Selasa, 12 Januari 2021

 

PAKEMAN  BASA

Pakeman Basa disebut ogé Idiom, asalna tina bahasa Yunani Idios,  anu ngandung harti “ has, mandiri, husus, pribadi”. Dina basa sunda Pakeman basa nyaéta ungkara basa anu susunana geus matok sarta ngandung harti injeuman.

Harti anu kapanggih dina pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik.

Anu kaasup kana pakeman basa dina basa sunda nyaéta :

1.      Paribasa

2.      Babasan

3.      Cacandraan

4.      Uga

5.      Rakitan lantip

6.      Caturangga

7.      Candrasangkala

8.      Repok

 

1.  Cacandraan

Nyaeta  caritaan karuhun nu ngagambarkeun kaayaan nagara jaga atawa dina jaman anu kasorang  (panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun).

Contona:

1)      Bandung heurin ku tangtung

2)      Sukapura ngadaun ngora

3)      Sumedang ngarangrangan

4)      Cianjur katalanjuran

5)      Galunggung ngadeg tumenggung

6)      Pangandaran andar – andaran

7)      Wanayasa macangkrama

8)      Banagara sor katengah

Cacandraan béda jeung jujulukan kota, misalna:

1.      Bandung kota kembang

2.      Bogor kota hujan

3.      Cirebon kota udang

4.      Karawang kota lumbung padi, jsb.

 

2.        Uga

Kecap uga katelah hiji omongan anu eusina mangrupa ramalan yén dina hiji waktu bakal aya kajadian boh nu pikagumbiraeun boh nu pikasusaheun.

1)      jaga mah barudak, sajajalan disaungan, nya buktina aya karéta api.

2)      Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat, nya buktina aya telegram.

3)      Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék, nya buktina aya anak somah naék pangkat, anak ménak teu naék pangkat.

4)      Jaga mah, barudak, nganteuran ka nu di gawé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angker gawé nya buktina aya nu dagang di pagawéan.

 

3.        Kapamalian

Kecap pamali sok dihartikeun larangan karuhun atawa larangan sepuh urang anu maksudna teu menang ngalakukeun hiji pagawéan lantaran sok aya matakna.

Contona:

1)      Ulah nambulan uyah, pamali bisi potong peujit

2)      Ulah cicing dina lawang panto, pamali bisi hésé menang jodo

3)      Ulah maké baju bari leumpang, pamali bisi tgeu kalaksanakeun cita – cita

4)      Ulah sapaké jeung koloy, bisi hapa hui

5)      Ulah mandi pabeubeurang, bisi téréh péot

6)      Ulah lila teuing cicing dikamar mandi, pamali bisi gancang kolot

7)      Ulah dipapayung dijero imah, pamali bisi di datangan maung jsb

 

4.        Kila – kila

Kila – kila nyaéta totondén (tanda – tanda) alam kana naon – naon anu bakal kajadian.

Contona:

1)      Lamun aya kukupu hiber ditengah imah, tandana rék aya tamu

2)      Lamun ngimpi néwak lauk, tandana rék menang duit

3)      Lamun kekenudan panon kenca, tandana rék manggih kasedih

4)      Lamun kekenudan panon katuhu, tandana rék manggih kabagjaan

5)      Lamun murag bulu mata, tandana aya nu sono ka urang

6)      Lamun panas ceuli, tandana aya anu ngomongkeun

7)      Lamun aya sora manuk sit uncuing, tandana bakal aya nu maot

8)      Lamun aya sora manuk bebencé, tandana aya bangsat keur kukulampangan néangan palingeun

9)      Lamun aya sora hayam kongkorongok tengah peuting, tandana aya parawan hamil tiheula

10)  Lamun aya sora toké, tandana bakal aya rejeki

11)  Lamun aya sora soang tipeuting, tandana bakal aya jurig

12)  Lamun dijalan kacegat ucing, tandana bakal manggih kasial

13)  Lamun dampal leungeun karasa ateul, tandana bakal nampa duit

14)  Lamun aya cakcak bodas, tandana aya jalma nu ngadengekeun omongan urang

15)  Lamun aya cakcak ragrag tandana aya jurig

 

5.  Rakitan Lantip

Rakitan lantip nyaéta kecap anu diucapkeun maksudna kaditu tapi hartina kadieu. Susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan maké dadasar kalantipan. Conto kalimahna.

1).  Pang miceunkeun asbak roko.

2). Mani seungit nu ngagoreng teh

3). Budak eta mah gede hulu

4). Mang Udin coba pangaritkeun domba!

5). Jang eusian bak teh umi rek mandi!

 

6.  Caturangga

Caturangga, nyaeta pakeman atawa pangaweruh, anu netelakeun tanda-tanda (perwatekan) kuda, hade henteuna pikeun diingu. Geura titenan ieu di handap. Conto:

1).  Buaya ngangsar; aya kukulinciran dina beuteung beulah tukang, watekna goreng lamun dibawa meuntas di cai nu deet.

2).  Satria pinayungan (tinayungan); aya kukulinciran dina tonggong lebah handapeun sela beulah katuhu. Watekna hade, matak mulya anu ngingu, mawa bagja kanu boga.

3).  Sekar panggung; bulu sukuna ti handap nepika tuurna bodas. Watekna hade, mawa rahayu kanu ngingu, mawa bagja kanu boga.

4). Sumur bandung; aya kukulinciran dina tarang. Watekna hade matak loba rejaki.

5). Tumpur ludes; aya kukulinciran dina beuteung beulah hareup . Watekna goreng matak mawa sangsara kanu boga.

6). Turub layuan; aya kukulinciran dina tonggong, lebah handapeun sela beulah hareup. Watekna kurang hade, matak pikasieuneun.

7).  Wisnu murti; buluna hideung meles. watekna hade, mawa bagja kanu boga.

 

7

Tujuh

1.   Nilaina Tujuh

2.   Gunung

3.   Resi/pandita/nu tapa

4.   Sato nu bisa jadi tutumpakan

Kuda, Sapi, Sapta, Gunung

8

Dalapan

1.   Nilaina Dalapan

2.   Sato Galak

3.   Réptil

4.   Brahmana

Gajah, Naga, Baya, Brahmana, Ula, Bujangga

9

Salapan

1.   Nilaina Salapan

2.   Liang

3.   Kembang

Ratna, Gapura, Lawang, Rong, Leng, Puspa

10

Nol

1.   Nilaina O

2.   Sipatna imajiner

Ilang , Sirna, Langit, Umbul, Suwung, Pati, Ruksak

 

Saka Sunda[

Bulan-bulan dina Saka Sunda nyaéta:

·         Kasa (kahiji),

·         Karo (kadua),

·         Katiga (katilu),

·         Kapat (kaopat),

·         Kalima (kalima wae),

·         Kanem (kagenep),

·         Kapitu (katujuh),

·         Kawalu (kadalapan),

·         Kasanga (kasalapan),

·         Kadasa (kasapuluh),

·         Hapitlemah (kasawelas),

·         Hapitkayu (kaduawelas).

 

Caka Sunda

Cirina Caka Sunda nyaéta maké Suklapaksa (paro caang bulan) jeung Kresnapaksa (paro poek bulan). Taun Caka Sunda wanoh kana 12 bulan, nyaéta:

·         Kartika, 30 poe,

·         Margatira (29),

·         Posya (30),

·         Maga (29),

·         Palguna (30),

·         Sétra (29),

·         Wésaka (30),

·         Yésta (29),

·         Asada (30),

·         Srawana (29),

·         Badra (30),

·         Asuji (29/30).

Poé dina Kala Sunda[édit | édit sumber]

Poé-poé dina Kala Sunda kabagi jadi dua nyaéta:

·         Sapta wara (tujuh poéan)

Sapta Wara

·         Pancawara (lima poéan)

Gabungannana disebut panca wuku = 7x5 =35 poe

Saptawara

 Saptawara nyaéta etangan nu jumlahna tujuh poé (Saminggon) dina pananggalan kalénder Sunda

Minangka ugeran anu dipaké pikeun gerakan ( Solah ) Bumi sareng Bulan

Bénten sareng Panca wara anu mangrupa gerakan Bulan sareng Bumi

·         Dité atawa Radité (Minggu),

·         Radité Dianggap ngalambangkeun Panonpoé a anu dihartikeun "Cicing"

·         Soma (Senén),

·         Soma Dianggap ngalambangkeun Bulan anu dihartikeun "Maju"

·         Anggara (Salasa),

·         Anggara Dianggap ngalambangkeun planét Mars anu dihartikeun “Mundur"

·         Buda (Rebo)

·         Buda Buda Danggap galambangkeun planét Merkurius anu dihartikeun “obah ka kénca"

·         Respati (Kemis)

·         Respati Dianggap ngalambangkeun planét Yupiter anu dihartikeun “obah  ka katuhu"

·         Sukra (Jumaah)

·         Sukra Dianggap ngalambangkeun planét Venus anu dihartikeun “obah naék ka luhur” 

·         Tumpek (Saptu)

·         Tumpek Dianggap ngalambangkeun planét Saturnus anu dihartikeun “obah turun ka handap

 

Pancawarna

·         Manis

·         Pahing

·         Pon

·         Wagé

Kaliwon

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

9.  Candrasangkala  

Candrasangkala téh nyaéta titimangsa nu diebrehkeun dina basa atawa ungkara, kecap-kecapna geus maneuh aya pasangan angkana, malah geus dipindahkeun kana angka jeung dibacana téh kudu dibalikeun. Kabiasaan ngagunakeun titimangsa dina wangun candrasangkala geus ti baheula, buktina geus dipaké dina naskah jeung prasasti-prasasti. Contona waé dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian. 

Conto:

No.

Bilangan

Watesan Ma'na

Simbul / Kecap

1

Hiji

1.   Nilai atawa jumlahna Hiji

2.   Buleud

3.   Atra jeung Nyata

Bumi, Manusa, Candra, Wulan, Nabi, Tunggal, urip

2

Dua

1.   Nilaina dua

2.   Papasangan

3.   Kagiatan 2 anggota awak

Leungeun, Suku, Ceuli, Sembah, Dwi, Karna, Lar

3

Tilu

1.   Nilaina Tilu

2.   Seuneu

Tri, Geni, Uta, Gebyar

4

Opat

1.   Nilaina Opat

2.   Cai

3.   Kecap Pagawéan

Catur, Segara, Samudra, Banyu, Kerta, Warna, Sindu, Toya, Tirta, Suci

5

Lima

1.   Nilaina Lima

2.   Buta atawa Raksasa

3.   Angin jeung Sora

Panca, Bayu, Pandawa, Wisikan, Raksasa, Buta

6

Genep

1.   Nilai Genep

2.   Usum

3.   Mangsa

4.   Rasa

5.   Sato Sukuna Genep

Pahit, Mangsa, Rasa, Tawon, Kombang, Sarkara, Dura

Tidak ada komentar:

Posting Komentar