STUKTUR
1.1. Fonologi
Fonologi nya éta widang elmu basa anu nalungtik ngenaan fonem. Sacara gurat badag fonologi ngawengku dua widang garapan, nya éta fonetik jeung fonemik.
Fonetik nya éta widang elmu basa anu nalungtik ngenaan sora-sora basa anu aya dina ucapan (parole). Sedengkeun ari fonemik nya éta widang fonologi anu nalungtik ngeunaan fonem-fonem.
Fonem nya éta sora basa anu pangleutikna nu ngabedakeun harti. Fonem dina basa Sunda aya dua rupa, nya éta fonem vokal jeung fonem konsonan.
1.1.1. Fonem vokal
Dina basa Sunda vokal téh aya tujuh, nya éta; a, e, u, o, i, e’, jeung eu . Dina ngawangun kecap vokal téh bisa nempatan posisi di awal, di tengan jeung di tungtung, iwal ti vokal “ e “ anu ngan bisa nempatan posisi di awal jeung di tengah wungkul.
Geura urang titenan contona !
Vokal |
awal |
tengah |
tungtung |
Katerangan |
A |
anduk |
palay |
Nangka |
|
I |
imah |
pindah |
Konci |
|
U |
uncal |
kusir |
Palu |
|
e' |
elmu |
semah |
Sare |
|
O |
oray |
loba |
Kilo |
|
E |
engkol |
bengal |
- |
Teu bisa ditungtung |
Eu |
eusi |
beunghar |
Henteu |
|
1.1.2. Vokal ngantet
Vokal ngantet nya éta vokal anu ngantet henteu kaselang kukonsonan. Vokal ngantet aya dua rupa, nya éta vokal ngantet anu sarua, umpamana : aa, ii, uu, oo, jeung vokal ngantet anu teu sarua, umpamana: au, ai, au, ea, jeung sajabana.
Geura urang titenan contona ieu di handap !
Vokal ngantet nu sarua |
Conto kecap\ morfem |
Vokal ngantet nu teu sarua |
Conto kecap \ morfem |
Ii |
Tiis |
Ia |
Miang |
Ee |
hees, tees |
Ie |
Rieg |
Aa |
Caang |
Iu |
Hiu |
Uu |
Buuk |
Io |
Lio |
Oo |
Toong |
Ieu |
Rieut |
1.1.3. Fonem Konsonan
Fonem konsonan basa Sunda ngawengku fonem: h, n, c, r, k, d, t, s, w, l, p, j, y, ny, m, g, b, ng. Conto pamakean fonem konsonan dina kecap, di antarana bisa di titenan di handap ieu !
Konsonan |
Awal |
tengah |
tungtung |
Katerangan |
H |
Harga |
tahu |
Murah |
|
N |
Narik |
bantal |
Lawon |
|
C |
cangkir |
gancang |
- |
Teu aya konsonan tungtung |
R |
Rieut |
sirah |
Lieur |
|
K |
kompor |
saksi |
Merak |
|
D |
daging |
kuda |
Kurud |
|
T |
tangkal |
kentang |
Petot |
|
S |
saderek |
usup |
Mamas |
|
J |
Jimat |
gajih |
- |
|
Ny |
Nyaba |
nyair |
- |
|
M |
munding |
domaba |
Ngosom |
|
|
|
|
|
|
1.2. Pola Engang
Pola engan nya éta kombinasai antara vokal jeung konsonan dina ngawangun engang. Jumlah engang (suku kata) dina unggal kecap téh henteu sarua, aya nu ngan saengang, dua engang, tilu engang, aya anu leuwih. Geura urang titenan conto ieu di handap !
Kah, tah, tuh, sok, : saengang ( teu bisa dirucat)
da-har, nang-ka, sam-peu : dua engang
ma-neh-na, in-dit-na : tilu engang
ka-ca-ma-ta, bo-bo-go-han : opat engang, jeung sajabana.
1.2.1. Wangun fonem engang basa Sunda asli
wangun fonem engang dina basa Sunda aya anu manrope sampakan (asli), jeung aya nu mangrupa serepan tina basa asing, atawa disebut basa kosta. Wangun engang basa Sunda asli di antarana:
1. V : a-ya, i-eu, u-lin, eu-weuh, jsb
2. VK : an-cin, in-dung, ang-kat, jsb
3. KV : te-ko, re-a, ba-pa, ku-ya,
4. KVK : ka-sur, ban-jar, un-cal,
5. KKV : ti-bra, pra-ja, pra-muka
6. KKVK : ra-cleng, ra-jleng,- tu-bruk, jsb.
1.1.3.
Wangun fonem engang basa
Sunda tina basa asing
Conto kecap anu mibanda pola engang tina basa asing, ngawengku:
1. VKK : eks-trim, eks-por,
2. KKKV : stra-te-gi,
3. KKKVK : struk-tur,
4. KKVKK : trans-por-ta-si, kom-pleks