PAKEMAN BASA
Pakeman Basa disebut ogé Idiom, asalna
tina bahasa Yunani Idios, anu ngandung harti “ has,
mandiri, husus, pribadi”. Dina basa sunda Pakeman basa nyaéta
ungkara basa anu susunana geus matok sarta ngandung harti injeuman.
Harti anu kapanggih
dina pakeman basa atawa idiom disebut harti idiomatik.
Anu kaasup kana
pakeman basa dina basa sunda nyaéta :
1. Paribasa
2. Babasan
3. Cacandraan
4. Uga
5. Rakitan lantip
6. Caturangga
7. Candrasangkala
8. Repok
1. Cacandraan
Nyaeta caritaan
karuhun nu ngagambarkeun kaayaan nagara jaga atawa dina jaman anu
kasorang (panataan kana pasipatan tempat anu dibalibirkeun).
Contona:
1) Bandung heurin ku
tangtung
2) Sukapura ngadaun ngora
3) Sumedang ngarangrangan
4) Cianjur katalanjuran
5) Galunggung ngadeg
tumenggung
6) Pangandaran andar –
andaran
7) Wanayasa macangkrama
8) Banagara sor katengah
Cacandraan béda jeung jujulukan kota,
misalna:
1. Bandung kota kembang
2. Bogor kota hujan
3. Cirebon kota udang
4. Karawang kota lumbung
padi, jsb.
2. Uga
Kecap uga katelah hiji omongan anu eusina
mangrupa ramalan yén dina hiji waktu bakal aya kajadian boh nu pikagumbiraeun boh nu
pikasusaheun.
1) jaga mah barudak,
sajajalan disaungan, nya buktina aya karéta api.
2) Gancang carita béja, mun geus aya
balabar kawat, nya buktina aya telegram.
3) Jaga mah, barudak,
batu turun keusik naék, nya buktina aya anak somah naék pangkat, anak ménak teu naék pangkat.
4) Jaga mah, barudak,
nganteuran ka nu di gawé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angker
gawé nya buktina aya nu dagang di pagawéan.
3. Kapamalian
Kecap pamali sok dihartikeun larangan
karuhun atawa larangan sepuh urang anu maksudna teu menang ngalakukeun hiji
pagawéan lantaran sok aya matakna.
Contona:
1) Ulah nambulan uyah,
pamali bisi potong peujit
2) Ulah cicing dina
lawang panto, pamali bisi hésé menang jodo
3) Ulah maké baju bari
leumpang, pamali bisi tgeu kalaksanakeun cita – cita
4) Ulah sapaké jeung
koloy, bisi hapa hui
5) Ulah mandi
pabeubeurang, bisi téréh péot
6) Ulah lila teuing
cicing dikamar mandi, pamali bisi gancang kolot
7) Ulah dipapayung dijero
imah, pamali bisi di datangan maung jsb
4. Kila – kila
Kila – kila nyaéta totondén (tanda –
tanda) alam kana naon – naon anu bakal kajadian.
Contona:
1) Lamun aya kukupu hiber
ditengah imah, tandana rék aya tamu
2) Lamun ngimpi néwak
lauk, tandana rék menang duit
3) Lamun kekenudan panon
kenca, tandana rék manggih kasedih
4) Lamun kekenudan panon
katuhu, tandana rék manggih kabagjaan
5) Lamun murag bulu mata,
tandana aya nu sono ka urang
6) Lamun panas ceuli,
tandana aya anu ngomongkeun
7) Lamun aya sora manuk
sit uncuing, tandana bakal aya nu maot
8) Lamun aya sora manuk
bebencé, tandana aya bangsat keur kukulampangan néangan palingeun
9) Lamun aya sora hayam
kongkorongok tengah peuting, tandana aya parawan hamil tiheula
10) Lamun aya sora toké,
tandana bakal aya rejeki
11) Lamun aya sora soang
tipeuting, tandana bakal aya jurig
12) Lamun dijalan kacegat
ucing, tandana bakal manggih kasial
13) Lamun dampal leungeun
karasa ateul, tandana bakal nampa duit
14) Lamun aya cakcak bodas,
tandana aya jalma nu ngadengekeun omongan urang
15) Lamun aya cakcak
ragrag tandana aya jurig
5. Rakitan Lantip
Rakitan lantip nyaéta kecap anu diucapkeun maksudna
kaditu tapi hartina kadieu. Susunan kecap anu dihartikeun ku kabiasaan maké
dadasar kalantipan. Conto kalimahna.
1). Pang miceunkeun asbak roko.
2). Mani
seungit nu ngagoreng teh
3). Budak eta
mah gede hulu
4). Mang Udin
coba pangaritkeun domba!
5). Jang
eusian bak teh umi rek mandi!
6. Caturangga
Caturangga,
nyaeta pakeman atawa pangaweruh, anu netelakeun tanda-tanda (perwatekan) kuda,
hade henteuna pikeun diingu. Geura titenan ieu di handap. Conto:
1). Buaya
ngangsar; aya kukulinciran dina beuteung beulah tukang, watekna goreng
lamun dibawa meuntas di cai nu deet.
2). Satria
pinayungan (tinayungan); aya kukulinciran dina tonggong lebah handapeun
sela beulah katuhu. Watekna hade, matak mulya anu ngingu, mawa bagja kanu boga.
3). Sekar
panggung; bulu sukuna ti handap nepika tuurna bodas. Watekna hade, mawa
rahayu kanu ngingu, mawa bagja kanu boga.
4). Sumur bandung; aya kukulinciran dina
tarang. Watekna hade matak loba rejaki.
5). Tumpur ludes; aya kukulinciran dina
beuteung beulah hareup . Watekna goreng matak mawa sangsara kanu boga.
6). Turub
layuan; aya
kukulinciran dina tonggong, lebah handapeun sela beulah hareup. Watekna kurang
hade, matak pikasieuneun.
7). Wisnu murti; buluna hideung meles. watekna hade,
mawa bagja kanu boga.
7 |
Tujuh |
1.
Nilaina Tujuh 2.
Gunung 3.
Resi/pandita/nu tapa 4.
Sato nu bisa jadi tutumpakan |
Kuda, Sapi, Sapta,
Gunung |
8 |
Dalapan |
1.
Nilaina Dalapan 2.
Sato Galak 3.
Réptil 4.
Brahmana |
Gajah, Naga, Baya,
Brahmana, Ula, Bujangga |
9 |
Salapan |
1.
Nilaina Salapan 2.
Liang 3.
Kembang |
Ratna, Gapura,
Lawang, Rong, Leng, Puspa |
10 |
Nol |
1.
Nilaina O 2.
Sipatna imajiner |
Ilang , Sirna,
Langit, Umbul, Suwung, Pati, Ruksak |
Saka Sunda[
Bulan-bulan dina Saka Sunda nyaéta:
·
Kasa (kahiji),
·
Karo (kadua),
·
Katiga (katilu),
·
Kapat (kaopat),
·
Kalima (kalima wae),
·
Kanem (kagenep),
·
Kapitu (katujuh),
·
Kawalu (kadalapan),
·
Kasanga (kasalapan),
·
Kadasa (kasapuluh),
·
Hapitlemah (kasawelas),
·
Hapitkayu (kaduawelas).
Caka Sunda
Cirina Caka Sunda nyaéta maké Suklapaksa (paro caang bulan) jeung Kresnapaksa (paro poek bulan). Taun Caka Sunda wanoh kana 12
bulan, nyaéta:
·
Kartika, 30 poe,
·
Margatira (29),
·
Posya (30),
·
Maga (29),
·
Palguna (30),
·
Sétra (29),
·
Wésaka (30),
·
Yésta (29),
·
Asada (30),
·
Srawana (29),
·
Badra (30),
·
Asuji (29/30).
Poé dina Kala Sunda[édit | édit sumber]
Poé-poé dina Kala Sunda kabagi
jadi dua nyaéta:
·
Sapta wara (tujuh poéan)
Sapta Wara
·
Pancawara (lima poéan)
Gabungannana disebut panca wuku = 7x5 =35 poe
Saptawara
Saptawara nyaéta etangan nu
jumlahna tujuh poé (Saminggon) dina pananggalan kalénder Sunda
Minangka ugeran anu dipaké pikeun
gerakan ( Solah ) Bumi sareng Bulan
Bénten sareng Panca wara anu
mangrupa gerakan Bulan sareng Bumi
·
Radité Dianggap ngalambangkeun Panonpoé a anu
dihartikeun "Cicing"
·
Soma Dianggap ngalambangkeun Bulan anu dihartikeun
"Maju"
·
Anggara Dianggap ngalambangkeun planét Mars anu
dihartikeun “Mundur"
·
Buda Buda Danggap galambangkeun planét Merkurius anu
dihartikeun “obah ka kénca"
·
Respati Dianggap ngalambangkeun planét Yupiter anu dihartikeun
“obah ka katuhu"
·
Sukra Dianggap ngalambangkeun planét Venus anu
dihartikeun “obah naék ka luhur”
·
Tumpek Dianggap ngalambangkeun planét Saturnus anu
dihartikeun “obah turun ka handap
Pancawarna
·
Manis
·
Pahing
·
Pon
·
Wagé
9. Candrasangkala
Candrasangkala téh
nyaéta titimangsa nu diebrehkeun dina basa atawa
ungkara, kecap-kecapna
geus maneuh aya pasangan angkana, malah geus dipindahkeun kana angka jeung dibacana téh kudu dibalikeun. Kabiasaan
ngagunakeun titimangsa dina wangun candrasangkala geus ti baheula, buktina geus
dipaké dina naskah jeung prasasti-prasasti.
Contona waé dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian.
Conto:
No. |
Bilangan |
Watesan Ma'na |
Simbul / Kecap |
1 |
Hiji |
1.
Nilai atawa jumlahna Hiji 2.
Buleud 3.
Atra jeung Nyata |
Bumi, Manusa,
Candra, Wulan, Nabi, Tunggal, urip |
2 |
Dua |
1.
Nilaina dua 2.
Papasangan 3.
Kagiatan 2 anggota awak |
Leungeun, Suku,
Ceuli, Sembah, Dwi, Karna, Lar |
3 |
Tilu |
1.
Nilaina Tilu 2.
Seuneu |
Tri, Geni, Uta,
Gebyar |
4 |
Opat |
1.
Nilaina Opat 2.
Cai 3.
Kecap Pagawéan |
Catur, Segara,
Samudra, Banyu, Kerta, Warna, Sindu, Toya, Tirta, Suci |
5 |
Lima |
1.
Nilaina Lima 2.
Buta atawa Raksasa 3.
Angin jeung Sora |
Panca, Bayu,
Pandawa, Wisikan, Raksasa, Buta |
6 |
Genep |
1.
Nilai Genep 2.
Usum 3.
Mangsa 4.
Rasa 5.
Sato Sukuna Genep |
Pahit, Mangsa, Rasa,
Tawon, Kombang, Sarkara, Dura |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar