Rabu, 28 Juli 2010
Pangdeudeul kanggo pangajaran maca di kelas
CONTO
MACA WARTA BASA SUNDA
SAMPURASUN…………..
WARTA SABUDEUREUN KABUPATEN BOGOR
Didugikeun ku sim kuring, Mutiara Windya Mariyam
PAMIARSA SADAYANA WILUJEN NGABANDUNGAN
Warta Ekonomi,
Di kecamatan Tenjolaya kabupaten Bogor, tanggal 17 Mei 2010, tos diayakeun hiji gempungan anu diluluguan ku kelompok Tani Sukasari.
Numutkeun ketua kelompok tani bapa Haji Dadang sutisna, ka majalah dinding Sadar, nandeskeun yen para patani di wewengkon Kecamatan Tenjolaya geus sapuk dina ngolah taneuh bade ngagunakeun tanaga munding sarta rek ninggalkeun teknologi traktor. Hal ieu diebrehkeun ku Haji Dadang, yen tenaga traktor teh jaman kiwari mah tetela leuwih ngarugikeun ti batan nguntungkeun.
Lianti merlukeun bahan bakar anu mahal, perawatan mesin nu merlukeun biaya nu gede, oge bisa ngaruksak lingkungan tina hasil kotoran sesa oli nu murag kana taneuh. Antukna taneuh sawah jadi teu subur.
Haji Dadang leuwih jauh ngebrehkeun yen kelompokna sapuk dina ngolah taneuh ngagunakeun munding teh, sacara ekonomi baris nambahan kana panghasilan para patani. ku sabab lianti teu kudu meuli parabna, kotoranana bisa dipake gemuk, oge harga jual daging munding leuwih mahal tibatan daging sapi. Malah nu leuwih penting ceuk haji Dadang mah munding mah bisa nambahan ku cara anakan, pan ari traktor mah lain nambahan malah beuki lila bakal jadi ruksak nu antukna jadi beusi tua sarta harga jualna dikilo.
Nurutkeun haji Dadang, kelompokna kacida pisan miharep pamarentah bisa ngarojong kana program kelompokna, sangkan bisa tereh kahontal dina ngamajukeun ekonomi para patani di kabupaten Bogor.
Sakitu warta ekonomi di sabudeureun kabupaten Bogor,
Cag,.. urang teundeun dihandeuleum sieum, urang tunda dihanjuang siang.
Wilujeng siang.......
Sesebred bari nundutan
Hayang Katingali Gagah
Mang Uhe,pasosore rap make baju hansip, dangdak-dengdek dihareupeun kaca, jrut..turun ka luar, tatangga nu keur ngawangkong cing balieur,
Koneh : "Uhe...Uhe..nanaon kitu patut !" ceuk nyi koneh pamajikana gogorowokan bari nyingsatkeun samping bakating ku ambek. Mang Uhe rungah ringeuh
Uhe : "Aya naon koneh ? siga nu burung gogorowokan ka kami?" Mang Uhe malik nyentak. Nyi Koneh muncereng
Koneh : "Eta panakol kohkol teu dituruban?" bari nunjuk ka handapeun bujal mang uhe. Mang Uhe ngagurubug, berebet lumpat ka jero imah bari nuruban sirah ku dua ramona.
Salah Harti
Mang Uhe seuri koneng jeung pamajikanan, basa tali kolorna dipake ku anakna jang Adoy nalian langlayangan, pajarkeun teh jimat cenah pedah ngarah meunangan diaduna. pedah ngadenge ceuk indungna tali kolor bapana teh kuat jeung liat tara eleh, da meunang ngajampean unggal peuting.
Ngadu Huntu
Mang Uhe sila mani anekak nyanghareupan sambel belut dina coet.
Uhe : "cing Nyi Koneh sangu teh bawa kadieu, sakalian jeung bobokona," barikumetap, Nyi Koneh mawa boboko eusina majalah Barakatak jeung duit 5 ratusan tilu siki.
Uhe :."Nanaonan Koneh !....mana kejona?" bari muncereng.
Koneh : "Teu kudu ngadahar kejo..pan akang mah ti isuk jedur geus seubeuh ngadahar majalah !" ceuk Nyi Koneh bari manyun, puguh wae atuh hontuna anu tonggar mani balap rabul ka luar pasesedek.
Uhe : “Ari ieu duit 1500 keur naon?"..ceuk mang Uhe mani muncereng, teu eleh geleng huntu tonggar nu ngan kari dua siki ngilu rajol nonghol dina jandela biwirna.
Koneh : "pikeun nambahan biaya ka rumasakit jiwa kang!" ceuk Nyi Koneh bari ngaleos.
Neuleuman Pangaweruh Kabahasaan Pikeun Kls 7
1.1. Fonologi
Fonologi nya éta widang elmu basa anu nalungtik ngenaan fonem. Sacara gurat badag fonologi ngawengku dua widang garapan, nya éta fonetik jeung fonemik.
Fonetik nya éta widang elmu basa anu nalungtik ngenaan sora-sora basa anu aya dina ucapan (parole). Sedengkeun ari fonemik nya éta widang fonologi anu nalungtik ngeunaan fonem-fonem.
Fonem nya éta sora basa anu pangleutikna nu ngabedakeun harti. Fonem dina basa Sunda aya dua rupa, nya éta fonem vokal jeung fonem konsonan.
1.1.1. Fonem vokal
Dina basa Sunada vokal téh aya tujuh, nya éta; a, e, u, o, i, e’, jeung eu . Dina ngawangun kecap vokal téh bisa nempatan posisi di awal, di tengan jeung di tungtung, iwal ti vokal “ e “ anu ngan bisa nempatan posisi di awal jeung di tengah wungkul.
Geura urang titenan contona !
Vokal | awal | tengah | tungtung | Katerangan |
a | anduk | palay | Nangka | |
e | imah | pindah | Konci | |
u | uncal | kusir | Palu | |
e' | elmu | semah | Sare | |
o | oray | loba | Kilo | |
e | engkol | bengal | - | Teu bisa ditungtung |
eu | eusi | beunghar | Henteu |
1.1.2. Vokal ngantet
Vokal ngantet nya éta vokal anu ngantet henteu kaselang kukonsonan. Vokal ngantet aya dua rupa, nya éta vokal ngantet anu sarua, umpamana : aa, ii, uu, oo, jeung vokal ngantet anu teu sarua, umpamana: au, ai, au, ea, jeung sajabana.
Geura urang titenan contona ieu di handap !
Vokal ngantet nu sarua | Conto kecap\ morfem | Vokal ngantet nu teu sarua | Conto kecap \ morfem |
ii | Tiis | Ia | miang |
ee | hees, tees | Ie | rieg |
aa | Caang | Iu | hiu |
uu | Buuk | Io | lio |
oo | Toong | Ieu | rieut |
1.1.3. Fonem Konsonan
Fonem konsonan basa Sunda ngawengku fonem: h, n, c, r, k, d, t, s, w, l, p, j, y, ny, m, g, b, ng. Conto pamakean fonem konsonan dina kecap, di antarana bisa di titenan di handap ieu !
Konsonan | awal | tengah | tungtung | Katerangan |
H | harga | tahu | Murah | |
N | narik | bantal | Lawon | |
C | cangkir | gancang | - | Teu aya konsonan tungtung |
R | rieut | sirah | Lieur | |
K | kompor | saksi | Merak | |
D | daging | kuda | Kurud | |
T | tangkal | kentang | Petot | |
S | saderek | usup | Mamas | |
J | jimat | gajih | - | |
Ny | nyaba | nyair | - | |
M | munding | domaba | Ngosom | |
1.2. Pola Engang
Pola engan nya éta kombinasai antara vokal jeung konsonan dina ngawangun engang. Jumlah engang (suku kata) dina unggal kecap téh henteu sarua, aya nu ngan saengang, dua engang, tilu engang, aya anu leuwih. Geura urang titenan conto ieu di handap !
Kah, tah, tuh, sok, : saengang ( teu bisa dirucat)
da-har, nang-ka, sam-peu : dua engang
ma-neh-na, in-dit-na : tilu engang
ka-ca-ma-ta, bo-bo-go-han : opat engang, jeung sajabana.
1.2.1. Wangun fonem engang basa Sunda asli
wangun fonem engan dina basa Sunda aya anu manrope sampakan (asli), jeung aya nu mangrupa serepan tina basa asing, atawa disebut basa kosta. Wangun engang basa Sunda asli di antarana:
1. V : a-ya, i-eu, u-lin, eu-weuh, jsb
2. VK : an-cin, in-dung, ang-kat, jsb
3. KV : te-ko, re-a, ba-pa, ku-ya,
4. KVK : ka-sur, ban-jar, un-cal,
5. KKV : ti-bra, pra-ja, pra-muka
6. KKVK : ra-cleng, ra-jleng,- tu-bruk, jsb.
1.1.2. Wangun fonem engang basa Sunda tina basa asing
Conto kecap anu mibanda pola engang tina basa asing, ngawengku:
1. VKK : eks-trim, eks-por,
2. KKKV : stra-te-gi,
3. KKKVK : struk-tur,
4. KKVKK : trans-por-ta-si, kom-pleks
Langganan:
Postingan (Atom)