Jumat, 19 Februari 2021

Jenis-jenis Kalimah

 

2.5.   Tata kalimah  (sintaksis)

 

2.5.1.      Warna kalimah dumasar kana unsur pangwangunna.

 

Warna kalimah dumasar kana unsur pangwangunna, kalimah téh aya nu disebut  kalimah sampurna, jeung lalimah teu sampurna. Sangkan leuwih jelas urang pedara wae di handap ieu!

 

2.5.1.1.   Kalimah sampurna

            Kalimah sampurna  nya éta kalimah anu diwangun ku hiji jejer (subjek) jeung hiji caritaan (predikat)  atawa leuwih, boh make katerangan, panglengkep, boh henteu.  Conto:

 

            a.   Rudi   keur  leumpang.

                   S                    p

 

            b.   Rina   keur  masak   sayur  haseum  di dapur  jeung Bi Ijah.

                    S                p                     o                 ket.                Pel.

 

 

2.5.1.2  Kalimah  teu  sampurna

Kalimah teu sampurna nya éta kalimah anu diwangun ku hiji klausa kauger (terikat), nu teu mibanda jejer.  Kalimah teu sampurna  biasana mangrupa  kalimah langsung, boh ti panyatur basa, boh ti paregep (penyimak).

Geura urang titenan contona!

a.   Ubed         :  “ Jang Uhe keur naon cicing di dinya ?” (sampurna)

      Uhe           :  “ Ngalamun”  (kalimah teu sampurna) 

      Ubed         :  “ Euleuh…” (kalimah teu sampurna)

 

b.  Aki             :  “Ieu téh bau naon?”  (teu sampurna)

     Nini            :  “Hitut….!”  (teu sampurna)

 

2.5.2.   Warna Kalimah Dumasar kana Frase Predikatna

            Jenis kalimah  dumasar kana kecap atawa frase predikatna ngawengku, kalimah barang, kalimah pagawean, kalimah sifat, jeung kalimah bilangan. Dina diktat ieu anu baris dipedar téh nya éta jenis kalimah pagawean.

 

 

2.5.2.1. Kalimah pagawean

Kalimah pagawean ngawengku;  (a) kalimah aktif,  (b)  kalimah pasif,  (c) kalimah reflektif, jeung  (d) kalimah resiprokatif.

            Kalimah pagawean, nya éta kalimah anu predikatna mangrupa  kecap atawa frase pagawean. Contona:

            a.  Budak téh   ngala  jambu. (predikatna kecap pagawean)

                        s              p         o

            b.  Si Benhur  keur  geuring ripuh .  (predikatna frase pagawean)

                        s                       p                 

 

 

 

 

1. Kalimah Aktif

            Kalimah pagawean aktif, ngawengku kalimah aktif transitif jeung kalimah pagawean aktif intransitif.

 

1).  Kalimah aktif transif

            Kalimah aktif  transitif, nya éta kalimah aktif anu predikatna  merlukeun objek. Contona:

            a.  Sinta keur ngundeur  daun sampeu.

                    S              p                    o

            b.  Mang Udin  Keur ngomean  Motor  Bebek

                          s                    p                     o

            c.  Budak teh keur maca

                  S            p

 

2). Kalimah aktif  intrasitif 

Kalimah aktif intransitif, nya éta kalimah  anu predikatna teu merlukeun objek. Conto:

 

a.  Budak téh sarena mani tibra.

        s               p           pel.

 

b.  Budak téh keur ceurik mani eueuriheun.

              S              p                   pel

 

b.  Neng Sinta  keur  seuseurian  sorangan.

          s               p                    pel.

2.  Kalimah pagawean  pasif 

 

Kalimah pagawean pasif nya éta kalimah pagawean anu predikatna mangrupa  kecap atawa frase pagawean pasif, sarta  subjekna/ jejerna kakeunaan ku pagawean. Kalimah pasif, biasana kecap pagaweanana make rarangken   hareup   di-  atawa rarangken hareup  ka-.

Contona:

a.       Cau ambon keur dipanggul  Bah Toha.

b.      Hayam jago  keur diparaban  Mang  Ibro.

c.       Tanteu  Susi katabrak beca.

3.  Kalimah pagawean reflektif

Kalimah pagawean reflektif, nya éta kalimah pagawean anu subjekna ngalakukeun pagawean keur kadirina sorangan.  Contona :

a.       Si Udin keur sibeungeut di pancuran.

b.      Ririn keur nyisiran bari dangdak-dengdek.

c.       Manaehna keur ngelapan kesang ku anduk leutik.

 

4.  Kalimah pagawean resifrokatif

 

Kalimah pagawean resiprokatif, nya éta kalimah pagawean anu subjekna ngalakukeun pagawean anu pabales-bales. Contona:

a.       Anjing jeung ucing silih udag.

b.      Si Japra jeung Si Jantuk patenggor-tenggor  di jero kelas.

 

 

 

2.5.2.2.  Kalimah Barang

            Kalimah barang nya éta kalimah anu predikatna mangrupa  kecap barang atawa frase barang. Conto:

            a.  Pa Maman  guru ngaji di Kampung Laladon.

                        S                 p                  ket.

            b.  Juragan Komar   bandar   hayam.

                           J                     p          O

            c.  Bu Tuti  dokter  di Puskesmas Gunung Salak

                      J             p                      Ket.

 

2.5.2.3.  Kalimah Sifat 

            Kalimah sifat, nya éta kalimah anu predikatna/caritaanana mangrupa kecap sifat atawa frase sifat. Conto:

            a.  Budak téh  mani pinter.

                       J                  C

            b.  Neng  Dewi   panggeulisna  di kampung Cinangka mah.

            J                     C                    Ket.

 

2.5.2.4.  Kalimah  Bilangan

       Kalimah bilangan nya éta kalimah anu predikatna/caritaanana mangrupa kecap bilangan atawa frase bilangan.

            a.   Nunung  rengking kahiji  di kelasna

                       J                   C                     Ket.

            b.  Buku Novel téh aya lima judul di perpustakaan.

                              J                    C     pel.            Ket.

 

2.5.3.   Warna Kalimah Dumasar kana Fungsina

            Warna atawa jenis kalimah dumasar kana fungsina, dibagi jadi tilu bagian, nya éta;  (1) kalimah wawaran,  (2) kalimah pananya,  (3) kalimah parentah.

 

1. Kalimah  Wawaran

            Kalimah wawaran nya éta kalimah anu fungsina pikeun mere beja atawa ngawawarkeun ka batur tanpa miharep jawaban anu tangtu. Conto :

            a. Barudak keur ucing-ucingan di buruan.

            b. Mang udin keur maraban hayam.

           

Ciri-ciri kalimah wawaran:

a.       nepikeun informasi kanu lian.

b.      Teu merlukeun jawaban anu langsung.

c.       Kalimahna ditungtungan ku tanda baca titik.

 

2. Kalimah Pananya

Kalimah pananya, nya eta kalimah anu fungsina pikeun nanyakeun hiji informasi, kalawan miharep respon atawa jawaban anu langsung. Conto:

a.       Saha Jang budak anu katabrak beca teh?

b.      Iraha Ma Ikem indit ka Jakartana?

Ciri-ciri kalimah Tanya:

a.  Nepikeun informasi, sarta miharep jawaban anu langsung.

b.  kalimahna ditungtungan  ku tanda baca pananya.

 

3.  Kalimah Parentah

            Kalimah parentah, nya eta kalimah anu fungsina pikeun nitah atawa marentah, anu merelukeun tindakan sacara langsung. Conto:

a.       “Cing pangnyandakeun kapur !”

b.      “ Ulah cicing di lawang panto, hareurin!”

 

Ciri-ciri kalimah parentah.

a.       Nepikeun parentah, sarta miharep tindakan anu langsung.

b.      Kalimahna make tanda kekenteng (tanda kutif).

            c.   Tungtung kalimahna make tanda baca panyeluk.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar