Senin, 06 Agustus 2012

Babasan Jeung Paribasa


2.2.  Babasan

Definisi

            Babasan nya éta ungkara basa winangun kecap kantetan atawa frasa, anu susunanna geus matok sarta ngandung harti injeuman.
  
Jenis-j enis Babasan

2.2.1. Babasan wangun kantetan
            Babasan wangun kantetan, nya éta babasan anu diwangun ku dua kcap atawa leuwih anu ngandung harti injeuman.

Ciri ciri babasan wangun kantetan
            a. diwangun ku dua kecap atawa leuwih / mangrupa  kecap kantetan,
            b. unsur-unsurna dalit/raket teu bisa diselapan ku unsur sejen.
                 Conto:  gede hulu     =   teu bisa jadi …. Gede  jeung hulu 
                                                                                   gede  huluna
                                                                                   gede ka hulu
                 sabab, lamun diselapan ku unsur sejen bakal ngarobah makna babasan.
           c. mibanda harti imajinatif atawa harti teu sabenerna.

Conto Wangun babasan
            a. gede hulu               = sombong,/  adigung / asa pang hebetna
            b. akal koja                = kapinteran dipake nipu batur
            c. kurung batok         =  tara indit-inditan
            d. ipis biwir               =  babari ceurik
            e. hejo tihang             =  pundah pindah tempat pagawean
            f.  panas barang          =  sirik ku kaayaan batur
            g. atah anjang             = langka silih anjangan
            h. amis budi                = hade paroman
conto dina wangun kalimah:
            a. Budak anu gede hulu mah teu dipikaresp ku batur.
            b. Abongna kurung batok, karek ulin nepi ka Taman Topi oge geus bingun pikeun balik.  

2.2.2. Babasan Wangun Frasa
            Babasan wangun frasa nya éta babasan anu diwangun ku dua kecap atawa leuwih anu hubungan antar unsur-unsurna ranggang teu dalit, sarta ngandung harti injeuman.
Conto : 
            a. ngarah sahuap sakopeun          =    usaha leuleutikan pikeun nyumponan
                                                                       pangabutuh saharitaeun.
            b.   bur beureum bur hideung       =    hirup senang taya kakurangan.
            c.   aki-aki tujuh mulud                =    geus kolot pisan
            d.  bali geusan ngajadi                 =    lemah cai kalahiran
            e.  dug hulu pet nyawa              =  usaha satekah polah
            f.  hutang salaput hulu               =  hutang kaditu kadieu
            g.  kandel kulit beungeut           =  jalma euweuh ka era
            h.  murag bulu bitis                    =  teu betah cicing di imah
Conto dina wangun kalimah:
            .1.   Dewi mah kandel kulit beungeut bobogohan jeung nu boga salaki.
 2.   Sinta mah keur meujeuhna murag bulu bitis tara aya wae di imah.


2.2.3.    Babasan Wangun Rundayan
            Babasan wangun rundayan, nya éta babasan anu ngaliwatan proses ngararangkenan, boh binaraung jeung ngarajek,  ngantetkeun boh heunteu, sarta ngandung harti injeuman.
Conto :
            a. disakompetdaunkeun               =  disaruakeun jeung kasalahan batur
            b. dibejerbeaskeun                       = dibejakeun sabenerna
            c.  geutas harupateun                   =  gancang napsu
            d.  dibabuklalaykeun                    =  dibabuk ka kenca katuhu
            e.  ngabuntut bangkong                =  teu puguh tuluyna
            f.  paanteur-anteur julang             =  silih anteurkeun
            g.  buntut kasiran                         =  medit
            h.  ngadaun ngora                        =  kaayaan jadi rame
Conto dina wangun kalimah:
            1.  Koruptor téh ngabejerbeaskeun kalakuanana di persidangan.
            2.   Pa Memed mah katelah buntut kasiran, sok sanajan geus jadi kapala oge.
                          
2.3.   Paribasa
            Paribasa nya éta ungkara basa anu diwangun ku dua frasa atawa leuwih anu eusina manrope luang jeung papagon hirup di masarakat, sarta ngandung harti injeuman.
            Paribasa sunda dibagi tilu golongan, nya éta (1) paribasa wawaran luang, (2) paribasa pangjurung laku lampah hade, (3) paribasa panyaram lampah salah.

2.3.1.  Paribasa Wawaran Luang
            Paribasa wawaran luang mangrupa  paribasa anu eusina ngebrehkeun pangalaman di masarakat anu geus lumrah sarta jadi bahan picontoeun/babandingan hirup.
Conto : 
            a.  adat kakurung ku iga                =  kabiasaan anu hese dipiceunna
            b.  buruk buruk papan jati             =  goreng-goreng oge dulur sorangan moal
                                                                       ngantep lamun meunang kasusah
            c.  awewe dulang tinande              =   istri mah kudu nurut kasalaki
            d.  deukeut-deukeut anak taleus    =   deukeut tapi euweuh nu nyahoeun
            e.   dihin pinasti anyar pinanggih  =   takdir tos ditangtukeun ku Alloh
            f.    gede gunung pananggeuhan    =   boga andelan dulur beunghar
a.       halodo sataun lantis ku hujan sapoe  = kahadean anu mangtaun-taun leungit ku sakali kagorengan
g.  kawas bueuk meunang mabuk   = ngeluk taya tangan pangawasa
h. katempuhan buntut maung = batur anu boga dosana, urang anu    katempuhanana
2.3.2.   Paribasa Pangjurung Lakulampah Hade    
            Nya éta paribasa anu eusina ngebrehkeun hiji hal nu dipigawe atawa mangrupa  nasehat.
Conto :
a. kudu nete taraje nincak hambalan              = kudu puguh tahapanana lamun migawe
                                                                           pagawean
b. kudu bisa ngeureut neundeun saeuitik
    mahi loba nyesa                                         =  kudu apik dina nyekel harta benda
                                                                            supaya boga bekel
c. kodu bodo alewoh                                      =  lamun  teu nyaho kudu daek tatanya
d. kudu hade gogog, hade tagog                    =  sopan santun, hade tatakrama
e. kudu ka cai jadi saleuwi, kadarat jadi
    salogajk                                                      =  sauyunan silih pihapekeun
f. kudu leuleus jeujeur liat tali                        = kudu loba tinimbangan
g. landung kandungan laer aisan                    = kudu gede tinimbangan
h. kudu loba luang jeung daluang                   = loba pangalaman jeung pangaweruhna

2.3.3.  Paribasa Panyram lampah salah
            Nya éta paribasa anu eusina mangrupa panyaram pikeun ngalakukeun hiji hal anu matak ngarugikeun.
Conto :
a.ulah agul ku payung butu                   = ulah agul ku turunan
b. ulah adean ku kuda beureum             = ulah ginding ku pakean meunang nginjeum
c.ulah biwir nyiru robengeun                 = resep nyaritakeun kagorengan batur
d.ulah bodo kawas kebo                         = bodo kacida
e. ulah dagang oncom rancatan emas     = ngalakukeun hiji hal nu teu saimbang
f. ulah kokoro manggih mulud                = sarakah makmak mekmek
g. ulah siga lauk buruk milu mijah          = marok marokeun maneh
h.ulah meumpeun carang ku ayakan       = api- api teu nyaho padahal nyaho

Sabtu, 04 Agustus 2012

Carpon "Hayang Asup Tipi"


HAYANG ASUP TIPI

Lalajo bewara dina tipi yen aya budak rumaja anu diculik keur maen FB, si Nini ngadadak jajantungna ratug inget ka si Aki, geus meh ampir sareupna can keneh mulang ka imah. Bari rawah-riwih manehna menta dianteur ka incuna jang Adoy pikeun laporan ka kator polisi.
”Hayu siah sujang, Nini anteur ka kantor polisi, si Aki can balik bisi aya nu nyulik” ceuk si Nini hinghing ceurik,
 ”Maenya atuh Nini, si Aki make jeung aya nu nyulik  sagala? Moal aya nu daekeun, kulitna oge mun dijual moal aya nu nawar-nawar acan, pan si Aki mah geus pareot, moal laku dijieun dorokdok?” manehna bari nyengir nyeungseurikeun Ninina.
”Ulah kitu siah, sujang, kitu-kitu oge si Aki mah bageur lumayan keur batur Nini purah nyingsieunan beurit di dapur, hayu urang lapor ka polisi!”
            Bral duaan leumpang muru kantor polisi nu teu pati jauh ti imahna. Barang datang ka kantor polisi, sarta sanggeusna ditarima ku anu piket, derekdek si Nini ngabejakeun pamaksudanana. Rada haroreameun patugas oge ngetik laporana si Nini teh.
            ”Cing pok bejakeun kumaha tah caritana, Ni, pangna si Aki disangka leungit teh?” ceuk patugas polisi bari rada nyengir.
            ”Ah, teu kukumaha, pokona mah si Aki leungit, pan kamari oge aya budak gadis leungit cenah di jero FB diculik, sigana si Aki oge kitu tah cep pulisi!” si Nini yakin pisan.
            ”Memang si Aki maen FB kitu Nini? Dugi ka aya nu nyulik sagala? Naha keur naonnya? Atawa bakal dipake naon pangna si Aki diculik teh” ceuk pulisi bari rada teu ngarti.
            ”Lain cep pulisi, mana atuh kamera tipina? Ke....ke...ke..heula ulah diteruskeun nanyana, Nini senter heula supaya asup kana tipi, ieu lebar buuk meunang ngadikrel ka salon, ”ceuk si Nini bari muka gelung jucung, buukna mani rabul lalumpatan ngaler-ngidul, teu poho manehna memener kutang nu ngaleleke, ku siwel ngaluarkeun lipenstip tina palebah cangkengna nu digulung ku samping kebat, meunang nyokot susulumputan ti kamar incuna, ledak-ledak diulaskeun kana biwir, mani beureum rada geuneuk. Leuwih teuing ngulasna, huntu nu ngan hiji-hjina awir-awiran kabeureuman. Polisi nu araya teu burung sing elengeh, nu saurang mah kaluar heula muru lawang panto bari nungkupan biwirna bakating teu kuat nahan pikaseurieun. Si Adoy incuna mani ngabalieur ningalikeun kalakuan Ninina kitu teh.
            ”sok atuh mana cep pulisi kamera tipina? Ieu Nini tos siap hayang diwawancara Nini mah, tah...ieu poto si Akina tos dibawa,..Nini rek pura-pura sedih,...” bari nembongkeun poto si Aki.
            ”Nu mana Nini? Geuning ieu mah seuseueurna siga poto keur dinu hajatan? Nu mana si Akina?” ceuk patugas bari mikeun deui poto ka si Nini.
            ”Tah geuning ieu katingali yeuh leungeun katuhuna, nu kahalangan ku tonggong mang Juman?” ceuk si Nini nuduhkeun poto si Aki nu ngan katingali leungeuna wungkul.
            ”kumaha atuh Nini, neanganana oge? Ari potona teu jelas kieu mah? Sigana si Aki mah teu leungit panginten yu urang teang deui wae ka bumi Nini boa si Aki tos aya!” ceuk polisi bari ngagaroan sirahna.
            ”Ceuk Nini oge si Aki leungit. Ceuk Nini leungit,...leungit.  Moal balik Nini mah lamun can asup kana tipi, rugi ieu buuk geus dikrel ” bari muncereng ka pulisi.
            ”Muhun, diwawancarana urang di bumi Nini, ngarah leuwih rame! Tuh wartawanna geus arindit rek ka imah Nini” polisi nu diuk di juru nyelengkeung, bari jung nangtung sarta menerkeun calanana nu meh ampir morosot, teu bisa ngawadahan beuteung nu rada bucitreuk.
            ”Tah, daek lamun kitu mah nu penting Nini, asup heula kana tipi, keun wae engke si Aki mah diteanganana!” si Nini bari jung nangtung, haripeut pisan indit  ka luar.
            Teu kacaturkeun di jalanna. Rombongan nu ti kantor polisi teh geus anjog ka imah si Nini. Barang datang oge kabeh ngajarenghok ningali nu ngadungkuk diharudum ku sarung dina luhureun golodog.
            ”Gening,..Aki ieu teh? Kunaon teu tulus diculikna? Naha bet sakeudeung teuing leungitna?” ceuk si Nini mani hariweusweus bangun nu kacida pisan hanjeluna.
            ”Dasar, atah adol,..Nini-Nini teu uyahan ! make jeung ngadoakeun kami diculik sagala? Ti tatadi kami nungguan di luar teu bisa asup ka jero, kunaon imah make dikoncian sagala? Uluh-uluh dasar si uriwih make jeung biwir dibeureuman sagala? Dasar Nini-Nini siga embe beger, make hayang juta-jete ?” si Aki malik ngawak-wak, nyarekan pamajikanana, biwirna nu rada jeding mani manyun-manyun wae siga surili nu keur ngageroan babaturanana.
            ”Ehhh,...dasar Aki-Aki gumasep, make jeung nyarekan ka kami! Mun deuk ge kami nu kudu ambek mah gara-gara Aki teu tulus leungitna kami jadi bolay asup kana tipi, mangkaning geus dangdan sataker kebek!” si Nini malik nyentak, teu eleh geleng ku salakina. Huntu hiji nu awir-awiran ngilu endag-endagan kawas kipas kaca mobil, ngilu ngabobotohan dununganana nyarekan si Aki.
            ”Tos ulah parasea  kitu. isin tuh ku tatangga nu rajeg ningalikeun nu sing porongos !” ceuk polisi ngahuit nu keur parearea omong. Nahatena mah kukulutus kudu nyaksian pintonan doger monyet.
            ”Sanes tadi teh Aki kamana mani sapoe jeput, nepika si Nini nyangka Aki leungit aya nu nyulik?” ceuk polisi ka si Aki.
            ”Hampura Aki cep polisi, tos ngariweuhkeun kasadayana. Tadi Aki teh kasarean di kandang domba!” ceuk si Aki bari rada ngabelehem.
            ”Baruk,...kasarean di kandang domba, nya, nu kasep siga bujur embe teh? Abong-abong Aki-Aki porenges, kawas teu gableg imah wae make sare di kandang sagala !” si Nini mani ngagantawang. Manehna masih neuteuli pedah si Aki teu jadi leungitna, ngarasa rugi teu tulus diwawancara ku wartawan tipi.
            ”Na,....ari nyarita teh Nini, eta biwir mani teu dikemot kitu, kawas boga beungeut siga artis wae? ” si Aki mani jamotrot, embung disalahkeun.
            ”Kunaon atuh nepika kasarean di kandang domba sagala, ari Aki? Cing pok caritakeun kunaon bet kitu?” si Nini rada leuleuy bangun nu panasaran.
            ”Kieu caritana, tadi teh Aki ningali si Jeni, domba danten nu kamari anakan keur nyusuan anakna, ...disidik-sidik bangun nu kacida pisan ngeunahna eta nyusuanana teh. Aki mani kumetap,..ah,...lalaunan hayang nyobaan pajarkeun teh susu domba ceuk batur alus keur kasehatan. Nyot,...wae Aki ngilu ngenyot sabelah sewang,...duhhhh, Ni, bener,...sarua nikmat,...nepika Aki seubeuh, teu karasa sigana nundutan nepika sarena. Hudang-hudang pedah tarang Aki kadagor ku suku si Jeni,...direret gening aya keneh dikandang,..tah Aki....!” nyaritana kapegat ku sora si Nini mani nyoroscos siga pepetasan nyarekan ka si Aki.
            ”bangkar warah, siah Aki,...teu suka kami mah Aki nyusu ka si Jeni,...yeuh Ki,...nu Nini oge .....masih keneh....” kapegat ku sora tatanggana anu nyelengkeung dipipir imahna.
            ”lanyed,.....!” sora tatanggana nyelengkeung rada katahan. Hawar-hawar sora nu cingcikikik, rada katahan.

Carpon "Hariring Peuting"


HARIRING PEUTING

            Hate Maman kacida pisan atohna, basa Nunuy  ngajakan nganteur manehna ka imah dosenna di Cimbuleuit, sok sanajan kitu teu wudu Maman siga nu pura-pura embung basa diajak teh,
            “Duh, kumaha nya Nuy, sanes akang alim nganteur, ngan ieu teu aya persiapan, naha bet kedah wengi-wengi kieu ka bumi bu Tuti na?” Maman nyarita bangun nu waregah pisan.
            “kunaon, Kang Maman alim nganteur Nunuy? Sing karunya atuh Kang! Kumaha lamun Nunuy uihna kawengian? “ Nunuy nyarita bangun nu ngahelas hayang dipikarunya. Bari narik napas panjang Maman neruskeun deui omonganana, leungeun nu sabeulah rumpu-rampa kana saku calana.
            “Duh,...kumahanya? Akang teh tadi hil...”omonganana kaburu ditempas ku Nunuy, bari ngadilakan bangun nu ogo pisan.
            “Oh,...Nunuy ngartos, Akang teu gaduh kanggo ngongkosan Nunuy, nya?” Maman ngan ukur ngabetem, gep, leungeun Maman dicekel,
            “Yu,..ah urang angkat bilih telat engke Bu Tuti alim ngabahas skripsi Nunuy deui geura. Masalah ongkos mah keun da Nunuy oge gaduh nu penting mah Akang kersa ngajajap Nunuy!” bari nungtun Maman, maranehna leumpang ngajugjug Delman nu geus nagog di sisi jalan. Kalacat duanana naek.
            “Mang ka Cimbuleuit, nya ! teu kedah ngetem, keun engke dibayar penuh ku Abdi, rada ngebut kudana, nya, Mang!” ceuk Nunuy mani murubut siga komandan keur mere intruksi ka bawahanana.
            Maman hatena mani guligah, keur mah ti anggalna hayang indit paduduaan jeung Nunuy teh asa mobok manggih gorowong, katambah naek Delman ngan paduduaan dibaturan ku kusir, keun bae ceuk pikirna da kusir mah panonna angger ka hareup. Asa dunya teh milik duaan, siga gegeden naek Delman duaan mah.
            Angin peuting mani nyelecep kacida tirisna, kawantu da Delman mah teu aya aling-aling nu ngahalangan, sabatae angin teh nebakan buuk si mojang nu galing muntang. Pikiran kumalayang kanu teu pararuguh, hate Maman ngocoblak  sorangan,
            “Geulis, Nunuy teh, seugnya mun jadi bebene! Nepika iraha atuh urang duaan teh sosobatan,...pok atuh Man, silaing nyarita, bogoh kitu ka Nunuy teh, ah...sieun, teu wani sieun ditampik. Kumahanya lamun ditampik atah-atah? Moal bisa deudeukeutan deui atuh, pasti hate bakal nyeri mun ditolakmah!” hate Maman gunem catur sorangan, batinna perang sabil. Lamunanna kagebahkeun, Maman ngagurubug basa cangkengna diciwit ku Nunuy,
            “Aduh...nyeri Nuy.!” Maman api-api muringis siga nu nyeri, kitu soteh pura-pura da dina hatena mah kacida atohna.
            “Aduh,...nyeri Kang” Nunuy nyarita bari ngalendotan siga nu sieun Maman kumaha onam.
            “Puguh wae atuh Nuy, tuh kulit Akang bisa dewol geura,! Kunaon teu pupuguh make sareng nyiwit sagala?” ceuk Maman bari neteup beungeut Nunuy nu ngadaun seureuh, dipasieup ku halis nu ngajiripit amis caueun.
            “Bongan atuh, ti tatadi bet ngalamun wae, siga teu iklas nganteur Nunuy teh Kang Maman mah! Sing berag atuh engke diciwit deui geura” bari nyarita kitu teh manehna ngarakepkeun dua ramona pikeun nyiwit Maman.
            “Sanes ngalamun, Nuy, tapi akang teh isin teu..” nyaritana kitu teh teu kebat bahamna kaburu ditungkup ku Nunuy.
            “Teu gaduh artos kanggo ongkos,nya. Awas lamun dicarioskeun deui Nunuy mah teu resep ah,!” bari nyarita kitu teh Nunuy ngagelehekeun sirahna kana taktak Maman.
            “Kusir teh siga nu surti sok sanajan Delman dititah ngebut ku anu tumpakna, tetep wae alon, sora talapok kuda mani tak-tik-tuk, marengan ratugna dua hate.
            Lamunan Maman beuki kumalayang kanu jauh, geus sabaraha kali manehna lamun diajak jalan-jalan, atawa pelesiran ku Nunuy sok keur teu boga duit. Sigana teuing sabaraha kali nyarita dompet tinggaleun di kamar ku sabab rusuh indit nyampeur Nunuy. Teuing sabaraha kali Nunuy kapaksa ngajual perhiasanana pikeun waragad ulin duaan, kusabab ditengah jalan Maman nyarita dompetna tinggaleun. Teuing sabaraha kali Nunuy kapaksa kudu ngabohongan nu jadi kolotna yen emasna leungit di cai.
            Maman ngarahuh mani panjang, ngaluarkeun bangbaluh hate anu beurat. Kahayangna gede leuwih gede ti batan gunung Manglayang hayang ngebrehkeun rasa kasukana ka Nunuy, tapi letahna katalian ku kaayaan dirina nu teu bisa nandingan kaayaan Nunuy.
            “Kang Nunuy mah tiris, angin teh dina Delman mah ageung, nya?” Nunuy ngaharewos beungeutna tanggah meh ampir adek. Maman ngan ukur ngabetem, basa leungeun Nunuy meulit kana cangkengna.

Kamis, 02 Agustus 2012

Asal-usul terbentuknya bahasa


A. Asal usus Bahasa
1.  Teori Tradisional
a.       Pooh-pooh Theory  ( Darwin; 1809 – 1882 )
Bahasa pertama muncul dari bentuk yang primitif, merupakan hasil dari ekspresi emosi saja.
b.      Dingdong Theory  ( Max Muller; 1823 – 1900 )
Bahasa lahir secara alamiah. Manusia memiliki insting yang istimewa untuk mengeluarkan ujaran bagi setiap kesan dari luar.
c.       Yo – he – ho  Theory 
Bahasa pertama lahir dari kegiatan sosial.
d.      Bow – wow Theory
Bahasa pertama lahir dari hasil tiruan bunyi.
e.       Gesture Theory
Bahasa lahir dari isyarat, dan ujaran mengikutinya.

B. Ciri-ciri pendekatan Tata bahasa Tradisional
a. Tidak ada pengenalan antara bahasa ujaran dan bahasa tulisan
            a).  A grammar of language is a book written about it.
                 Tata bahasa suatu bahasa adalah buku yang ditulis dari bahasa itu sendiri.

b).  The grammar of language is found only in the written language spoken language have no grammar or at least fluctuate so much that they are only partially grammatical.
      Tata bahasa suatu bahasa hanya ditentukan dalam bahasa tulisan. Bahasan ucapan tidak memiliki tata bahasa atau setidaknya begitu banyak campur aduk hingga sebagaian saja yang memiliki tata bahasa.
c).  Some languages have grammar, other do not.
      Beberapa bahasa pada umumnya memiliki tata bahasa, tetapi ada beberapa yang tidak memiliki tata bahasa.

b.  Tata bahasa tradisional selalu menghakimi penggunaan bahasa dengan vonis benar salah.
      Dalam tata bahasa tradisional diberlakukan hukum-hukum normatif ( prescriptive grammar) berdasarkan selera dari tatabahasawan tradisional.
c.   Tata bahasa tradisional lebih mengutamakan penggunaan logika dalam memutuskan masalah kebahasaan.
d.   Tata bahasa tradisional cendrung lebih mempertahankan penemuan-penemuan terdahulu.
e.    Tata bahasa tradisional lebih menyukai pengkajian bahasa dari bahasa tertulis yaitu bahasa baku.
f.   Tata bahasa tradisional banyak melahirkan definisi-definisi yang mengaburkan.

Rabu, 18 Juli 2012

conto teks pidato


Conto biantara siswa di kelas
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Bapa guru anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya anu ku sim kuring dipikameumeut.
Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puja sinareng puji ka dzat Illahi Robbi, anu parantos nakdirkeun urang sadaya, tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu waktos anu sakieu mulyana. Mudah-mudahan Allah SWT tetep masihkeun pitulung sareng taufik-Na ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa nyuprih hikmah, padilah sinareng manfaat, tina ieu acara sareng pamaksadan.
Hadirin anu mulya, Alllah parantos ngagelarkeun makhlukna, tegesna umat manusa, kalayan rupi-rupi ras, bangsa, suku, sinareng golongan. Masing-masing ras, bangsa, sareng suku teh aya dipirang-pirang tempat sareng wilayah anu beda, ngagaduhan adat, budaya, bahasa sareng kabiasaan sewang-sewangan. Didawuhkeun dina kitab-Na, sadaya eta teh sangkan tiap-tiap bangsa, ras sareng suku teh silih kenal, silih hormat, jeung silih ajenan.
Litaarofu, kitu didawuhkeun dina Al-Qur’an!
Hadirin anu mulya, budaya anu tumuwuh di masing-masing bangsa sareng suku bangsa bangsa teh ngajenggelek jeung ngawujudna nyaeta dina basa, kasenian, pakean sareng adat kebiasaan sanesna. Sajaba ti eta, aya budaya anu langkung linuhung nyaeta budaya anu ngajenggelek dina wujud elmu pangaweruh, teknologi sareng anu sanesna.
Urang sadaya salaku warga hiji suku bangsa, nyaeta suku sunda, kawaris ku para karuhun, hiji budaya nyaeta budaya Sunda. Kakoncara budaya anu linuhung, anu rembeuy ku seni anu luhur ajenna, waditra anu dipikawanoh ku sakumna jalma saperti angklung, kacapi, sareng sajabina. Seni sora anu kakocap ka manca nagasa saperti seni degung, kawih sareng cianjuran, diwuwuh ku alam anu endah, hejo lembok sugih mukti, subur tutuwuhan, beunghar pepelakan, eta sadayana anugrah ti Allah SWT kanggeurang sadaya, seuweu siwi pajajaran.
Hadirin anu mulya, nya kawajiban urang sadaya ayeuna, nyaeta ngamumule, miara, ngajaga ngariksa sakumaha budaya warisan karuhun tea. Patarosanana kumaha carana urang ngajaga sinareng ngariksa budaya urang sunda?. Pamendak sim kuring mah, kahiji urang sadayasing rajin diajar, khususna tina rupi-rupi materi anu aya patalina sareng budaya sunda. Urang sing wanoh, sing kenal kana budaya sunda. Kadua, urang sing heman, sing nyaah kana budaya urang, kana basa sunda umpamana, urang kudu rancingeus bisi aya batur anu ngaruksak kana basa sunda, anu nyarita ku basa sunda tapi teu puguh alang ujurna, sunda lain malayu lain. Urangna sorangan deuih ulah mirucaan nyarita basa sunda bari teu kantenan undak usukna. Pon kitu deui kana kasenian asli sunda, aya paribasa jati kasilih ku junti. Degung, kawih kahihilapkeun da moho teuing kana dangdut elektunan.
Mudah-mudahan, ti ayeuna kapayun aya kereteg dina manah urang sadaya, hoyong ngamumule, ngajaga sinareng ngariksa budaya sunda, budaya urang sadaya, Amiin.
Sakitu anu ka sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina sadaya kakirangan sareng kalepatan.
Wabillahi Taufik Wal Hidayah
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Sabtu, 14 Juli 2012

HARTI KECAP


TATA MAKNA

 

Pengertian

Tata makna manrupa widang elmu basa anu maluruh   ngenaan harti kecap jeung parobahan harti kecap.  Harti kecap ngawengku;  (1) harti  leksikal,  (2) harti gramatikal, (3) harti denotatif, (4) harti konotatif, (5) harti sinonim, (6) harti antonim, (7) harti homonim, (8) harti hiponim, (9) harti poli semi.
Sedengkeun  parobahan hati kecap  ngawengku; (a) harti nu ngalegaan (generalisasi, (b) harti nu ngaheureutan (sfesipikasi), (c) harti nu ngaluhuran (ameliorasi), (d) harti  nu ngahandapan (peyorasi),  (e) harti nu matukeurkeun (sinestesia), jeung  (f) harti kecap an ngumpamakeun (asosiasi).
2.1. Harti Kecap
2.1.1.      Harti  Leksikal
Harti leksikal nya éta harti kecap an sarua jeung harti an aya dina kamus. Harti leksikal bisa oge disebut harti kecap an can make rarangken (imbuhan).  Conto:
            -hujan     =  cai an turun ti langit  (harti kamus)
-payung  = alat pikeun nahan panas panon poe atawa cai hujan
            -buku      = alat pikeun nulis atawa maca an dibendel
            conto kalimah:
a.       Mang Somad keur nandean cai hujan.
b.      Mang Udin keur ngomean payung.           
2.1.2.  Harti  Gramatikal
Harti gramatikal nya éta harti kecap an geus make rarangken.  Conto:
- kahujanan    =  hatina kakeunaan ku cai hujan
- papayung    =   pejabat atawa an nyekel jabatan
- payungan     =  make payung
Conto kalimah:
a.       Si Ibro keur ngiuhan dina tangkal waru, kusabab sieun kahujanan.
b.      Pa Ewon tos jadi papayung di kecamatan .
2.1.3.   Harti Denotatif
Harti denotataif nya éta harti kecap anu sabenerna. Conto:
-  meja               - korsi             -  baju
-  dahar              - hujan             - leungeun
2.1.4.   Harti  Konotatif
Harti konotatif  nya éta harti kecap injeuman (kias), atawa harti an teu sabenerna.
Conto:  - hujan cimata           - panjang leungeun             - meja hejo     
Conto  kalimah:
a.       Neng  Sinta hujan cimata basal indungna tilar dunya.
b.      Si Bogel mmah budakna panjang leungeun
c.        Koruptor teh  diadili dina meja hejo.
2.1.5.        Harti Sinonim
Harti sinonim, nya éta kecap anu ngabogaan harti sarua jeung kecap sejen.
Conto:           - baju = acuk                   - gede = badag                - beunghar = jegud
Conto dina paguneman:
            Aki       :  “Nini, ari ieu  baju  saha  mani alus kieu ?"
            Nini      :  “Oh… éta mah acuk  pa Lurah !"
            Aki       :  “beda  nya Nini, ari raksukan anu beunghar mah  mani sae kieu !"
2.1.6.   Harti antonim
Harti antonim  nya éta kecap anu hartina lalawanan jeung kecap sejen. Conto :
            -  jangkung  x   pendek -  pinter   x  bodo         -  hade  x  goreng
            conto  kalimah:      
a.       Lanceukna mah pinter, ari adina mah bodo.
b.      Pa Ubed mah jalma beunghar, ari Si Ibro mah jalma sangsara.
2.1.7.  Harti  homonim
Harti homonim, nya éta kecap anu tulisan jeung sora basana  (bunyi) sarua, tapi hartina teu sarua. Harti homonim dibagi dua, nya éta harti homograf jeung harti homofon.
2.1.7.1.  Harti  homograf
            Harti homograf, nya éta kecap anu tulisanana sarua, tapi hartina beda. Conto:
            - kaca   =  kaca                   - koneng   =  koneng            - buku  =buku
            kaca   = hartina lembaran tina buku (halaman)
            kaca    = hartina  barang anu pecah belah
            Conto kalimah:   a.  Pa Lurah nuju maca buku kaca 13
.                                       b. Sinta keur ngelapan kaca jandela .
            koneng    = anu hartina warna
            koneng   = anu hartina mangrupa 
            Conto  kalimah:    a.  Budak téh make baju koneng.
                                          b.  Bi Ijah keur ngarendos koneng dina coet.                      
2.1.7.2.  Harti homofon
            Harti homofon nya éta kecap anu sora basana sarua tapi hartina beda. Conto:
            - bang   x   bank               - rok   x   rock          - sangsi   x   sanksi
            Conto  kalimah:       a.  Bang Mandra pamaen sinetron.
                                             b. Juragan  Badrun angkat ka bank BNI
2.1.8.    Harti hifonim
            Harti hiponim, nya éta kecap anu  ngabogaan harti umum jeung harti husus.
a.       Harti umum,  nya éta harti kecap anu ngawengku harti sejen
b.      Hart husus, nya éta harti kecap anu kawengku ku harti umum, atawa bagian 
tina  harti umum.
                                                                              
  No.
                  Harti  umum
Harti   husus               

   1.     
  Sayuran                                                   
  Tomat, kentang, kangkung,
   2.     
   Lauk
   Gurame, lele, bandeng, nila,
   3.  
   Bangunan
    Saung, gedong, hotel, villa,
 4.        
   Kembang                                             
  Melati, ros, mawar, sedap malam
Conto kalimah:   1).  a.  Mang Somad  keur mawa sayuran ka pasar. (harti umum)
                                  b. Ceu Sari keur metikan kangkung di dapur. (harti husus)
                           2).   a.  Jakarta loba bangunan anu jujul ka langit. (harti umum)
                                   b. “ Mangga atuh linggih heula kasaung butut pa!”(harti husus)    
2.1.9.   Harti polisemi
            Harti polisemi, nya éta  harti kecap anu leuwih ti hiji, atawa harti kecap anu ngaragum harti kecap sejen.  Conto:
            Awewe   = - istri               
                               - parawan
                               - bikang            
Conto kalimah:   a. Istri  Pa Lurah nuju rapat di bale desa.
                            b. Hayam  bikang  Mang  Usup geus ngendog.

Evaluasi

Jawab  patalekan ieu di handap !
1.  Aki       = “ Kunaon nini nyekelan wae beuteung?”
     Nini      = “ Ieu, padaharan nini nyeri!”
     Dumasar kana paguneman diluhur, kecap anu ngabogaan harti leksikal nya éta:
      a. nyekelan        b. padaharan              c. kunaon              d. beuteung
2.  Kecap dina paguneman di luhur anu ngabogaan harti gramatikal, nya éta:
a. padaharan,         b. nini,           c. aki,          d. beuteung.
               ”Barang anjog ka Taman Topi, Si Ibro ngahuleng  bari luak lieuk susuganan aya anu wawuh. Manehna bingung teu nyaho jalan pibalikeun. Ari budak anu kurung batok mah karek sakalieun ulin ka kota oge bet ngarasa katalimeng…”
3.   Kecap anu ngabogaan harti konotatif  dina ungkara di luhur, nya éta:
      a. barang anjog , taman topi                  b. jalan pibalikeun, kurung batok
      c. katalimeng, ngahuleng                       d. taman topi, kurung batok
4.   “Prasasti Ciaruteun mangrupa  titinggal raja Purnawarman.”
Kecap Prasasti Ciaruteun  ngabogaan harti :
a. konotatif,        b. homonim,        c. denotatif,           d. polisemi.
5. “Budak téh jongjon wae tuang , teu ningalieun sangu anu dihuapkeunana maruragan  dilodokan ku entog.”
      Kecap  dilodokan, dina kalimah di luhur, ngabogaan harti sinonim nya éta:
      a. tuang,          b. neda,                c. dahar,            d. nyatu.
6.  “Si Juned mah kawentar jalma malarat.” Kecap  antonim tina kecap malarat nya eta :
      a. sangsara,       b. beunghar,        c.  miskin,          d.  teu  boga
7.   Pilih kalimah ieu di handap anu ngabogan harti homofon !
  1. Bang Kasman bandar hayam.
  2. Bi Sumi keur  ngarendos koneng ,  pikeun nyangu koneng.
  3. Kuring  mah sangsi  budak anu bolos dibere sanksi ku kapala sakola.
  4. Bang Miun keur ngelapan kaca.
   “  (1) Mangga wae  gera tuang heula Pa !  (2) Abdi mah parantos neda. (3) Upami teu kaabotan  abdi mah bade neda   piduana ti Bapa!  (4) Ah, bapa mah moal dahar, keur teu ngarareunah padaharan…”
8.   Ungkara di luhur, anu kecapna ngabogaan harti homograf, nya éta
  a.  kalimah ka-1 jeung ka-2              b. kalimah ka-2 jeung ka –3
  c. kalimah ka –3 jeung ka-4             d. kalimah a-4 jeungka-1                                                         
9.    Pilih kecap ieu di handap anu mangrupa  kecap umum !
        a. melati,        b. ros,         c. lele,         d.  tatangkalan. 
10. Isuk-isuk keneh jalma-jalma geus minuhan  sisi Situ Gede, aya anu mawa ayakan,
       sirib, heurap, kecrik  jeung alat sejena anu bisa pake ngala lauk. Beunteur, sepat,  
       bogo, lele jeung sajabana.  Kecap husus dina ungkara kasebut, nya éta:
       a. lauk,     b. Situ Gede,  c.  mawa,     d. heurap.

2.2.   Parobahan Harti Kecap

2.2.1.   Harti kecap anu Ngalegaan (generalisassi)
            Harti kecap anu ngalegaan nya éta harti kecap anu dipake kiwari ambahanana leuwih lega tibatan harti kecap anu dipake ayeuna.  Conto :
             -  bapa    = kecap bapa  bareto mah dipake pikeun sesebutan anak ka kolot     lalakina  ayeuna mah dipake pikan kasakumna jalma anu dipikahormat. Misalna , bapa lurah, bapa presiden, bapa RT, jsb.
            -   ibu         = kecap ibu bareto mah dipake pikeun sesebutan  ti hiji anak ka indungna, tapi ayeuna dipake sesebutan pikeun unggal jalma awewe anu dipika hormat. Misalna; ibu RT, ibu guru, ibu PKK, ibu lurah, jsb.     
           -   saderek  = kecap saderek baheula mah dipake pikeun sesebutan kanu jadi dulur, ayeuna dipake sesebutan pikeun kasakabeh jalma anu dipihormat. Misalna  saderek RT,
conto kecap sejena  nu hartina ngalegaan nya éta; teteh,aa,  jsb.
Conto kalimah: 1) a. Bapa Si Ewon bandar hayam. (harti heubeul)
                              b. “Ari bapa lurah aya?” ceuk pa RT   (harti nu ngalegaan)
                          2) a. Pun Biang mah saderekna urang Bandung. (harti heubeul)
                              b. “Saderek téh bade kasaha?  (harti generalisasi)
  2.2.2.   Harti Kecap anu Ngaheureutan (spesifikasi)
            Harti kecap anu ngaheureutan nyak éta harti kecap anu dipake ayeuna leuwih heureut ambahanana tibatan harti kecap anu dipakae baheula. Conto :
-  sarjana      =  kecap sarjana baheula mah dipake sesbutan pikeun sakabeh jalma anu pinter/ ngabogaan kaahlian leuwih ti jalma sejen disebut sarjana, tapi ayeuna mah kecap sarjana téh ngan dipake sesebutan pikeun ka jalma anu lulus ti perguruan tinggi. Misalna  sarjana ekonomi, sarjana pertanian, jsb.
-  guru            =  kecap guru baheula mah dipake pikeun sakabeh jalma anu ngajarkeun  elm  ka anu sejen, disebut guru. Kecap guru ayeuna mah ngan dipake pikeun jalma anu ngajar di sakola wungkul. Misalna guru basa Sunda, guru matematika, guru SD, guru olah raga, jsb.  
Conto kecap anu ngaheureutan sejenna di antarana; kitab, siswa, murid, ulama, santri, ustad, pesantren, madrasah, kiai, gelas,  jsb.
Conto kalimah:  1) a. Si Joni Uhe sarjana ekonomi lulusan
                               b. Pa Maman guru basa Indonesia.
2.2.3.   Harti Kecap anu  Ngaluhuran (ameliorasi)
Harti kecap anu ngaluhuran nya éta harti kecap anu dipake ayeuna ajenna (nilai rasana) leuwih luhur tibatan harti kecap anu dipake baheula. Conto :
- tenteu,  = ajenna leuwih luhur tibatan kecap bibi
- om       =  ajenna leuwih luhur ti batan kecap  mamang    
- istri      =  ajenna leuwih luhur ti batan kecap  pamajikan
            Conto kecap  anu ngaluhuran sejenna, di antarana;
            - opah   > aki                  -  omah > nini              - bujang   >  jajaka/pamuda
            - parawan  >  gadis         -  wanoja  >  bikang     - asisten  >  pembantu
            - tuna wisma  > gelandangan                               - karyawan  >  kuli
Conto kalimah:    a.  Tanteu  Rina  nuju balanja di supermaket.  (ameliorasi)
                       b. “ Bibi cing pang nyandakeun cai ieu aya tamu” ceuk dununganana.                              (harti  peyorasi)
c.  Bibi Si Jantuk  imahna di Jakarta. (harti asal)                                                            
2.2.4.   Harti Kecap anu Ngahandapan  ( peyorasi)
            Harti kecap anu ngahandapan, nya éta harti kecap anu dipake ayeuna ajenna atawa nilai rasana leuwih handap ti batan baheula. Conto :
- kecap  bibi   = baheula mah dipake sesebutan pikeun ka adi bapa/indung anu        
                                      awewe, ayeuna mah kecap bibi téh dipake sesebutan pikeun ka babu (pembentu) atawa anu status sosialna handap; bibi sayur, bibi jamu , jsb.
- mamang       =  kecap mamang baheula mah dipake sesebutan pikeun ka adi  
                                    lalaki bapa/ indung, ayeuna mah kecap mamang téh dipake sesebutan  pikeun anu setatus sosialna handao. Misalna; mamang beca, mamang baso, jsb.
Conto kecap sejenna anu nilai rasana nganhandapan, di antarana; bikang, parawan, propokator, gelandangan, lolong, budeg, jsb.
Conto kalimah: a.  Si Bibi tukang bala-bala anu disuhun ka tabrak beca. (peyorasi)
                          b.  Pun Bibi mah didamelna di Bank BNI. (harti nu sabenerna)
2.2.5.   Harti Kecap anu Ngumpamakeun (asosiasi)
            Harti kecap anu ngumpamakeun , nya éta harti kecap anu diumpamakeun jeung harti kecap anu ngabogaan sifat anu saraua jeung hiji barang.  Conto:
            -  amplop                             = duit sogokan
            -  korsi baseuh                      = pagawean anu genah , jsb.
Conto kalimah: a. Jang Eman ari make amplop mah teu burung wae lulus ujian.
                          b. Persib Maung Bandung jadi juara liga Danhill.
                          c. Ari make sabun mah teu burung jadi pegawe negeri.
2.2.6.   Harti Kecap anu Matukeurkeun (sinestesia)
            Harti kecap peyorasi nya éta harti kecap anu muncul balukar  patukeurna panca indra. Umpamana indra pangdenge jadi indra pangrasa. Conto:
1.      a. Neng Sinta mah ari dangdos téh mani manis. (sinestesia)
b. Rambutan aceh mah rasana mani manis. (harti sabenerna)
2.      a.  Juragan Ubed nyariosna mani teuas, basa nyarekan bujangna. (sinestesia}
b.Tangkal tiwu téh mani teuas ari geus kolot mah. (harti sabenerna)
EVALUASI
Jawab patalekan ieu di handap !
1. Pilih kalimah di handap ieu anu hartina ngalegaan!
    a.  “Pa, ari ibu kamana ?” Ceuk Sinta nanyakeun indungna
    b. ”Geura tuang heula atuh bapa!” ceuk Raras ka bapana.
    c.  “Ari Bapa Camat nyondong kitu  Neng ?” ceuk Mang Udin.
    d.  Pun bapa mah nuju angkat ka Jakarta
 Titenan  paguneman ieu di handap !
      1).  Aki           :  “Ulah gutak gitek wae nini, diuk téh teu sopan, era ku pa guru!”
      2).  Nini          :  “ih… ari si aki sok bawel!”
      3).   Sinta        :   “jep, atuh jempe isin tuh ku Tanteu Susi, ningali wae ka dieu!”
      4).  Guru         :   “ Keun bae atuh, “ (tembalna, sarta pok nyarita deui)
                                  “ Bi Ijah…nyandak cai yeuh kadieu, aya tamu geura suguhan!”
2. Dumasar kana ungkara di luhur, kalimah anu kecapna ngandung harti peyorasi, nyaeta :
      a. no. 1                       b. no. 2                            c. no. 3                             d. no. 4
3. Kalimah anu kecapna ngabogaan harti spesifikasi dina paguneman di luhur, nyaeta:
     a. no. 1                        b. no. 2                            c. no. 3                             d. no. 4
4. Kecap anu hartina ngaluhuran dina paguneman di luhur, di antarana:
    a. Bi Ijah,             b.  Tanteu,                c. guru,           d. nini.
Tengetan ungkara basa ieu di handap!
                 “Gunung Salak ari wanci isuk-isuk mah ngajogo diharudum ku halimun, estu ku matak waas. Hal kitu téh komo deu lamun disawangna ti kadeukeutan bruhbreh pamandangan mani endah. Angin gunung ngahiliwir kacida pisan ngeunahna. Sakapeung  mah dipirig ku sora manuk  mani hipu jeung manis pisan kadengena…”
5. Kecap dina paragraf di luhur, anu ngandung harti sinestesia, aya dina kalimah …
     a. ka-1 jeung ka-2                                     b. ka-2 jeung ka-3
     c. ka-3 jeung ka-4                                     d. ka-1 jeung ka-4
6. Kecap dina paragraf di luhur anu ngabogaan harti sinestesia, di antarana:
    a. diharudum ku halimun,                            b. pamandangan mani endah
    c. angin gunung ngahiliwir,                          c.sora manuk mani hipu jeung manis.
7. “Para anggota DPR keur nembongkeun sihungna dina sidang paripurna.” Kecap    sihung  dina kalimah di luhur, ngabogaan harti, nya éta:
     a. huntu anu seukeut,             b. duit,          c. kakawasaan        d. senjata.
8.  “Ari make amplop mah teu burung budak téh lulus ujianana!” kecap amplop ngandung harti;  a. sinestesia,      b. asosiasi,       c. peyorasi,     d. ameliorasi.
9.  “Robet Uhe jadi asisten pelatih  sepak bola kesebelasan Italia.” Kecap asisten ngabogaan harti : a. asosiasi,       b. spesifikasi,     c. peyorasi,    d. ameliorasi.
10. Pilih kalimah di handap ieu anu hartina ngalegaan!
      a. Tanteu Erna tukang bala-bala keliling ka tabrak beca.
      b. Pun Bibi mah kawitna ti Bogor.         
      c.  Para santri keur ngaji di pasantren Kiai  Adullah Mustofa.
      d.  “Punten bade tumaros, ari anu bade nikah téh Teteh kitu?”  ceuk pa lebe