Tempat Masangna   

a. Reklame Indoor

Reklame anu dipasang di jero ruangan biasana ukuranana leutik sarta bahan reklamena tina kertas.

Conto: brosur, etiket, leaflet, jsb

b. Reklame autdoor

Reklame anu dipasang di luar ruangan biasana dina ukuran anu gede, lebar, supaya gampang ditingali ku masarakat, dijieun dina bahan anu kuat, tahan cai, tahan tina cahaya panon poe.

Conto: spanduk, baliho, papan nama, jsb.

 

4. Jenis Reklame/iklan dumasar kana Mediana 

a. Reklame Audio

Reklame Audio, nya eta: reklame anu ngagunakeun media sora boh sacara langsung atawa teu langsung.

Conto: iklan radio

b. Reklame Visual

reklame visual, nya eta: reklame anu ditepikeun dina wangun visual atawa gambar.

Conto: spanduk, iklan megatron, brosur, plkat, poster, jsb

c. Reklame Audio-Visual

reklame audio-visual, nya eta: reklame anu ditepikeun dina wangun visual atawa sora.

Conto: iklan di TV, Iklan di fb, iklan di youtube, jsb

Sabtu, 30 Januari 2021

TEORI SAJAK

 SAJAK

 

1.    Definisi : sajak nya eta Wangun karya sastra imajinatif anu  ngebrehkeun pangalaman batin pangarangna dina wangun ugeran.

2.    Unsur-unsur sajak

a.    Amanah/Intention

Amanah, nya eta maksud atawa tujuan anu ditepikeun ku pangarang dina pangalaman batinna. Amanah anu ditepikeun ku pangarang bisa mangrupa ajakan, kritikan, informasi, kahayang jeung pameredih pangarang, karesep, kadeudeuh, kaasih, jeung sajabana.

 

Conto pangalaman batin pangarang nu mangrupa intention:

...

Wayahna anaking, poe ieu jeung satuluyna hidep puasa,

Kesang jeung tanaga bapa geus jadi papingblok, sarta bangunan sakola,

Rasa lapar hidep geus ngajadi ubin nu diamparan ku karpet beureum,

Hampura anaking,

......

 

b.    Pikiran (sense)

Pikiran, nya eta pikiran pangarang anu nyangkaruk dina batinna, dikedalkeun ngaliwatan proses imajinasi, ngajanggelek jadi hasil nu diebrehkeun dina karangan.

Conto:

......

Bral … anaking geura ngapung ngawang-ngawang …!

Bral … anaking geura miang !

Tancebkeun umbul-umbul nawaetu nu saestu,

Urang pungkas kalangkang jeung sawangan nu bihari.

Urang papag mangsa nu baris datang ku salaksa kembang kaheman.

......

c.    Rasa (feeling)

Rasa, nyaeta rasa panyajak anu dikedalkeun dina sajakna, bisa rasa waas, bungah, sumanget, ambek, atawa ceuceub.

Conto:

......

            Anaking jimat awaking …

            Geura tancebkeun umbul-umbul nawaetu !

            Geura naratas jalan atikan nu rahayu,

Lir,  katumbiri kuwung-kuwungan.

......

d.    Nada (tone)

Nada,  nyaeta gaya panyajak anu ditepikeun dina sajakna, bisa humoris, realistis, kritis, romantis atawa mikacinta ka lemah caina.

Conto:

......

Hampura,...anaking,

wayahna poe ieu hawu ema moal ngebul deui,

bongan bapa,...ayeuna mulang kaimah teu beubeunangan,...

ngan saukur mawa kakeuheul jeung rebo ku amarah.

hampura anaking,... nu dikeupeul ku bapa ayeuna ngan ukur cai mata,

ngan sakeclak-keclakna da beak ku harepan nu teu laksana,

                 anaking,...sigana beuteung lapar teh bakal salilana,

                 sabab tanaga bapa ngan saukur dibayar ku carita,

 

3.    Jenis-jenis Sajak

a.    Sajak Liris/lirik

Nya eta, sajak anu ngebrehkeun pangalaman batin pangarangna, anu eusina rasa, jeung luapan emosi.

b.    Sajak Epik

Nya eta sajak anu aya lalakonna sarta eusina ngebrehkeun hiji kajadian anu luar biasa, mibanda unsur sajarah, adat istiadat, jeung sajabana.

c.    Sajak Dramatik

Nya eta, sajak anu sacara objektif ngagambarkeun prilaku tokoh carita sarta eusina ngebrehkeun laku-lampah tokoh carita mangrupa guneman dialog, atawa monolog.

 

d.    Sajak Naratif

Nya eta sajak anu ngebrehkeun suasana kajadian anu ngandung unsur setting, sarta karakter kajadian.

 

4.    Judul Sajak Jeung Pangarangna

a.    Lalaki di tegal Pati, pangarang Sayudi

b.    Janteu Arkidam, pangarang Ayip Rosidi

c.     Tukeuran Ieu Sajak, pangarang Yus Rusyana

d.    Pamayang, pangarang Rachmat M. Sas Karana

e.    Lagu Hirup, pangarang Eddy D. Iskandar

 

Conto Sajak

 

PAMAYANG
Karya : Rachmat M. Sas. Karana

 

Bulan imut
ngangkleung di langit
budak ulin di buruan

Angin darat
muru ka laut
pamayang nyolendang korang

Parahu leutik
laju nyiriwik
nganteur usaha di sagara

Warna perak
‘na beungeut ombak
 beuteung lauk tingborelak

Rabu, 13 Januari 2021

NYUSUN MAKALAH

NYUSUN  MAKALAH

 

            Makalah nya eta tulisan ilmiah ngenaan hiji pasualan pikeun pedarkeuneun sarta pidangkeuneun hareupeun balarea (dina forum diskusi).

            Rangkay makalah biasana ngawengku:

  1. Judul
  2. Panganteur (kata pengantar)
  3. Daftar eusi
  4. Abstrak

      Bagian anu eusina mangrupa tingkesan tina gemblengan eusi makalah

  1. Bab I Bubuka

      a). Kasang tukang

                  bagian anu medar kasangtukang anu ngalantarankeun ditulis/dipedarna hiji masalah

      b). Rumusan jeung watesan masalah

                  Bagian anu eusina mangrupa sajumlahing berendelan masalah anu baris dipedar, sarta watesan masalah anu baris dipedar.

      c). Populasi jeung sampel

                  Bagian anu eusina mangrupa sakumpulan data jeung wawakil data anu baris dipedar dina makalah.

      d). Tiori

                  Bagian anu eusina mangrupa perelean tiori anu jadi dadasar dina medar pasualan.

      e). Metodologi

                  teknik dina nyusun makalah sarta ngolah data atawa medar masalah.

f.   Bab II Pedaran Masalah

            Bagian anu eusina mangrupa inti tina makalah , nya eta medar masalah-masalah dumasar kana tiori jeung metodologi anu geus ditangtukeun.

  1. Bab III Panutup

      a). Kacindekan

      b). Ssaran

Pabukon (daftar referensi)  

SUHUHAN WANGUNAN IMAH ADAT SUNDA

 BENTUK WANGUNAN IMAH ADAT MASARAKAT SUNDA

1. Suhunan Julang Ngapak




2. Suhunan Parahu Nangkub/Kureb




3. Suhunan jolopong






4. Suhunan Tagog Anjing




5. Suhunan Badak Heuay




6. Suhunan Capit Gunting




Selasa, 12 Januari 2021

PUPUH MAGATRU

 


 PUPUH  MAGATRU

 

A.   Definisi

Pupuh Magatru, nya eta pupuh anu eusina ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan jeung mapatahan.

 

 

B.   Unsur Intrinsik Pupuh

 

a.    Guru wilangan nya eta Jumlah padalisan unggal pada, sarta jumlah engang tiap padalisan.

Pupuh magatru sapadana aya 5 padalisan. Jumlah engan unggal padalisanna, ngawengku:

 

Coba teguh naon nu sukuna tilu

Panon opat henteu galib

Leumpang rumanggieung laun

Estuning nu matak hawatir

Dongko bari aha - oho

 

Engang pupuh magatru di luhur:

 

Co-ba te-guh na-on  nu  su-ku-na ti-lu  = 12 engang

Pa-non  o-pat  hen-teu  ga-lib  = 8 engang

Leum-pang  ru-mang-gi-eung  la-un = 8 engang

Es-tu-ning  nu  ma-tak  ha-wa- tir  = 9 engang

Dong-ko  ba- ri   a-ha  o-ho.  = 8 engang

 

 

b.    Guru lagu nya eta sora vokal tungtung padalisan dina pupuh

 

Dupi irung lemesna teh nya pangambung  = - u - ... vokal tungtung/guru lagu

Pipi mah disebat damis = - i -

Upami buuk mah rambut = - u -

Ceuli sok disebat cepil  =  - i -

Kasarna angkeut mah gado = - o -

 

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh magatru, nya eta

 

Coba teguh naon nu sukuna tilu = 12 - u

Panon opat henteu galib            = 8 - i

Leumpang rumanggieung laun   = 8 - u

Estuning nu matak hawatir          = 9 - i

Dongko bari aha - oho                 = 8 - o